kumpulan lirik lagu sunda

15
1. Kirapedes Burangrang sarakan tanah pusaka Cilamaya jadi ciri tabiri Ngagurat ngawates 2 nagri Subang Purwakarta Endah asri sarakan nu kapiati Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi Nagawe rancage sauyunan babareungan Didinya Kiarapedes Cumarita nyandang tugas gandang Wibawa karta raharja Ngawangun pikeun Purwakarta Didinya Kiarapedes Sukjarela ngabdi kanagara Wibawa karta raharja Digjaya Purawakarta

Upload: masdar-dhoank

Post on 23-Dec-2015

191 views

Category:

Documents


35 download

DESCRIPTION

Kumpulan Lirik Lagu Sunda Easymedia

TRANSCRIPT

Page 1: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

1. Kirapedes

Burangrang sarakan tanah pusaka

Cilamaya jadi ciri tabiri

Ngagurat ngawates 2 nagri

Subang Purwakarta

Endah asri sarakan nu kapiati

Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi

Nagawe rancage sauyunan babareungan

Didinya Kiarapedes

Cumarita nyandang tugas gandang

Wibawa karta raharja

Ngawangun pikeun Purwakarta

Didinya Kiarapedes

Sukjarela ngabdi kanagara

Wibawa karta raharja

Digjaya Purawakarta

Page 2: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

2. Sabilulungan

Sabilulungan dasar gotong royong

Sabilulungan sifat silih rojong

Sabilulungan genteng ulah potong

Sabilulungan persatuan tembong

Tohaga, rohaka

tegus tanggoh pembawa sabilulungan

Sadia, sajiwa

Sengut singkil ngabasmi pasalingsingan

Page 3: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

3. Sapu nyere pegat simpai

Ririungan urang karumpul

meumpeung deukeut hayu rang sosonoan

Macangkrama bari ngawadul

urang silih tempas silih eledan

Moal lila jeung babaturan

hiji wanci anu geus ditangtukeun

Bakal pisah bakal pajauh

bakal mapohokeun katineung urang

Sapu nyerepegat simpai

bakal kasorang takdir

ti Gusti Hyang Widi

pasti kalakon

Urang rek papisah

urang rek pajauh

meumpeung deu keut

hayu rang sosonoan

Page 4: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

4. Panon hideng

Panon hideng

Pipi koneng

Irung mancung

Putri Bandung

Putri saha dimana bumina

Abdi resep ka anjeuna

Siang weungi kaimpi- impi

Hate abdi sararedih

Teu emut dahar

Teu emut nginum

Emut kanu geuils

Panon hideng

Page 5: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

5. Lemah cai

Lemah cai kuring

Nagri endah asri

Sugguh cacah jiwa

Bahan lubak libuk

Simkuring tresna miwah nyaah

Lemah cai Indonesia

Kuring suka kluring betah

Indonesia gemah ripah

Page 6: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

6. Karatagan pahlawan

Teu honcewang sumurewang

Tekadna pahlawan bangsa

Cadu mundur pantrang mulang

Mun maksadna can laksana

Berjuang keur lemah cai

Lari rabi tur tegang pati

Taya basa menta pamulang tarima

Rido keur korban merdeka

Page 7: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

7. Burangrang

Burangrang sarakan tanah pusaka

Cilamaya jadi ciri tipihari

Ngagurat ngawates du nagri

Subang Purwakarta

Endah asri sarakan nu kapiati

Gunung geulis Cipanas ngajadi saksi

Nagawe rancage sauyunan babareungan

Didinya Kiarapedes

Cumarita nyandang tugas gandang

Wibawa karta raharja

Ngawangun pikeun Purwakarta

Page 8: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

8. Bubuy bulan

Bubuy bulan

Bubuy bulan sangray bentang

Panon poe

Panon poe disasate

Unggal bulan, unggal bulan

Unggal bulan abdi teang

Unggal poe,unggal poe

Unggal poe oge hade

Situ Ciburuy

laukna hese dipancing

Nyeredet hate

Ningali ngeplak caina

Duh eta saha nu ngalangkung

unggal enjing

Nyeredet hate

Ningali sorot socana

Page 9: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

9. Maskumambang

Itu kusir bangun umbak ambek teuing

Turun tina delman

Kuda dipecut tarik

Teu aya pisan ras rasan

Teu ngarasakeun bong kana sato laip

Page 10: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

10. Padahal mogokna

Lantaran geus cape teuing

Hayang ngaso eureun heula

Coba lamun aya nungarangket kusir

Geus tangtu karasa

Nyeri moal salah deui salah deui

Sato ge kita sarua

Page 11: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

11. Laut kidul

laut kidul kabeh katinggali

Ngebat paul kawas dina gambar

Ari ret kaleubah kaler batawi ngarungkunuk

Laut namah teu katingali

Ukur lebah lebahna

Semu- semu biru

Ari ret kalebah wetan

Gunung gede kawas nu ngajakan balik

Meh bae kapiuhan

Page 12: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

12. Hibur layung

Panon poe rek pamitan

Layungna beureum jeung koneng

Hurung nngemur semu ruhay

Matak resep nu ningali

Bangunna warna warni

Siga sato siga manuk

Sawareh sisiakan

Jeung paul paselang seling

Siga ombak lautan sagara emas

Page 13: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

13. Kinanti

Saweh kalah murungkut

Kawantu meujeuhna tiris

Tapi nugeus biasamah

Ngorejat teurus ka cai

Siuen kaberangan solat

Pancen ti gusti yang widi

Subuh- subuh rea mahluk

Nu ngarasa bungah ati

Lain bae sipat jalma

Sato hewan kitu deui

Manuk ricit dina tangkal

Hayam kongkorongok tarik

Page 14: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

14. Kembang Ros

Kembang ros kumatak lucu

Nya alus rupa nya seungit

Heunteu aya papadana

Ratuning kembang sajati

Papaes ti patamanan

Seungit mani ngadalingding

Page 15: Kumpulan Lirik Lagu Sunda

15. Asmarandana

Manggih hakaneun saeutik

Dibikeun ka anak heula

Kajeun manehna mah engke

Sieun anak kalaparan

Eta di sato hewan

Jalma mah leuwih ti kitu

Nyaah asihna ka anak

Mun anak dipareung geuring

Kurang sare kurang dahar

Jaba tatamba ka doktor

Henteu ngitung karugian

Asal anak waluya

Ti keur leuutik terus – terusan

Nepi ka anak sawawa