kumpulan contoh sisindiran bahasa sunda
TRANSCRIPT
KATA panganteur
Sampurasun .. Puji syukur anu nulis panjatkeun ka hadirat Allah S.W.T. yen nu
nulis tos ngaberes keun ieu pancen pangajaran Basa Sunda kalayan ngeunaan ‘pembukuan’ Sisindiran.
Dina nyusun pancen ieu, henteu sakedik tahanan anu nu nulis sanghareupan tapi nu nulis nyadar yen kalancaran dina nyusun pancen ieu henteu sejen berkat bantuan, dorongan sarta bimbingan ti sepuh, ku kituna halang – halang anu nulis sanghareupan katungkulan. Ku alatan eta nu nulis ngedalkeun hatur nuhun ka :
Bapak Guru widang studi Basa Sunda anu tos masihan pancen, patunjuk, ku kituna nu nulis kamotivasi sarta ngaabereskeun pancen ieu.
Sepuh anu geus turut mantuan, ngabimbing sarta nungkulan sagala rupa kasulitan ku kituna tugas biantara ieu rengse.
Sarta rerencangan kelas X IPA 4 anu tos kompak yen ngerjaken ieu pancen Sisindiran.
Mugi-mugi materi ieu tiasa masihan mangpaat sarta jadi sumbangan pamikiran pikeun pihak anu merlukeun, hususna pikeun nu nulis ku kituna tujuan anu diharepkeun bisa kahontal, Amin.
Hapunten bilih aya kalepatan dina panulisan, nu nulis nyadar yen pancen ieu teh masih langkung tina kata sempurna.Hatur nuhun..
Sumedang, 3 April 2014
Nu Nyusun
1
DAFTAR ISIKATA PENGANTAR..........................................................................DAFTAR ISI.....................................................................................
SISINDIRAN Kenging : Afni Nurfitriani .............................SISINDIRAN Kenging : Aghnia Ilma......................................
SISINDIRAN Kenging : Anastasia M.w................................
SISINDIRAN Kenging : Anna Andriani.................................SISINDIRAN Kenging : Bagus Tulus A................................
SISINDIRAN Kenging : Berliana Angelina...............SISINDIRAN Kenging : Cecep Taryana............................
SISINDIRAN Kenging : Chaidir Ilham E.M.....................
SISINDIRAN Kenging : Christine L.S..................................
SISINDIRAN Kenging : Cinta Paramita.............................
SISINDIRAN Kenging : Dadan Nurfalah F..............SISINDIRAN Kenging : Farhan Nurul A............................
SISINDIRAN Kenging : Fuzi Febria R.................................
SISINDIRAN Kenging : Ghina Nurqori A.........................
SISINDIRAN Kenging : Hanna Nolia R..............................
SISINDIRAN Kenging : Kevin P.C.S.G................................
SISINDIRAN Kenging : Maulidina K.N...............................
2
SISINDIRAN Kenging : Mia Farida........................................
SISINDIRAN Kenging : Nanda Indira P.............................
SISINDIRAN Kenging : Neng Aghistina............................
SISINDIRAN Kenging : Nizal Sutiawan.............................
SISINDIRAN Kenging : Reynaldi Daniel..........................SISINDIRAN Kenging : Rika Yulyanti D...........................
SISINDIRAN Kenging : Rinetta Putri M.............................
SISINDIRAN Kenging : Riri Rianti.........................................SISINDIRAN Kenging : Risa Ayu Anjani...........................SISINDIRAN Kenging : Sagitha Mahasi ..........................SISINDIRAN Kenging : Salimah Husna A.......................
SISINDIRAN Kenging : Samreddhi M.M...........................
SISINDIRAN Kenging : Shainne Safitri.............................SISINDIRAN Kenging : Silvia Istimerianti.......................SISINDIRAN Kenging : Siti Riana ........................................SISINDIRAN Kenging : Syifa Ayu W ..................................SISINDIRAN Kenging : Syifa Sahaliya...............................
SISINDIRAN Kenging : Talitha Zhafirah..........................
SISINDIRAN Kenging : Tatan Hidayat...................SISINDIRAN Kenging : Taufiq Nur Ilmi.............................SISINDIRAN Kenging : Zaki Abdul H..................................editor ..........................................................................................
3
4
SISINDIRANKenging : Afni Nurfitriani
5
Rarakitan Piwuruk
Lamun meuli oleh- olehKudu meuli di si YanaLamun hayang solehah Kudu rajin ibadahna
Asmara Hayang namah ka imahnaAnu deuket ka kebon tehHayang namah ka manehnaAnu jago futsal na teh
Banyol Ti jauh mah aya si asep Puguh mah eta si bueukTi jauh mah meni kasepPuguh mah meni bucitreuk
Paparikan Piwuruk
Beurang – beurang meni cengharTuluy indit ka si NinaLamun hayang jadi beunghar Kudu getol usahana
AsmaraSi Nana keur jeung si Anggih Geus lari nyareri tuurSanajan jarang papagihHate mah moal ka batur
Banyol Aya masjid meni kokoh Digigirna loba tututDasar budak meni atohPira make sendal butut
Wawangsalan 1. Di eusianana ku cai
Tuluy di tiupna ku balonWangsalna = balong
2. Hirupna teh dinu tanehGawena teu daek cicingWangsalna = cacing
3. Bisana ngan ditincakkanNgaranna teh si EndalWangsalna = seundal
6
SISINDIRANKenging : Aghnia Ilma
Paparikan Banyol
Di masjid keur nakol kohkolDicarek ku uwa haji Dasar bu atah adolDahar lima ngaku hiji
Piwuruk Sapuluh dibagi lima Sesa dua ku si ela Mun hayang jadi jelema Kuduna getol sakola
Silih Asih Hayang buku jeung pulpenna Melina ka toko buku Hayang dekeut jeung manehnaHanjakal kabogoh batur
Rarakitan Banyol
Nyi emeh teh dagang petis Hanjakal sok di tahuan Nyi emeh geus jadi artis Hanjakal osok lehoan
Piwuruk Jalma ulah sok doraka Geus pasti asup naraka Jalma hade ka sasama Geus pasti loba sobatna
Silih Asih Mun rambutan geus maruragBuru cokot hiji – hiji Mun salah kuring hampura Buru keun silaturahmi
Wawangsalan 1. Sok dipake ku wanoja
Abah balik mawa kadal Wangsalna = Sendal
2. Alat ngomong jarak jauh Kuring jajan goring tempe Wangsalna = hape
3. Sok di bawa ka sakola Nu make ngarana entongWangsalna = kantong
7
SISINDIRANKenging : Anastasia Mutia W
Rarakitan PiwurukTong meulian wae antingBisi disangka aweweTong kaluar wae peutingBisi aya kalong wewe AsmaraHayangna numpak karetaKanu mobil aya bataHayang so teh ka si etaKanu sejen henteu cinta BanyolMajar maneh meuli busaSihoreng teh meuli kacaMajar maneh gadis desaSihoreng teh tukang beca
Paparikan PiwurukMending tong di engke-engkeBisi engke jadi pohoGuna pisan jaga engkeLamun urang serba nyaho AsmaraKa sakola jeung si aweKarek datang dibubarkeunNyeri hate ku aweweTadi isuk diputuskeun BanyolTadi mah ti imah akiMaksudna rek mawa panciNgakuna jiga lalakiSihoreng teh gening banci
Wawangsalan1. Teu puguh leueurna
Teu puguh buntutnaWangsalna = belut
2. Abdi leutik jiga korongMun ditingali batur pasti dipikageleuhWangsalna = cileuh
3. Jukut jangkungMun kabeset peurihWangsalna = eurih
8
SISINDIRANKenging : Anna Andriani
Rarakitan Piwuruk
Lamun dayang dahar nogaKudu daek nya melinaLamun hayang asup sorgaKudu getol nya solatna
Silih Asih Hayang teuing buah hiris Teu bisa ngasakannanaHayang teuing kanu geulisTeu bisa ngakalan nana
BanyolItu saha nungtum mundingTambangna awut-awutanItu saha nu rek ngisingLempangna abrut-abrutan
Paparikan Piwuruk
Aya lumut dina batuAya kuya di muara Sing emut kanu waktu Di dunya urang ngumbara
Silih AsihSamping batik juru tujuhCarecet juru salaweLamun nampik masing puguhUlah matak nyeri hate
Banyol Boboko ayakan leutikSiki cabe di awur keunBobogohan ti leuleutikGeus gede di kabatur keun
Wawangsalan1. Jukut jangkung pipir gunung
Nyeredet hate asa peurihWangsalna = eurih
2. Sangu ketan di gulaanDi dahar ku si jarjitWangsalna = wajit
3. Kain panjang paragi ngaisAki-aki huntuna ompongWangsalna = karembong
9
SISINDIRANKenging : Bagus Tulus Ahadi
Rarakitan Piwuruk
Kamana jalan ka toga Kaditu ka palih wetan Kamana jalan ka sorga Kaditu ka pangaosan
Banyol Aya budak mawa petasan Ngan hanjakal teu di beuliAya budak geulis pisan Ngan hanjakal tara mandi
AsmaraBatur mah ka marga cinta Kuring mah ka nagrak bae Batur mah dipikacinta Kuring mah ditolak bae
Paparikan Piwuruk
Aya mobil warna silverMobilna keur ngala pare Lamun maneh hayang pinterUlah loba teuing sare
BanyolCikaracak ninggang batuLila lila jadi legok Tai cakcak ninggang huntu Laun launnya di lebok
Asmara Malati kembang malati Dipelakan dina batu Upami hoyong ka abdiDongkap wae ka my ambu
Wawangsalan1. Bulu panon wates taar
Itu nyai meuni geulisWangsalna = Halis
2. Bibika tipung tariguKu engkang tacan kaharti Wangsalna = Roti
3. Kokotor saluar awakDa sanes rek hiri dengki Wangsalna = Daki
10
SISINDIRANKenging : Berliana Angelina
Paparikan Piwuruk
Meuli cabe ka mang mamat Balikna nyimpang ka emaUrang kudu getol shalatShalat wajib anu lima
Asmara /silih asihJalan-jalan ka astanaDi jalan aya si nanaLamun bogoh ka anjeunnaKudu bageur ka adina
BanyolNgajak ulin ka si asepUlin di imah si linaAya budak anu kasepHanjakal gede korongna
Rarakitan Piwuruk
Lamun urang meuli printerKudu getol dipakenaLamun urang haying pinterKudu getol diajarna
Asmara / silih asihLamun aya gunung geulisUrang hayang ka luhurnaLamun aya anu geulisUrang hayang ka anjeunna
BanyolAya budak keur di cadasKatempona ku mang eengAya budak meuni bodasKatempona dina seeng
Wawangsalan1. Ngahiliwir bau pedut
Disadana tut-tutanWangsalna = hitut
2. Artis sunda buuk beureumNu resep dahar jeung guleWangsalna = sule
3. Bumi eundeur ngageumpeurkeunSi lina gogorowokanWangsalna = lini
11
SISINDIRANKenging : Cecep Taryana
Rarakitan Piwuruk
Lamun urang meli uyahUlah poho meli cikurLamun urang hayang bungahUlah poho rasa syukur
Silih AsihLamun urang rek di culikUlah poho mawa pesoLamun urang geode milik Ulah poho ka pun bojo
Banyol Ulah waka meli linggisMun can jadi meli eringUlah waka ngaku geulisMun can jadi kabogoh kuring
Paparikan Piwuruk
Sok hayang ka cimalakaInditna numpak pedatiPati,bagja jeung cilakaEtamah urusan gusti
Silih AsihLamun hayang cau nangkaUlin weh ka buah duaSapanjang anjeun satia Akang moal rek midua
Banyol Ka ci amis meuli gulaKa cikeusik meuli galendoRaray anjeun ciga gorillaEta ge ceuk anu gelo
Wawangsalan1. Indungna di peuncetan
Budakna di tincakan jeje Wangsalna = TARAJE
2. Mun salah sok di teanganRupana jiga kubusWangsalna = PANGHAPUS
3. Sok di pake ku aweweParagi niungan sirahWangsalna = TIUNG
12
SISINDIRANKenging : Chaidir Ilham El Malik
Paparikan Piwuruk
Ulah sok ngalaan huniBisi beunang kunu boganaKade ulah wani-waniKa kolot matak doraka
Silih asihNeangan wadah nu teu bolongNgan diteangan laleungitanHatemah teu bisa bohongMun didinya bogoh pisan
BanyolKapasar jeungen si EuceuBalanjaan meunang malingBau naon ari ieuBau hitut nu siliaing
Rarakitan Piwuruk
Mun aya buah nu segerTong sok di leuet ku nyaliraMun urang hayang pinter Tong poho kadiajarna
Silih AsihHayang teuing dahar emi Ngan goreng kanu peujitnaHayang teuig ka si NyaiNgan ulahen ku kolotna
BanyolRumasa mun loba kutuTong di siaran deui kubaturRumasa mun loba incuTong beugér deui kabatur
Wawangsalan 1. Teu meunang di henteu-heunte
Teu meunang di elat-elatWangsalna = Solat
2. Teu beunang di cempal tenjo Di heunte heunteu ge matak bungahWangsalna = Kanyaah
3. Di kumahakeun ge rujitKomo deuih mun beunang kecretWangsalna = Mencret
13
SISINDIRANKenging : Christine L
Paparikan Piwuruk
Meuli hayam ka buruan Balikna mah meuli nangkaLamun urang sok ngalawanPasti asup ka naraka
Silih AsihSi aa jiga nu bageur Padahal pikaseubeuleunTangtu urang kudu bageur Ameh loba anu hayangeun
Banyol Saha eta anu keur nulisCeuk si emen mah si ciciKatempona meuni geulisPadahal mah eta banci
Rarakitan Piwuruk
Lamun urang ka cipadungMoal poho meuli meriLamun urang nyaah indungMoal mungkin di nyenyeri
Silih AsihTong ngadahar sangu padangDa sangu timbel kudunaTong asa asa ka akangDa akang nage satia
Banyol Geus mah numpang jaba lilaNgadon ceurik aambeukanGeus mah dangdan lila-lilaGadon labuh ka solokan
Wawangsalan 1. Tipeuting hari teu nyata
Lamun ka luar kudu ati-atiWangsalna = Kunti
2. Bisa di seupan dina langsengWarnana bodasWangsalna = Beas
3. Mun di ambeu ti jauh haseumMun ti deuket matak irung pengekWangsalna = kelek
14
SISINDIRANKenging : Cinta Paramita N
Rarakitan Piwuruk
Kudununa mah ngala kalapa Ameh sebeh ngadahar nangkaKudu nyaah indung bapaAmeh henteu asup naraka
Silih Asih Aya baju meni resephanyakal di beli batur aya jalma anu diresep hanyakal geus jeung batur
Banyolkahayang kaakajanatapi jalana teh butut kahayang mah kanu lenjangtapina teh jeung nu gendut
Paparikan
Piwuruk kalayang d gunung uhuddibawana ku mobil kempesdiajar mah kudu suhud ameh jaga jadi sukses
Asmarakalayang kacimanggis jelemana balolotothayangna mah jeung nu geulisnyatana menang nu petot
Banyolrincikrincang – rincikrincang melak karendong beak ku careh sidik pisan sidik pisan aya beuteungna bareuh
Wawangsalan 1. teu benang di hurang sawah
teu beunang di pika meumeutwangsalna = simeut
2. belut sisit sababadaratkapi raray siang wengiwangsalna = oray
3. teu benang di bilatung dulang teu benang di bebenjokeunwangsalna = kejo
15
SISINDIRANKenging : Dadan Nurfalah F
Rarakitan Piwuruk
Ulah ngomong bari nyolotBisi nyerieun hatenaUlah sok ngalawan kolotBisi aya babalesna
Silih AsihAsa embung kamamanaKusabab cai keur ngucurAsa embung kamanehnaKusabab kabogoh batur
Banyol Ngakuna mah bog ciki Sihoreng teh da koaciNgakuna bener lalakiSihoreng the da banci
Paparikan Piwuruk
Meuli hayam jeung pa wawanKadituna naek mundingOmat ieu jeung parawanUlah sok kaluar peuting
Silih Asih Ka cimanuk meuli sateSakalian meuli dukuhSaha nu teu nyeri hateLamun kabogoh salingkuh
Banyol Cikaracak ninggang batuLaun-laun jadi legokItu cak-cak nyeri huntuKusabab teu make kedok
Wawangsalan 1. Teu bisa ditenjo mata
Kadang aya nu riwigWangsalna = jurig
2. Dijieunna tina adukdipake nyekat walunganwangsalna = waduk (bendungan)
3. Teu bias ditempo mataNgaburutbut disadanaWangsalna = hitut
16
SISINDIRANKenging : Farhan Nurul Arief
Rarakitan Piwuruk
Sing saha jalma nu lieur Pasti meuli obat manjur Sing saha jalma nu bageur Pasti teh nyaah ka batur
Banyol Hayang soteh ka jakarta Ngan hanjakal dompet kosong Hayangna mah loba hartaNgan hanjakal otak kosong
Asmara Mun aya si ferdinan Pasti aya si rohmatan Mun aya mah di restuanPasti tos di pelaminan
Paparikan Piwuruk
Ka garut rek meuli ember Neangna tepi ka parat Sing jadi jelema bener Meh guna dunya aherat
Banyol Aya budak ngaran asep Awakna begang penyet Ngakunamah cenah kasep Padahal mah siga monyet
Asmara Aya haji ngaran kokoImahna teh di paniis Teu paduli ka resiko Asal kenging eneng geulis
Wawangsalan 1. Biasana make kolor bodas
Leutik keneh geus ‘’macul’’(madog) duitWangsalna = tuyul
2. Wadah cai tina kalapa Mun di takol ngabeletok Wangsalna = batok
3. Awakna jiga gitar spanyol Mun leumpang ngagebol Wangsalna = awewe bahenol
17
SISINDIRANKenging : Fuzi Febria
Paparikan Piwuruk
Hayang teuing rujak wijen Ngeunah na teu asa asaLamun hayang boga ajenKudu hade budi basa
Silih AsihBoboko murag ti gulingNinggang kana arit pareBobogohan jeung nu eling Keur mah geulis alus hate
Banyol Basuki suamina oneng Eukeur ngamaenkeun angklungEntong make baju koneng Bisi disangka nungangkleung
Rarakitan Piwuruk
Lamun hayang ka PalembangKudu ngaajakan batur Lamun hayang di hargaanKudu ngahargaan batur
Silih Asih Kamana si manuk bodas Teu katempo eunteup eunteupKamana si jangkung bodasTeu katempo deukeut deukeut
Banyol Jaman kuring keur di medan Loba nu ngaruksak kulitJaman kiwari geus edanLoba budak ngenyotan duit
Wawangsalan 1. Di buntel jiga pocong
Jero na aya bakoWangsalna = ROKO
2. Tinu besi ngahiung di langitKabeh jelema pasti apalWangsalna = KAPAL
3. Jaroged dina bor bodasWarna cangkangna jiga warna sapiWangsalna = SAPIDOL
18
SISINDIRANKenging : Ghina Nurqori Aina
Rarakitan Piwuruk
Ulah milih hayam kolotBisi teu ngeunah rasanaUlah sok ngalawan kolot Bisi sangsara engkéna
Silih AsihUnggal aya maling datangDag diudag ku Pa HajiUnggal poé mun patepangDag dig dug rasaning ati
BanyolBoga rambutan nu amisHanjakal gedé sikinaBoga kabogoh nu geulisHanjakal kasép baheulana
Paparikan Piwuruk
Aya budak meni wanterJurig gé sieuneun keunaLamun hayang jadi pinterKudu getol ti ayeuna
Silih AsihMelak buah ti tangkalnaDijualna hiji-hijiNajan jauh katingalnaHaté mah tetep ngahiji
BanyolJalan-jalan ka PaniisanDi sawah loba tututnaAya istri geulis pisanHanjakal bau hitutna
Wawangsalan1. Dipake dina hulu,
Ciri jalma soméah Wangsalna = Kopé
2. Tempat urang nyiar élmu,Bisa dipaké maén bola Wangsalna = Sakola
3. Dipaké jang mungkus suku,Méh teu kabadug ku batu Wangsalna = Sapatu
19
SISINDIRAN Kenging : Hanna Nolia
PAPARIKAN Piwuruk
Aya ucing keur ngagolerTah ucing na nu si fajarTipada urang gogolerMending sing getol diajar
Silih AsihEta papan geus ngagebrosDiluncatan ku si apihHate sarasa di tojosDiputuskeun ku kabogoh
BanyolAya budak tisoledatBari dahar tahu aciLamun kedul ulah ngadatMending ngadahar kuaci
RARAKITAN
PiwurukAbong-abong loba daharEncan tangtu gede ragaAbong-abong anjeun beungharEncan tangtu asup surga
Silih AsihUnggal peuting unggal poeHate sono ka si etaUnggal menit unggal poeHate angger nu si eta
BanyolRarasaan urang benerEh pek teh kalah si malikRarasaan acuk benerEh pek teh acuk tibalik
WAWANGSALAN1. Hate dag dig dug mun panggih
eh bener aya si cina wangsalna = cinta
2. Wangunan gede keur neduheh si simah kalah labuh wangsalna = imah
3. Buleud buleud keur di tajong si cecep keur meuli balon wangsalna = bal
SISINDIRANKenging : Kevin Putra C. S. G.
Rarakitan Piwuruk
Kudu daek diajar silatmeh bisa ngalawan penjahat
kudu daek diajar solatMeh bisa ngarasaan akherat
Banyol Majar maneh tukang nulis
20
padahal mah teu kahartimajar maneh awewe geulispadahal mah kawas kunti
Silih AsihLamun urang sok ka pasarmoal hese meuli konenglamun urang sok usaha moal hese meunang eneng
Paparika Piwuruk
Ka sakola arek silat
ngaliwat ka cimalakalamun urang rajin solatpasti jauh ti cilaka
Banyol Di sakola jago nulisDi imah jago ngagorengRarasaan jankung geulispuguhna mah pendek goring
Silih AsihJeung si fatur maen caturnu eleh beungeutna konenghanjakal tos gaduh baturaa teh bogoh ka eneng
Wawangsalan 1. lamun euweuh diteangan
mun meunang kudu di iritwangsalna = Duit
2. Unggal poe kapikiranSok ditatanyakeun ongkohWangsalna = Kabogoh
3. Awak leutik beuki nyumputLamun lumpat sok ngaleungitWangsalna = Beurit
21
SISINDIRANKenging : Maulidina K. H
Paparikan Banyol
Ngarariung sobat dalitMaranehna nyanyi dangdutRarasaan jangkung alitPuguh mah pendek jeung gendut
PiwurukKa pasar meuli kalapaNepi ka imah dibeulahMun nyaah ka indung bapa Dirahmat ku Gusti Allah
Silih AsihNyieun baju tina benangKertas bodas di garisanSatungtung teu acan beunangTeu eureun di smsan
Rarakitan Silih Asih
Hayang teuing ka Kang Asep Ari pek kalah ka dapurHayang teui kana kasepAri pek boga nu batur
PiwurukLamun urang hayang binter Kudu nabung masing rajinLamun urang hayang pinterKudu diajar sing rajin
Banyol Hayang teuing imah hegarGawe ngan teu dipalireHayang teuing jadi beungharGawe ngan ulin jeung sare
Wawangsalan1. Dipakena dina suku
Ditutur-tutur ku kutuWangsalna = Sapatu
2. Kadaharan sapopoe Tangkalna teh warna hejo
Wangsalna = Kejo3. Hirup di tengah laut
Meuntaskeun jalma ka Nepal Wangsalna = Kapal
22
SISINDIRANKenging : Mia Farida
Paparikan Piwuruk
Jalan ka imah kuduna Lain jalan ka malayuJalma nu loba elmuna Hirupna bakal rahayu
BanyolInditna mah baju batikBalikna mah baju biruRarasaan jangkung leutikPadahal mah awak nambru
Asmara / Silih AsihAlulin teh jeung anjeunaNaha bae bet nempokeunAbdi nineung ka anjeunaNaha anjeun bet ninggalkeun
Rarakitan Piwuruk
Kudu getol sajalanaLamun hayang ku kadugaKudu getol ibadahnaLamun hayang asup surga
BanyolNgakuna mah melak cengkehTeu nyaho mawa tampolongNgakuna mah ngora kenehTeu nyaho huntuna ompong
Asmara / Silih AsihLamun anjeun ka imahna Abdi moal ngajak catur Lamun anjeun rek satia Abdi moal kanu batu
Wawangsalan1. Teu meunang di hurang – hurang sawah
Teu bisa di pikameumeutWangsalna = Simeut
2. Teu beunang ditihang – tihang pondokTeu beunang di deungdeuleu keunWangsalna = Deudeul
3. Imah panjang ngojor jalanTeu beunang di kolonganWangsalna = Balandongan
23
SISINDIRANKenging : Nanda Indira Putri
Paparikan Banyol
Jelema ngaranna AsepKabogohna teh si LinaSi Udin teh meni kasepHanjakal bonge ceulina
Piwuruk Ulah nginum tina kendiSabab eta henteu saeUrang kudu mineng mandiAmeh awak seungit wae
Asmara Nungguan cai ngadidihBari jeung neangan kuponTono keur ngahuleung sedihNungguan neng Tati nelpon
Rarakitan Piwuruk
Urang kudu nginum jamuNgarah awak jadi segerUrang kudu nuntut elmuNgarah urang jadi pinter
AsmaraAbong keneh abdi bontengJadi maneh ngadaharnaAbong keneh abdi gorengJadi maneh sangeunahna
Banyol Rarasaan mah neng ElisTeu nyaho mah neng ArokRarasaan mah ni geulisTeu nyaho mah aya borok
Wawangsalan1. Peuteuy leubeut panjang gagang
kadiri saha nu watirWangsalna = Petir
2. Hayam sawah dipiaraAbong ka nu apes diriWangsalna = Meri
3. Simeut jangkung panjang buntutEntong ka rooh ka abdiWangsalna = Papatong
24
SISINDIRANKenging : Neng Agistina
Rarakitan Piwuruk
Undur undur dina batuSaeran dina kiteja Umur mah tacan tangtu Pangeran teu bebeja
BanyolSuganteh kukupu muntir Singhoreng kalah kapipir Suganteh tungkul teh mikirSinghoreng ngacai ngadahdir
Silih AsihAbdi daek numpak gajah Asal jalan kacibatu Abdi daek nyebut abah Asal dipulung minantu
Paparikan Piwuruk
Saninten buah sanintenDaun cau ditilepanHapunten abdi hapunten Bilih seueur kaleupatan
BanyolManuk ciung dina pisitan Buahna harejo kenehLamun dicium ku nu kumisan Tilu bulan karasa keneh
Silih AsihMelak cikur teu dioyosJadi soten kahujanan Jadi sukur teu sawios Tadi soten susuganan
Wawangsalan1. Simeut jangkung panjang buntut
Entong karayu ku abdi Wangsalna = Papatong
2. Cikur jangkung jahe konengAri abdi cipanonan Wangsalna = Amis Panon
3. Nyiruan beugeng cangkengnaMasing mindeng pulang anting Wangsalna = Papanting
25
SISINDIRANKenging : Nizal Sutiawan
Paparikan Piwuruk
Meuncit hayam nu bi tati Meuncitna ku mang martiMun hayang jadi bupatiUrang kudu boga pangarti
Silih AsihLamun ulin ka kebon baturKudu make minyak lulurUrang kudu nyaah ka baturSangkan urang jadi dulur
Banyol Lamun maneh boga ucingUlah di parab ku kancingBoga aki teu daek cicingKa beukina tai ucing
Rarakitan Piwuruk
Lamun maneh kukuluyuranTangtu maneh di jalananLamun maneh maca qur’anTangtu maneh aya jalan
Silih AsihKudu daek maen caturKawas budak di lembur sulurKudu daek mere baturKawas urang mere dulur
Banyol Lamun maneh ulin waeManeh kudu maca heulaLamun maneh resep aweweManeh kudu ngaca heula
Wawangsalan 1. Teu puguh monyet hideung na
Teu puguh tungtungnaWangsalna = lutung
2. Tepi ka kelor hejonaTepi ka antukna Wangsalna = katuk
3. Teu beunang disupa dulangTeu beunang di bebenjo keun Wangsalna = kejo
26
SISINDIRANKenging : Reynaldi Daniel
Rarakitan Piwuruk
Amun ulin ka si iterDudu ulin ka si nanaLamun hayang jadi pinterKudu getol diajarna
Silih AsihDi dieu mah loba leleHanjakal sok matil waeDi dieumah loba aweweHanjakal baraeud wae
BanyolSuganteh eta teh lilisSinghoreng eta teh kikiSuganteh awewe geulisSinghoreng banci lalaki
Paparikan Silih Asih
Aya listrik nu di imahHargana ni mahal pisan Aya istri kelas duaGeulisna kabina-bina
piwurukBeurang-beurang sirah teh jangartipeuting meuncetananaLamun hayang jadi beungharKudu getol usahana
BanyolLamun hujan aya guludugPasti awi jadi bareulahLamun batur bararudugUrangmah alhamdulillah
Wawangsalan1. Diluhur kahuruan
dihandap kabanjiranwawangsalan = kompor minyak
2. Leutikna dibajuangedena di bulucunan wawangsalan = awi
3. Bau ka ambeunarupa teu katingaliwawangsalan = hitut
27
SISINDIRANKenging : Rika Yulyanti Dewi
Rarakitan Piwuruk
Lamun hayang ka ciater Kudu boga duit lobaLamun hayang jadi dokterKudu boga elmu loba
Silih AsihSok loba nu poho maotNgan ukur mikirkeun dunyaSok sing sumpah daek maotNgan nyai hiji-hijina
BanyolAsa amis karasana Padahal teu make gulaAsa aing panggeulisnaPadahal siga ririwa
Paparikan
Piwuruk Geus teu kuat hayang daharDuh gening euweuh deungeunaLamun urang hayang beungharPek usaha jeung ngadoa
Silih AsihKa tonggoh ka bale desaBoga niat menta caiEnya loba mojang desaAkang mah keukeuh ka nyai
Banyol Si Ujang meuli calanaAri eneng meuli sigerBarudak jaman ayeunaHuntuna ge make pager
Wawangsalan1. Dipake paranti muka
Mukana panto jeung laciWangsalna = konci
2. Ngiuhan saawak-awakLayung koneng datang deuiWangsalna = payung
3. Matak empuk kana awakNganteurkeun jalma ka surgaWangsalna = kasur
28
SISINDIRANKenging : Rinetta Putri M
Paparikan Banyol
Aya ucing dinu tangkal Si eneng sok nyorakan Mun awewe nu sok mangkal disangka cabe-cabean
Asmarasi emang ngalung batu beunang n aka si ono aya si akang diditu anu osok di pikasono
Piwurukjalan jalan ka legok balikna mawa sate ulah osok sugak sogok da matak teu ngeunah hate
Rarakitan Banyol
aya warung sisi jalan pa bupati meuli rokok aya anu korupsi pa pejabat di tanyaan
Asmara aduh si ujang maen kaleci eneng maen papasakan aduh akang nu diditu eneng didieu nyaah ka akang
Piwuruklamun urang teu daek diajarmasa depan jadi ripuh lamun urang getol diajarmasa depan tangtu cerah
Wawangsalan 1. Osok di jang pake nulis
Sok di pake ku si upen Wangsalna = pulpen
2. Osok di pake ngagambar Aya dinu saku pilot Wangsalna = patlot
3. Aya sora di sebrangeunDisakuan ku si pepe Wangsalna = hape
29
SISINDIRANKenging : Riri Rianti
Paparikan Silih Asih
Salasih sisi astana Di pelak ku babaturanSilih asih jeng sasama Ngarakeutken babaturan
Piwuruk Arulin ka kota banjar Jalana lewat ci aterMun urang getol di ajar Bakal jadi jalma pineter
Banyol Kini-kini babancetan Singa ngahereyken kue Nini-nini kabesekan Sisigna katerey kabeh
Rarakitan Silih Asih
Lamun kuring lompat kaharRek mawa boeh ka astana Lamun kuring jadi benghar Rek mawahmere ka sasama
BanyolKamananya nyiar payungSakieu panas poenaKamanya menta tulung Sakieu panas hatena
Piwuruk Lamun hurang di cimujaKudu di bawa ku jaringLamun hayang hirup mulyaKudu sering nyieun amal
Wawangsalan 1. Tarigu panjang keriting
Anu ayana di bumiWangsalna = Sarimi
2. Paranti nutupan buukUlinna teh ka cipadungWangsalna = Cindung
3. Dipake tapi di tincak Meh teu nyeri nincak batuWangsalna = Sapatu
30
SISINDIRANKenging : Risa Ayu Anjani
Rarakitan Banyol
Hayam ricit ti peupeutingNu jalu ngadahar cacingHayam ricit teu dek cicingNu jaluna eukeur ngising
PiwurukHayu batur urang ulinRame-rame meuleum peujitHayu batur urang ulinRame-rame ka masigit
Asmara/Silih AsihNingal kuda di PacuanBari orok jejeritanNingal Aa jeung nu anyarBari hate panasaran
Paparika Banyol
Aya budak maling cengekDi buruan Bapa TaniAya budak beuki mewekNgaran na teh si Anjani
PiwurukAya jalma meuli buburDi bumi na Nini IcihJadi jalma kudu jujurLamun hayang hirup bersih
Asmara/Silih AsihJalan-jalan na ka TogaPapanggih eujeung teh iyenAduh Akang meuni tegaJalan-jalan jeung nu sejen
Wawangsalan1. Tahu koneng napeul wae
Asa daging nu kamariWangsalna = Gading Huntu
2. Awakna kacida leutikNgagangguan nu keur peureum
Wangsalna = Sireum3. Sirah gundul teuteuleuman
Sukuna kacida jangkung Wangsalna = Gayung
31
SISINDIRANKenging : Sagitha Mahasi
Rarakitan Banyol
Aya cau meni hideungAri pek teh enggeus buruk Aya jalma meni hideungAri teun lakuna buruk
Piwuruk lamun urang loba dahar kudu mikir keur isukna lamun urang hayang benghar kudu getol usahana
Silih AsihLamun henteu dianteran Pasti moal ka tujuanLamun cinta direstuan Pastina ka pelaminan
Paparikan Banyol
Barang naon barang naon Barangna nu Pahaji Bau naon bau naon Bau kelekna Pahaji
PiwurukNginum sirop meni segerMeulina di dayeuh kolotKudu diajar sing bener Ngarah teu ngerakeun kolot
Silih Asih Aya jalma keur dibalongBalikna nyabut cikurLain nyeri huntu potong Nempo kabogoh jeung batur
Wawangsalan1. Nu sok hirup dina sirah
Disarada siga putu wangsalna = kutu
2. Buleud keur niungan huluNudipake ku nyi ipi Wangsalna = topi
3. Digandong budak sakolaNu ngarana teh si otong Wangsalna = kantong
32
SISINDIRANKenging : Salimah Husna
Rarakitan Piwuruk
Ulah ngebut siga baturBisi engke motor dadasUlah sok ngomongkeun baturBisi aya cakcak bodas
BanyolMajar ngaran nateh KomengTapi padahalmah AsepMajar ceuk baturmah gorengTapi da meuni gumasep
Asmara/Silih AsihNajan si Budi teh labuhTapi anteng dahar leupeutNajan raga nateh jauhTapi hate namah deukeut
Paparikan Piwuruk
Si Ayu keur jeung indungnaSabari ngadahar kormaTong sok saomong-omongnaBisi engke meunang karma
BanyolJalan-jalan ka CianjurNincak batu ngajelegurHanas urang meuli anggurDiambuan bau bujur
Asmara/Silih AsihMang Ono salaki bi InaImahna di CipejauhAbdi sono ka anjeunnaLantaran anjeunna jauh
Wawangsalan1. Sok dina daerah beungeut,
Kusabab tara di rawat Wangsalana = Jarawat
2. Diteang tapi ditindes,Warna hideung siga batuWangsalna = Kutu
3. Gede hideung jeung buluan,Ti keur leutik ge geus nempelWangsalna = Tompel
33
SISINDIRANKenging : Samreddhi M
Rarakitan Piwuruk
Sapanjang jalan Sumedang Moal aya anu lemesSapanjang hirupan urang Moal aya anu alus
Banyol Hayang pisan mawa hinis Hanjakalna euweh pisan Hayang pisan ka nu geulis Hanjakal beungeut pas-passan
Silih AsihMun aa mangkat ka togaKudu na teh mawa nangka Mun eneng cinta ka aa Kudu hirupna jeung aa
Paparikan Piwuruk
Lamun anjen teh garetolPasti maraneh teh pinter Lamun anjen teh karedul Pasti maraneh barangor
Silih AsihNaik motor na dijalanInditna ka suramaduLamun anjen lila pisanPasti na kuring teh rindu
BanyolAya budak rek ka pasar Budak teh meuli na tutut Hanjakal meuli di pasar Diambuan bau hitut
Wawangsalan1. Dipake keur nyimpeun barang
Nyimpenna teh sok dikolongWawangsalanna = kantong
2. Mun aya amis sok datang Tapina bari sok peureum
Wawangsalan = sireum3. Nyimpenna teh sok di bujur
Remen pisan sok dicopetWawangsalan = dompet
SISINDIRANKenging : Shainne Safitri
RARAKITAN Piwuruk
Lamun hoyong mèsér kiwiKudu aya duitna heulaLamun hoyong réngking hijiKudu getol diajarna
Silih AsihDi parkiran aya tangkalMeuni bungah ningalna gé
Di parkiran aya étaMeuni kasép jalmina téh
BanyolDipasihan meuni bungahEh pék téh eusina ganasDipasihan ku mang AngahEh pék téh keur si Ninas
PAPARIKAN34
PiwurukManuk ditéwak di tangkalNu néwakna téh mang JarnaLamun hoyong gaduh akalKudu seeur diajarna
Silih AsihSawo naha jadi resepAri kamari mah heunteu
Naha abdi jadi resepPadahal tadina heunteu
BanyolMésér awi ka toko SesarNyasar ka toko AisyaAri cenah téh tos AsarTapi naha azan Isya
WAWANGSALAN1. Mang Bahar nék dahar euweuh laukna
Terus wéh mésér ka amang AsinWangsalna: Asin
2. Si Shainne gaduh AdiNgaranna téh ti BWangsalna: Bahar
3. Neng Ina nék dahar euweuh tempatnaDa can mésér ka toko PeupeusWangsalna: Pisin
35
SISINDIRANKenging : Silvia Istimerianti
Paparikan Piwuruk
Jalan jalan ka kemangi Loba nu keur meli nangkaKudu getol solat ngajiLamun hayang asup sorga
BanyolAya budak meli aciLempang bari dahar ketan Lamun nempo jalma banciKade ulah dikiceupan
Silih asih Kuring karek meli putuPek teh murag dijalannaIraha datangna waktuKeur papanggih jeung anjena
Rarakitan Piwuruk
Lamun budak naek tangga Kudu lempangna jeung kolotLamun hayang asup sorgaKudu nurut na ka kolot
BanyolAya jalma dijalananNgan hanjakal meni alay Aya jalma geulis pisan Ngan hanjakal jiga jablay
Silih AsihManeh na teh dahar burger Kuring mah rek dahar sateManeh teh lalaki bager Kuring kudu mere hate
Wawangsalan1. Rupana teh siga maung
Kuring sok cicing di jalanWangsalna = ucing
2. kuring datang na mun hujanmatak watir kanu kenaWangsalna = petir
3. jalan kuring nya di caisorana ngan tut tut tut tutWangsalna = kapal laut
36
SISINDIRANKenging : Siti Riana
Rarakitan Piwuruk
Kudu mandi teh meh segerMoal bau ka awakna Kudu diajar sing benerMoal kaduhung engkena
BanyolAwewe ka CibaduyutLempangna teh siga koboyAwewe teh meni gendutLempangna meni ngageboy
Silih AsihCeurik wae nya si UusTapi bari dahar dukuhCeurik soten lain putusTapi kabogoh selingkuh
Paparikan Piwuruk
Aya aki-aki kolotDiajar matematikaTong sok doraka ka kolotBisi asup ka naraka
BanyolDaek soteh kanu geulisAwewe urang CianjurNajan awewe teh geulisTapi pendek gede bujur
Silih AsihTurunan siga indungnaSok jadi omongan baturNyeri hate ngadengenaManehna kabogoh batur
Wawangsalan1. Di asaana teh amis
Tapi malakah permanenWawangsalan = permen
2. Sok di bawa kasakolaRupana teh siga lontongWawangsalan = kantong
3. Ngabakar diri sorangan Meulina teh di bu ElinWawangsalan = lilin
37
SISINDIRANKenging : Syifa Ayu Wiguna
Rarakitan Piwuruk
Mun urang ka CipagantiMasing mudun Jalan pasarMun urang boga pangartiMasing junun nya diajar
Banyol Aya bujang meuli casanHanjakal euweuh merekanAya bujang kasep pisanHanjakal euweuh huntuan
Silih AsihPejabat keur maen bolaEukeur awak ameh segerPejabat dibuli heulaEukeur maksud ameh bener
Paparikan Silih Asih
Euweuh lampu make oborNgempur caang meuni nyorotKatempona hayang sohorUlah kade na boborot
BanyolAya bangku sisi jalanDi tengahna aya gaangLain ku embung nawaran Sarua urang ge hayang
PiwurukNgajieun paparahuanNgajieunna ku si FaturLamun hayang dihargaanCik hargaan heula batur
Wawangsalan1. Muga kapalupuh nangtung,
Mugi kapimilik diriWangsalna = Bilik
2. Dipake meresan rambut,Aya lauk di basisir
Wangsalna= sisir3. Empukna paragi kulem,
Kudu maca At-TakasurWangsalna = Kasur
38
SISINDIRANKenging : Syifa Sahaliya
Paparikan Piwuruk
Kamari cai teh saatTuluy menta ka Pa HajiJadi Jalma Kudu Ta’atGetol sholat getol ngaji
BanyolMeuncit meri dina rakitUlah make peso baturLain nyeri ku panyakitKabogoh dibawa batur
AsmaraSi Cecep nuju perangMusuhna teh si AladinCekap abdi anu terangHate abdi ka si Udin
Rarakitan Piwuruk
Sing pinter tur hade budiMeh kapake ku manusaSing pinter tur hade budiMeh kapake ku nagara
BanyolEta naon nu baruledAri pek teh endog cak-cakEta naon nu baruleudAri pek teh katarincak
AsmaraDua hate hiji ecengKeur di pinang salaminaDua hate hiji ecengKeur di jagi salamina
Wawangsalan1. Tutut gunung keong reuma
Semangga geura gek calikWangsalna = Tenggek
2. Belut sisit saba daratKapiray siang jeung wengiWangsalna = Oray
3. Cakcak gede jiga kadalUlah dipake cangkangnaWangsalna = Toke
39
SISINDIRANKenging : Talitha Zhafirah
Paparikan Piwuruk
Aya cai dina botolBotolna di sisi bataMun di ajar teh sing getolMeh ka capai cita-cita
Silih Asih Aya budak numpak gajah
Eureuna dina batuLamun hoyong di sebut abah Pulung abdi jadi minantu
BanyolDoni ulin jeung si sulisUlinna di imah EmpongEta budak meuni geulisHanjakal huntuna ompong
Rarakitan Piwuruk
Lamun boga huntu ompongEngke kudu dipariksaLamun ngajawab tong bohongEngke bisi jadi dosa
Silih Asih Isukan rek ka tanggerang Geus nepi teh meuli buburIsukan kabogoh datangGeus datang di bawa batur
Banyol Di dapur aya urabMeuni loba urabna tehDi imah aya nu teurabMeuni tarik sorana teh
Wawangsalan1. Aya jarum nunjuk angka
Ayana jaman ayeuna Wangsalna = Jam
2. Dipakena mun keur sareMun ditajong pasti mental
Wangsalna = Bantal3. Bentuk barangna teh kotak
Eta barangna keur ngetop Wangsalna = Laptop
40
SISINDIRANKenging : Tatan Hidayat
Paparikan Banyol
Ulah poho mawa pesoJalan-jalan meuli banUlah waka boga bojoLamun teu ias maraban
Piwuruk Si yayang meuli kabayaMeuli duku jeung saladahLamun hayang asup surgaUrang kudu getol ibadah
Asmara Aya ucing bulu hirisMeuli rokok dua batangSanajan loba anu geulisAnjeun tetep anu akang
Rarakitan Asmara
Ulah hayang ka gasibuBisi engke jadi latahUlah hayang ka ibu-ibuBisi engke jadi dititah
Piwuruk Lamun isuk maju kacaangLamun burit maju ka poekLamun isuk dina caangLamun burit dina poek
Banyol ulah waka loba ngawadullamun duit disakuan kenehulah waka ngaku gaullamun duit ti kolot keneh
Wawangsalan1. Budak leutik osok teuleum
Unggal mandi sok dipakeWangsalna = gayung
2. Cicing na dina lalangitOsok caang unggal poekWangsalna = lampu
3. Oray hejo loba mataanSok dipake dengeun sanguWangsalna = peuteuy
41
SISINDIRANKenging : Taufiq Nur Ilmi
Paparikan Banyol
Aya kitri dina sarungSarungna disimpen krisnaAya istri ngange tiungHanjakal teu dicalana
Piwuruk Hirup urang dikualaDi guha aya bangbaraHirup urang samentaraDi duniateh gumbara.
Asmara Aya enta jeng sisintaKaduana adi kakaNgan eneng anu akang cintaNu aya dihate aa
Rarakitan Piwuruk
Mun hayang loba pahala Tong poho kanu esaMun hayang asup ka sorgaTong poho ka parentahna
Asmara Mun rek ulin ka imahnaTong poho mawa karanjangMun eneng arek satiaTong daek ninggalkeun akang
Banyol Aya jelema ka subangSirah na di handap tarangAya jelema boga hutangSirahna botak mencrang
Wawangsalan1. Asin geuyal dipilari
Cicingna di gorong-gorongWangsalana = Korong
2. Kadaharan unggal poeWarna ungu-warna bodasWangsalna = Sangu
3. Warna coklat warna kulitBengeut na jiga nu kerungWangsalna = Irung
42
SISINDIRANKenging : Zaki Abdul Hanif
Paparikan Asmara
Aya seeng herang warnanaTos di ical sareng senterAri neng uwih ka manaWios abdi anu nganter
Banyol Jalan-jalan ka Ciamis Ningal jalmi kalah pesmolWios patina tungtung kerisAsal kenging Neng nu bahenol
PiwurukJang utun hayang jadi capresTinu tutut di pageur luarLamun hayang jadi jalma suksesElmu tungtut dunya siar
Rarakitan Piwuruk
Dulang wadah sangu tutungAya kaleng dinu areungLamun hirup hayang untungKudu keuyeung tangtu pareung
Asmara Kumaha nya nyiar kontehKa soreang ka darangdanNu mana neng geulis tehIeu akang hoyong kenalan
Banyol Batu naon batu naonBatu jamrud di juruBau naon bau naonBau hitut nu cicing di juru
Wawangsalan1. Belut sisit sabadarat
Kapiraray siang wengiWangsalna = Oray
2. Teu beunang di opak kembungTeu beunang di entong-entongWangsalna = Kolontong
3. Kendang gede pakaumanDad dig dug rasaning atiWangsalna = Bedug
43
EDITOR :
44
Syifa Sahaliya Nu Ngadesain
Mia Farida Nu Nyusun Naskah
Ghina Nurqori Aina Nu Ngailustrasikeun