materi basa sunda bewara

3
BEWARA Bewara (ind. Pengumuman) sarua jeung beja, wawaran, atawa embaran anu ditepikeun ku salah saurang jalma ka jalma loba. Tujuanana sangkan nu dibere beja teh apal kana naon-naon anu ditepikeun. Bewara oge bisa disebut iklan, tapi anu disebutkeun iklan mah miboga ciri-ciri sejen nu leuwih husus, lantaran tujuanana sangkan leuwih bisa mincut hate batur, bisa ku caranepikeunana kaleuleuwihi (bombastis), sarta sifatna mangaruhan (persuasif). Ciri-ciri bewara Judul bewara; Aya jejer anu dibewarakeun; Aya eusi anu dibewarakeun, ngawengku ngaran kagiatan atawa barang anu dibewerakeun, tempat jeung waktu kagiatan, tujuan bewara. Ciri-ciri IKLAN Aya judul iklan; Aya jejer anu diiklankeun; Kalimahna parondok; Kecap-kecap anu dipake leuwih jentre hartina; Sifatna mangaruhan (persuasif) Conto Bewara Innalillahi wainnalilahi roji’un Simpay pangasuh Kujang Ngiring sungkawa ku ngantun na Bapa R.H.M. Sobri Hardjapamekas (salah sawios sesepuh Sunda, yuswa 92 tahun) Mugi ditampi iman Islamna. Amin Pamingpin Umum Drs.H. UU Rukmanana, M. S Béwara Pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Ciamis, mimiti seméster kadua, kagiatan ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian, aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi. Latihan jurnalistik diaksanakeun saminggu dua kali. Waktuna

Upload: daniel-bear

Post on 31-Dec-2015

2.618 views

Category:

Documents


15 download

TRANSCRIPT

Page 1: Materi Basa Sunda BEWARA

BEWARA

Bewara (ind. Pengumuman) sarua jeung beja, wawaran, atawa embaran anu ditepikeun ku salah saurang jalma ka jalma loba. Tujuanana sangkan nu dibere beja teh apal kana naon-naon anu ditepikeun.Bewara oge bisa disebut iklan, tapi anu disebutkeun iklan mah miboga ciri-ciri sejen nu leuwih husus, lantaran tujuanana sangkan leuwih bisa mincut hate batur, bisa ku caranepikeunana kaleuleuwihi (bombastis), sarta sifatna mangaruhan (persuasif).

Ciri-ciri bewaraJudul bewara;Aya jejer anu dibewarakeun;Aya eusi anu dibewarakeun, ngawengku ngaran kagiatan atawa barang anu dibewerakeun, tempat jeung waktu kagiatan, tujuan bewara.

Ciri-ciri IKLANAya judul iklan;Aya jejer anu diiklankeun;Kalimahna parondok;Kecap-kecap anu dipake leuwih jentre hartina;Sifatna mangaruhan (persuasif)

Conto Bewara

Innalillahi wainnalilahi roji’unSimpay pangasuh Kujang

Ngiring sungkawa ku ngantun na

Bapa R.H.M. Sobri Hardjapamekas(salah sawios sesepuh Sunda, yuswa 92 tahun)

Mugi ditampi iman Islamna. Amin

Pamingpin Umum

Drs.H. UU Rukmanana, M. S

Béwara

Pikeun para siswa-siswi SMA Negeri 2 Ciamis, mimiti seméster kadua, kagiatan

ékstrakurikulér di sakola bakal nambahan. Lian ti kagiatan olahraga jeung kasenian,

aya deui nya éta latihan jurnalistik jeung diskusi. Latihan jurnalistik diaksanakeun

saminggu dua kali. Waktuna Senén jeung Kemis. Masing-masing dua jam. Tabuh

08.00 nepi ka 10.00 WIB, pikeun siswa-siswa kelas X. Tabuh 14.30 nepi ka 16.30

WIB, keur siswa- siswi kelas XI jeung XII.

Page 2: Materi Basa Sunda BEWARA

Iklan basa sunda

Sampurasun..Bewara..

Dina Raraga Mapag Hari Bahasa Indung Sadunya 21 Februari 2011Dinas Pariwisata dan Kebudayaan Jawa Barat gawe bareng Bandung TV

Ngagelar Kagiatan Taunan.

Lomba Presenter dina Bahasa Sunda 2011Kategori Rumaja katut Dewasa

Dilaksanakeun:Babak Penyisihan Tanggal 21 Februari 2011

Babak Final Tanggal 24 Februari 2011Di Bandung TV

Syarat Patandang:- Jajaka atawa Wanoja

- Umur :o Kategori Rumaja 16 d.k 18 Tauno Kategori Dewasa 19 d.k 26 Taun

- Bisa basa Sunda- Jembar Pangaweruh

Daftar ka Studio Bandung TV,JI. Pacuan Kuda Arcamanik No. 63 Bandung Telp. 022-7213862

ti Kaping 1 d.k 19 Februari 2011bari masrahkeun:

1. Fotokopi KTP/ Kartu Pelajarf Kartu Mahasiswa2. Waragad Rp 50.000,- (kanggo piagem, snack, katut merchendise)

3. Foto close up 4R salambar

Juara I, II & III baris dileler hadiah Artos, Tropi, katut Piagemsarta aya lolongkrang pikeun dikontrak jadi presenter ku Bandung TV

Geura daftar ti ayeuna.."Basa Sunda Basa Urang Sarerea"

Hurip Sunda!

Contact Person: Mugi (022-91167814) & Elby (022-9279525)

Page 3: Materi Basa Sunda BEWARA