kawih

4
- Kawih Kawih nyaeta lalaguan sunda anu bebas/ teu kauger/ teu kaiket ku aturan. Conto kawih : Angin PrianganSeungit angin priangan ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan hawar-hawar rerendahan ngahariring ayun ambing, ayun ambing. Seungit angin kahyangan sumerep na lelembutanduh, na lembutan hawar-hawar rerendahan ngahariring éling-éling, mangka éling. Dengkleung déngdék dengkleung déngdék sisi lamping anu déwék, enya anu kuring tanah wasiat, tanah duriat anu matak tibelat nya rarasaan. Dengkleung déngdék dengkleung déngdék sisi lamping anu déwék, enya anu kuring tanah katresna jati sarakan anu tetep nyarengan nya lelembutan. - Tembang Tembang nyaeta lalaguan sunda anu kauger ku guru lagu sareng guru wilangan Maghrib Tah sora bedug batur tanda geus maghrib Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid Beulah kulon hibar layung ngajak muji ka Yang Agung - Kakawihan Kakawihan nyaeta kawih nu osok di haleuangkeun ku barudak leutik mun keur arulin AYANG-AYANGGUNG Ayang-ayang gung Gung goongna rame Menak ki Wastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket jeung kompeni Niat jadi pangkat Katon kagorengan Ngantos Kangjeng Dalem

Upload: danroe

Post on 18-Jul-2015

267 views

Category:

Career


13 download

TRANSCRIPT

Page 1: Kawih

- Kawih

Kawih nyaeta lalaguan sunda anu bebas/ teu kauger/ teu kaiket ku aturan.

Conto kawih :

Angin PrianganSeungit angin priangan

ngusapan embun-embunanduh, embun-embunan

hawar-hawar rerendahan ngahariring

ayun ambing, ayun ambing.

Seungit angin kahyangan

sumerep na lelembutanduh, na lembutan

hawar-hawar rerendahan ngahariring

éling-éling, mangka éling.

Dengkleung déngdék

dengkleung déngdék sisi lamping

anu déwék, enya anu kuring

tanah wasiat, tanah duriat

anu matak tibelat nya rarasaan.

Dengkleung déngdék

dengkleung déngdék sisi lamping

anu déwék, enya anu kuring

tanah katresna jati sarakan

anu tetep nyarengan nya lelembutan.

- Tembang

Tembang nyaeta lalaguan sunda anu kauger ku guru lagu sareng guru wilangan

Maghrib

Tah sora bedug batur tanda geus maghrib

Geus nitah reureuh ulin Ttrus ka masjid

Beulah kulon hibar layung

ngajak muji ka Yang Agung

- Kakawihan

Kakawihan nyaeta kawih nu osok di haleuangkeun ku barudak leutik mun keur arulin

AYANG-AYANGGUNG

Ayang-ayang gung Gung goongna rame Menak ki Wastanu Nu jadi wadana Naha maneh kitu Tukang olo-olo Loba anu giruk Ruket jeung kompeni Niat jadi pangkat Katon kagorengan Ngantos Kangjeng Dalem

Page 2: Kawih

Lempa lempi lempong Ngadu pipi jeung nu ompong Jalan ka Batawi ngemplong

Pupuh téh nya éta wangun puisi lisan tradisional Sunda (atawa, mun di Jawa, katelah ogé macapat)

nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna

Pupuh 1: Asmarandana

Eling eling mangka eling ( 8 engang – vokal i / E-ling-e-ling-

mang-ka-e-ling (jumlah 8), ling panungtung vokalna i) rumingkang di bumi alam( 8 – a ) darma wawayangan bae ( 8 – e )

raga taya pangawasa ( 8 – a ) lamun kasasar lampah ( 7 – a ) nafsu nu matak kaduhung ( 8 – u ) badan anu katempuhan ( 8 – a )

Dangding teh nya eta karangan ugeran (puisi) dina wangun pupuh (bisa ditembangkeun), atawa sarua jeung guguritan

Wawangsalan Dangding

Asmarandana

Réa sisit lain peusing

kandel bulu lain hayam

awakna pinuh ku panon

kukuncungan lain merak

nya beureum lain hideung

buntutna ngacung ka luhur

paranas nya pipikiran (danas/ganas)

2. harti sajak

Sajak Sunda nya eta salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pati kauger ku patokan

wangunan.[1]Ku lantaran kitu, dina mangsa awal gelarna sok disebut sajak bebas,kungsi oge disebut

sanjak.

4. hal-hal anu naon wae anu kudu diperhatikeun dina maca sajak?

Aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun upama urang maca sajak dihareupeun balarea,

diantarana:

1. Lenyepan

samemeh maca hiji sajak, urang kudu bisa ngalenyepan heula kana eusi sajak sagemblengna.

Page 3: Kawih

Nyaritakeun naon eta sajak, kumaha watekna, naha nyaritakeun perkara anu pikabungaheun,

pikasediheun, pikaketireun, ngahudang sumanget, jeung sajabana. Mun bisa, kudu apal kana

temana: silihasih, kritik sosial, piwulang, jeung sajabana.

tina hasil ngalenyepan teh urang baris bisa napsirkeun eta sajak anu engkena ditepikeun ka balarea

2. Vokal

vokal nu dimaksud di dieu, patalina jeung sora. Sorana kudu bentes tur "buleud", dina harti tetela

kadengena bari henteu kudu gogorowokan

3. nada jeung Rasa

Nada jeung Rasa nu dimaksud di dieu patalina jeung sikep dina nepikeun eta sajak. Naha nadana

sinis, nyungkun, tumamprak, mikamelang, jsb. Ari rasana naha pikabungaheun, pikakeuheuleun,

pikasediheun, jst. Sikep urang dina maca sajak kudu saluyu jeung nada katut rasa anu dikandung

dina eta sajak

4. wirahma

wirahma anu dimaksud di dieu nya eta anca-gancangna dina maca sajak. kaasup randegan jeung

lentong. Urang kudu apal, di mana randegan anu sakedapan, di mana randegan anu rada lila. Kitu

deui jeung lentong. lentong kalimah wawaran, upamana beda jeung lentong kalimah pananya.

Lentong anu sedih, moal sarua jeung lentong anu ngagendurkeun sumanget. Kitu deui lentong Basa

Sunda, tangtu beda jeung lentong Basa Indonesia

5. Anu dimaksud ekspresi di dieu nyaeta ebrehan jiwa anu diantarana bae katembong sacara fisik

dina paroman (mimik) jeung pasang peta (gestur). Paroman dina maca sajak anu pikasediheun,

upamana, jelas moal sarua jeung maca sajak anu hegar. Kitu deui jeung pasang petana.

6. tulis kalimah babasan jeung kalimahna

• Amis budi

Hartina téh nyaéta jalma anu hadé budi. Teu weléh seuri ka batur.

( Artinya yaitu orang yang budi pekertinya baik. Murah senyum kepada orang-orang. )

Conto kalimahna:

Lamun urang amis budi tangtu bakal dipikaresep ku batur.

• Leutik burih

Hartina téh nyaéta leutik haté , kurang kawani, atawa borangan.

( Artinya yaitu berhati kecil, kurang keberanian, atau penakut. )

Page 4: Kawih

Conto kalimahna:

Abdi mah lain jalma anu leutik burih , abdi mah ludeung arék kamana ogé .

• Gedé hulu

Hartina téh nyaéta sombong atawa adigung.

( Artinya yaitu sombong. )

Conto kalimahna:

Jadi jalma mah ulah gedé hulu, bisi diomong batur.

• Epés méér

Hartina téh babari ceurik, babari putus asa.

( Artinya yaitu mudah menangis, mudah putus asa. )

Conto kalimahna:

Néng Nina mah baku ari tos kitu téh, épés méér pisan.

• Laér gado

Hartina resep ménta ka batur.

( Artinya senang meminta ke orang lain. )

Conto kalimahna:

Atuh si Dudu mah kasohor pisan manéhna laér gado .