bab iv hasil panalungtikan jeung pedaran 4.1...
TRANSCRIPT
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
37
BAB IV
HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN
4.1 Hasil Panalungtikan
Ieu analisis midangkeun hasil panalungtikan naskah drama “Manusa Jero
Botol” saduran Rosyid É. Abby anu dipatalikeun kana strukturalisme jeung psikologi
sastra. Analisis data nu katitén dina bab ieu ngawéngku struktur carita drama, struktur
naskah drama, jeung psikologi tokoh anu nyampak dina naskah drama “Manusa Jero
Botol.”
4.1.1 Struktur Carita jeung Struktur Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
4.1.1.1 Struktur Carita Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
1) Ringkesan Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Dora téh hiji mojang anu jadi simbol kabeungharan jeung ogé kamiskinan.
Manéhna aya dina lingkungan kulawarga nu beunghar tapi sabenerna malarat batinna
mah. Harta banda anu sakitu loba teu bisa jadi kabagjaan pikeun dirina lantaran
manéhna dikungkung ku indungna. Dora ngarasa hirup di pangbérokan, taya batur
anu bisa maturan salian ti botol-botol di kamarna anu remen diajak ngobrol. Kalan-
kalan éta botol téh dijadikeun baturan, kalan-kalan ogé dijadikeun kabogohna. Salila
hirup, indungna nyaram Dora ulin jeung babaturanana kaasup tatanggana sorangan.
Dora teu meunang ulin jeung sasaha komo deui bobogohan mah. Dora kudu tumut
kana aturan indungna, sakabéh kahayang indungna kudu diturutan anu antukna Dora
ngarasa bosén jeung jenuh.
Hiji mangsa, rasa kabosén jeung kajenuh Dora dikedalkeun ka Mardi, palayan
anyar anu kabeneran dititah indungna pikeun nganteurkeun kadaharan keur Dora.
Sagala eusining haténa dikedalkeun, utamana ngeunaan kanyaah indungna anu
sabenerna kalah ka ngungkung Dora. Kabosén jeung kajenuh éta disimbolkeun
ngaliwatan kabiasaan Dora anu remen nyébor kembang maké getih. Unggal poé Dora
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
37
mindeng nitah si Bibi, pembantuna pikeun nyébor kembang ku rupa-rupa getih
sasatoan. Taya nu apal kabiasaan éta salian ti Mardi jeung Bibi. Dina hiji mangsa
38
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
waktu Dora keur mancakrama jeung botol-botol hayalanna, Mamih, indung Dora
datang ka kamarna pikeun ngajak Dora ningali karaméan sakaligus ménta anteur ka
paméran éléktronik anu barangna keur dariskon. Tapi, ajakan Mamih kalah ka
ditolak. Dora méré alesan yén poé éta keur teu bisa kaluar ti imah lantaran keur sibuk
diajar. Mamih angger maksa Dora pikeun ngilu ka paméran éléktronik anu satuluyna
Dora kalah ka ngedalkeun rasa kajenuh jeung kabosen ka indungna. Tapi kekecapan
Dora éta teu dipaliré lantaran Mamih miboga alesan anu kuat. Alesan yén indungna
nyaah ka Dora tur teu hayang Dora salah lampah atawa manggihan lalaki anu teu
bener. Hal éta anu jadi tinimbangan indung Dora ngungkung anakna.
Poé ka poé, bulan ka bulan nepi ka taun ka taun, rasa kabosen jeung
kakeuheul Dora muncak, manéhna ngadéngé haréwos botol-botol anu aya di kamarna
anu nitah Dora kabur sangkan ngarasakeun dunya anyar. Ngaliwatan sababaraha
tinimbangan, ahirna Dora wani kabur ti kamarna pikeun nyeuseup dunya di saluareun
imahna. Leuwih ti sakali Dora kabur téh, nepikeun ka Dora boga kabogoh anu
ngarana Koboy. Si Koboy mawa pangaruh goréng ka diri manéhna. Dora ngalaman
hal-hal anu teu wajar dialaman ku hiji mojang. Koboy geus ngarayu jeung ngarobah
Dora jadi jalma bébas. Manéhna miboga tujuan pikeun méakkeun harta banda indung
Dora anu satuluyna rék dibikeun ka para pamajikan Koboy. Koboy mindeng
ngahasud Dora sangkan Dora bisa kaluar bébas, kaasup nitah Dora maténi indungna
ku cara méré péstol.
Dina hiji waktu, Dora kanyahoan deui geus kabur ti imahna. Saeusi imah jadi
tagiwur néangan Dora kaasup Mardi. Mamih nitah Mardi pikeun néangan Dora
peuting éta kénéh. Tapi waktu Mamih nitah ka Mardi, Mardi kalah ka ngedalkeun
sagala eusining haté Dora salila ieu yén sabenerna Dora boga kahayang pikeun indit
kamana-mana sorangan, teu dibarengan ku indungna. Antukna, Mamih ngarasa
keuheul lantaran Mardi geus wani-wani ngomong kurang ajar. Mamih teu narima
kana omongan Mardi. Mardi dianggap geus jadi ulon-ulon anu ngahasud Dora
sangkan barontak ka nu jadi indung. Mardi teu narima waktu dituding kitu ku Mamih.
Paniatan hadé Mardi kalah ka dianggap goréng ku dununganna. Antukna Mardi indit
ti imah éta sanggeus diusir ku Mamih. Sakaluarna Mardi ti imah, Mamih ngedalkeun
39
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sababaraha hal anu jadi alesanana geus ngadidik anakna ku cara ngungkung Dora di
imah. Hiji rusiah geus dikedalkeun ku Mamih anu satuluyna kanyahoan ku Bibi. Tina
omongan Mamih, Bibi jadi apal yén sabenerna Dora téh lain anak teges dununganna.
Dora mangrupa anak anu diadopsi ku kulawargana dununganna lantaran dununganna
teu bisa boga budak.
Waktu Bibi jeung indung Dora cacarita, Dora balik ka kamarna ku cara
nérékél kana tangkal anu dangdaunna antel ka jandéla kamar, Mamih jeung Bibi anu
geus aya di kamar Dora buru-buru nyumput waktu Dora asup. Dora asup ka kamarna
dina kaayaan mabok parna. Ningali hal éta, Mamih beuki ambek ka nu jadi kahayang
Dora sangkan bébas nyeuseup dunya di saluareun imahna. Dora jeung indungna
guntreng deui sabab teu bisa narima kahayang séwang-séwangan. Teu bisa narima
kana kanyaah jeung kahayang séwang-séwangan. Ahirna, waktu Dora jeung indungna
guntreng, Dora ngaluarkeun péstol tuluy maténi indungan anu salila ieu geus
ngungkung dirina sangkan teu bisa nyeuseup dunya bébas di sabudeureunana. Lian ti
éta, Dora ogé maténi si Bibi anu salila ieu satia jadi pangasuh Dora ti keur orok
kénéh. Saenggeus indungna jeung pembantuna maot, Dora jadi nyorangan. Rasa
handeueul jeung kabébasan anu salila ieu dicipta-cipta dina sawanganana teu bisa
nyieun Dora jadi bagja. Ahirna, Dora kudu bisa narima nasib jeung hukuman anu
ditibankeun ka manéhanana.
2) Téma
Téma mangrupa aspék carita anu pang pentingna dina hiji karya sastra. Téma
biasana nuduhkeun pasualan umum anu keur karandapan dina kahirupan sapopoé.
Sabada ditalungtik, téma anu nyampak dina naskah drama “Manusa Jero Botol” nya
éta téma pergaulan bébas anu diakibatkeun ku salah didikan ti kolot, anu leuwih
museur kana pasualan moral. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
LÉOS BAÉ DORA MURU KA JANDÉLA. KALACAT KANA JANDÉLA NU GEUS MUKA, JLENG BAÉ NGAJLENG KANA DAHAN GEDÉ ANU AMPIR ANTEL KANA KACA JANDÉLA TÉA. (kaca 24)
40
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina cutatan di luhur katitén yén Dora rék kabur ti kamarna ku cara ngajleng
kana dahal gedé anu ampir antel kana kaca jandéla kamarna. Sabada kabur ti imahna,
Dora ngalaman hal-hal disaluareun norma jeung adat anu geus diajarkeun ku
indungna. Dina cutatan di luhur mémang teu dijelaskeun kalawan jéntré hal-hal anu
kaalaman ku Dora, tapi dina cutatan di handap, bakal katingali kabiasan Dora salila
kabur ti imahna, manéhna mindeng rerencepan paduduan jeung si Koboy, kabogohna.
Hal éta leuwih dijéntrékeun dina cutatan di handap.
KOBOY NUNGTUN DORA MURU RANJANG. BARI SEMU NU ASA-ASA, KALACAT DORA KANA RANJANG.
(kaca 31)
Tina cutatan di luhur, katitén yén Dora rék ngalakukeun hal anu teu wajar
jeung si Koboy, di jero kamar. Hal ieu mangrupa akibat tina Dora anu remen kabur ti
imah. Dina cutatan ieu, pangarang hayang némbongkeun kalawan jéntré hal anu
mindeng kaalaman upama Dora keur kabur. Tina cutatan di luhur, écés pisan yéh hal
anu dialaman Dora jeung Koboy téh hal anu teu ilahar pikeun sapasang manusa anu
tacan sah laki rabi. Hal éta ogé bisa mangrupa conto yén dina jaman ayeuna lolobana
budak lalaki atawa awéwé geus taya kaéra, geus nganggap hal anu kitu téh hal anu
biasa tur remen karandapan ku para rumaja jeung sapasang manusa anu keur
bobogohan. Salian tina cutatan di luhur, téma pergaulan bébas ogé katitén tina cutatan
di handap.
TEU LILA LOL DORA ASUP TINA JANDÉLA. LEUMPANGNA SOSOLONTODAN LANTARAN KEUR MABOK PARNA. (kaca 36)
Cutatan di luhur mangrupa akibat tina Dora anu teu katalingakeun ku kolot.
Dina dialog atawa narasi saacana, kacaritakeun yén Dora pernah kabur ti imah tuluy
dipapatahan ku indungna, tapi teu sabaraha lila, Dora kabur deui sanggeus didatangan
ku Koboy ka jero kamarna. Indungna ngira-ngira yén Dora moal kabur deui, tapi dina
kanyataanna mah teu kitu. Dora kabur deui ku cara ngajleng kana dahan gedé anu
antel kana kaca jandéla kamarna. Waktu Dora nepi imah, kaayaanna mingkin teu
wajar. Dora datang dina kaayaan mabok parna sarta maké papakéan anu jauh tina
adat jeung kabiasaan. Hal anu karandapan ku Dora éta écés pisan yén salila Dora
41
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kabur ti imahna téh, Dora asup kana pergaulan bébas, anu teu maliré kana norma
jeung aturan. Taya deui arepkeuneun pikeun Dora, hirupna geus ruksak lantaran
kabawa ku sakaba-kaba. Salian tina cutatan di luhur, kajéntrékeun ogé tina cutatan di
handap ngeunaan laku lampah Dora.
BIBI (KA MAMIH) Bahamna bau alkohol, Ibu. MAMIH Geus ruksak hidep téh, Dora! Ruksak! Ti semet ayeuna jeung saterusna, hidep bakal terus ditalingakeun, sarta jandéla bakal ditutup rapet-rapet. Bibi rék sina tuluy ngajagaan hidep di ieu kamar. (kaca 37)
Dina cutatan di luhur écés pisan kaayaan Dora anu hirupna geus ruksak akibat
tina pergaulan bébas salila kabur ti imah pikeun duduaan jeung si Koboy. Dora
ngalaman hal-hal anu teu sawajarna, ngalakukeun hal-hal anu teu sakuduna
dilaksanakeun ku hiji wanoja. Dina ieu carita, kacaritakeun Dora jeung Koboy
mindeng kaluar rerencepan tuluy Dora jadi jalma ruksak anu papakéanana geus
kaluar tina norma kasopanan anu dibikeun ku indungna ti leuleutik sarta geus wani-
wani mabok. Dina kanyataanna, urang salaku manusa kudu pinter-pinter milih batur
ulin utamana panutan sangkan teu deukeut jeung jalma-jalma anu bakal ngaruksak
diri sorangan. Didikan kolot jeung lingkungan tangtu manggaruhan kana kadinamisan
pribadi manusa. Dina cutatan di handap, katitén bukti yén salila ieu Mamih geus
salah ngatik anakna. Hal ieu katién ogé tina cutatan di handap.
MARDI Bénten atuh éta mah, Ibu. Néng Dora alim disaréngan ku Ibu, hoyong nyalira baé. Salami ieu Ibu langkung suka nyaksian putri Ibu ngaringkeb di kamarna batan ngantep senang-senang jeung réréncanganana. Ibu kalah anteng ngantep putri Ibu ngobrol jeung barang-barang paéh atawa manusa-manusa hayalanana. MAMIH Sambarangan pisan ngocoblak téh, Mardi. Dasar biwir teu diwengku, bari teu nyaho naon alesanna pangna kuring ngatik anak ku cara kitu. MARDI Naha Ibu yakin, cara kitu téh cara anu saé? Ibu teu kedah kasieunan teuing ku minggatna putri Ibu…. (kaca 33)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi, palayanna ngajelaskeun yén salila ieu
Dora hayang hirup bébas, hayang ulin kamana-mana sorangan teu dibarengan ku
42
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
indungna. Dora hayang ngarasakeun dunya saluareun imahna tur hayang miboga
babaturan ulin, Dora ogé hayang milih sorangan panutan anu cocog keun manéhna.
Tapi salila ieu Mamih anu ngatur sagala hirup Dora ti mimiti pangabutuh anu
pangleutikna nepi ka pangabutuh anu panggedéna. Hal ieu dikedalkeun ku Mardi
lantaran Madri geus mindeng ngadéngé eusining haté Dora ngeunaan kabosen jeung
kajenuh sabab geus hirup dikungkung ku indunga, tapi hal-hal anu dikedalkeun ku
Mardi teu ditarima ku indung Dora. Indung Dora keukeuh yén manéhna geus ngarasa
bener pikeun ngatik anak ku cara kitu, antukna dina dialog di luhur, Mamih kacida
ambekna waktu ngadéngé omongan Mardi ngeunaan Dora. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
MARDI (MINGKIN NAÉK ÉMOSINA) Rék kumaha Néng Dora bisa hirup mandiri lamun hirupna teu weléh dituyun baé, teu weléh disaréngan baé? Mangga lenyepan, Ibu, lamun tos waktosna Ibu ngantunkeun, naha Néng Dora ogé kedah nyarengan Ibu ka alam kubur? MAMIH Bibi… geuwat geura usir! MARDI (TAMBAH SUMANGET) Ngurus anak lain saukur maraban jeung ngadidikna ku matéri, Ibu. Kanyaah Ibu anu sakitu kaleuleuwihina saéstuna mangrupa siksaan keur Néng Dora. (kaca 35)
Dina cutatan di luhur, écés pisan yén salila ieu Mamih geus salah ngadidik
Dora. Dina dialig di luhur, katitén yén Mardi ngarasa keuheul sabab Mamih masih
kénéh keukeuh yén cara manéhna ngadidik Dora téh cara anu bener. Mamih ngambek
ka Mardi lantaran Mardi teu nyaho pangna Mamih geus ngatik ngadidik Dora ku cara
kitu. Dina hal éta, kapanggih hal anu jadi téma dina ieu naskah drama, nya éta
kasalahan didik ti kolot anu ngabalukarkeun anakna asup kana pergaulan bébas. Dora
moal ngalaman gaul jeung sagawayah jalma lamun indungna ngidinan Dora pikeun
gaul jeung batur, antukna Dora bisa nyaho kana hal anu bener jeung hal anu salah,
kitu deui jeung rasa kapanasaran Dora kana dunya saluareun imahna moal gedé anu
antukna bakal ngabalukarkeun Dora kabur. Kanyaah anu kaleuleuwihi bisa malik
ngabalukarkeun diri sorangan. Dina ngadidik budak, sakuduna kolot ulah teuing
ngabébaskeun pergaulanana, tapi ogé ulah teuing ngungkung kabébasanana. Kudu
43
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
saimbang sangkan barudak bisa ngarasaan hal-hal anu sakuduna dirasakeun tur bisa
milih jeung mikanyaho mana hal anu bener jeung mana hal anu salah.
Salian ti pergaulan bébas jeung kasalahan didik ti kolot, moral budak jaman
ayeuna ogé jadi téma séjénna. Hal itu katitén tina cutatan di handap.
DORA Mih, Dora téh hoyong nangtoskeun nyalira, iraha saréng ka mana Dora badé jalan-jalan. Salami ieu mung ukur Mamih anu nangtoskeun. Badé iraha atuh Mamih maparin kasempétan ka Dora, kanggo jalan-jalan nyalira? MAMIH Moal, satungtung henteu dibarengan ku Mamih! DORA (NGALÉLÉWÉ) Moal satungtung henteu dibarengan ku Mamih! MAMIH (NYURENG) Dora! (kaca 14)
Dialog di luhur écés pisan némbongkeun moral budak jaman ayeuna. Dina
dialog di luhur ketitén Dora ngabudalkeun eusining haténa yén manéhna hayang
ngarasaan dunya saluareun imahna, Dora hayang ngarasaan indit kamana-mana
sorangan, tapi dina ngabudalkeun eusining haténa, Mamih salaku indungna teu
narima kana kahayang Dora anu antukna Dora ngarasa keuheul kana kekecapan anu
mindeng dikedalkeun ku Mamih. Dora wani ngaléléwé ka nu jadi indungna, taya rasa
hormat jeung ngajenan kana kanyaah indung anu salila ieu geus nyaah pisan ka Dora.
Kaayaan Dora anu teu bisa dipapatahan ku kolot mangrupa conto hal anu kaalaman di
jaman ayeuna. Budak jaman ayeuan leuwih sering ngaléléwé waktu dipapatahan
batan ngadéngékeun sarta tumut kana omongan kolot. Salian ti éta, katitén ogé tina
cutatan di handap.
DORA Naonna nu bejad, Mamih?! Naha Mamih keur anom teu ngalaman ciciuman kitu? TEU KAWAWA, NGAN PLAK, PLAK, PLAK, MAMIH NAMPILING PIPI DORA TILU KALI MAMIH Teu nyaho di adat! DORA Sok wé teras tampiling, Mih. Ku naon bet henteu teras?! Atawa sakantenan wé paténi. Mending maot batan dikungkung baé mah. Mih, naha Mamih teu tiasa ngarampa batin Dora?! Kikieuan téh kapaksa, margi tos teu sabar hoyong ngawujudkeun kabébasan anu salami ieu diangen-angen ku Dora.Mun Dora nyuhunkeun widi ti Mamih, tangtosna Mamih moal ngawidian. (kaca 28)
44
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dialog di luhur mangrupa hal anu jadi téma dina ieu carita. Dina kajadian di
luhur, kacaritakeun yén Dora kanyahoan geus kabur ti imahna. Waktu Dora balik ka
imah, manéhna téh dianteur ku lalaki. Indungna tatanya ngeunaan laku lampah anu
kakara dipilampah ku Dora, tapi Dora ngajawab patalékan indungna kalawan taya
rasa sopan santun, taya rasa hormat, malah mah ngajawabna ogé kurang ajar. Hal éta
anu nyieun indungna ambek. Ambek kana dua hal, anu kahiji ambek lantara Dora
geus teu sopan ka indungna, anu kadua lantaran Dora geus wani-wani kaluar tur
bobogohan jeung lalaki anu teu dipikanyaho bibit bobotna ku indung Dora. Rasa
kakeuheul Mamih diterapkeun ku cara nampiling Dora, tapi dina kaayaan anu geus
kitu, Dora malah mingkin kurang ajar, manéhna beuki wani ngalawan sarta curak-
carék ka nu jadi indung. Sanggeus ditampiling, Dora mingkin ngabudalkeun eusining
haténa yén manéhna geus kapaksa kabur sabab manéhna geus teu tahan hirup
dikungkung anu antukna teu bisa ngarasakeun dunya saluareun imahna. Tina kajadian
di luhur, écés pisan yén Dora miboga moral anu goréng. Ngaléléwé ka kolot,
ngalawan ka kolot, curak-carék ka kolot sarta wani kurang ajar ka kolot mangrupa hal
anu mindeng karandapan ku budak jaman ayeuna. Moral budak ayeuna anu geus
bobrok sarta rasa sopan santun jeung adat istiadat anu geus teu bisa diajénan ti budak
ka indungna. Lolobana budak jaman ayeuna kalah ka ngaléléwé waktu dipapatah ka
kolot, malah aya anu nepikeun ka ngalawan sarta males nyarékan kalawan kekecapan
anu teu merenah. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
GAMPLENG BAÉ MAMIH NGAGAMPLENG PIPI DORA. DORA TEU CICINGEUN, MALIK KU NGABALES NGAGAMPLENG PIPI MAMIH (kaca 38)
Cutatan di luhur mangrupa narasi waktu Dora dipapatahan ku indungna
lantaran geus kanyahoan kabur. Kacaritakeun yén Dora balik ka imahna dina kaayaan
mabok parna. Hal éta anu nyieun indungna Dora keuheul tur ambek, anu satuluyna
ngomong kamana karep. Mamih anu émosina geus naék kapaksa kudu nampiling
Dora sangkan Dora sadar kana laku lampahna, tapi dina kaayaan mabok parna, Dora
kalah ka malik nampiling Mamih anu satuluyna Dora paséa jeung Mamih. Tina
cutatan di luhur écés pisan némbongkeun kumaha kalakuan budak jaman ayeuna
45
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
waktu dipapatahan ku kolot. Teu saeutik budak jaman ayeuna anu maké fisik waktu
manéhna teu narima dipapatahan atawa diomongan ku kolot. Loba pisan kasus-kasus
dina berita anu nyebutkeun yén aya budak anu asup pangbuian lantaran geus maténi
indungna. Hal ieu écés pisan yén pangarang hayang ngangkat téma anu keur
karandapan ku moral budak jaman ayeuna di masarakat.
Cindekna, dialog-dialog jeung narasi di luhur mangrupa potrét moral budak
jaman ayeuna anu geus bobrok diakibatkeun ku kabébasan anu taya watesna. Dialog
di luhur ngagambarkeun pisan kumaha cara Dora ngabales omongan indungna. Salila
ngobrol jeung indungna, Dora teu maké tata karma jeung sopan santun. Malah mah
Dora kalah ka ngabales omongan indungna ku cara curak-carék jeung suntak-sentak
sarta wani nampiling. Hal ieu, kaalaman pisan ku budak jaman ayeuna anu moralna
geus taya arepkeuneun, taya sopan santun sarta teu paduli kana adat istiadat anu geus
diajarkeun ti leuleutik. Dina ieu naskah, pangarang némbongkeun pisan moral-moral
budak anu mindeng karandapan di masarakat anu ngagugu naspsu tur teu bisa nahan
émosi.
3) Fakta carita
Fakta carita ngawéngku alur, tokoh jeung penokohan, sarta latar.
(1) Alur
Alur dina ieu carita ngagunakeun alur mérélé. Téori anu dipaké dina medar
naskah drama “Manusa Jero Botol” ngagunakeun téori struktur dramatik Aristotélés
anu ngawéngku éksposisi, komplikasi, klimaks, résolusi jeung konklusi. Dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” katitén struktur dramatikna anu dibahas dina cutatan di
handap.
a. Éksposisi
Éksposisi mangrupa bubuka anu ngabahas ngéunaan sababaraha hal pikeun
maham caritaan. Sabada ditalungtik, dina naskah “Manusa Jero Botol” kapanggih
struktur dramatik éksposisi. Hal ieu katitén dina cutatan di handap.
PANGGUNG NGAGAMBARKEUN KAMAR HIJI MOJANG UMUR 20 TAUNAN, ANAK RANDA BEUNGHAR, PAMAJIKAN JUTAWAN MANTEN.
46
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ÉTA KAMAR PERENAHNA DI LANTÉ DUA, DIHIAS KU JANDÉLA-JANDÉLA KACA ANU TÉMBONG DI LATAR-TUKANG PANGGUNG. DI SATUKANGÉUN JANDÉLA AYA HIJI TANGKAL GEDÉ ANU DANGDAUNANANA MÉH BAÉ ANTEL KANA KACA JANDÉLA. DI ÉTA KAMAR PARAGPAG PAPARABOTAN ANU MARAHAL. TEU TINGGALEUN BONÉKA-BONÉKA JEUNG BACAAN. OGÉ PARAGPAG BOTOL-BOTOL ANU PATING JALAJAR DI HIJI TEMPAT. LIAN TI PANGGUNG ANU NGAGAMBARKEUN KAMAR TÉA, AYA DEUI PANGGUNG LEUTIK –BISA OGÉ LÉVÉL, ATAWA NAON BAÉ—ANU TEMPATNA MISAH (BISA DI MANA WAÉ), TEMPAT “MATUHNA” ASÉP GOLÉR (ASGOL), ANU DINA IEU SANDIWARA “NYEPENG” LALAKON, ANU BOGA IMPIAN, MALAH SAKALIAN MINANGKA NU JADI NARATOR…. (kaca 2)
Cutatan di luhur, kaasup kana éksposisi anu ngajelaskeun tokoh jeung
kaayaan tempat. Dina narasi di luhur katitén yén tempat dina éta carita téh aya dua,
nya éta kamar hiji mojang anu perenahna di lanté dua, aya tatangkalan anu
dangdaunanana antel kana kaca jandéla kamar, jeung di jerona loba parabot marahal,
bonéka sarta botol-botol anu pating jalajar. Anu kadua nya éta kamar atawa tempat
matuhna tokoh Asép Golér (Asgol) salaku lalakon anu boga impian sakaligus tokoh
anu nyekel carita. Tina cutatan di luhur katitén tokoh anu aya dina éta naskah drama
nya éta mojang anu umurna 20 taunan jeung tokoh Asép Golér atawa Asgol anu dina
éta lalakon salaku narator atawa panganteur carita. Jadi bisa dicindekkeun tina narasi
di luhur yén kaayaan tempat dina éta naskah drama nya éta hiji kamar mojang jeung
tempat matuhna tokoh Asgol. Tokoh anu aya dina éta naskah drama nya éta mojang
umur 20 taunan anu tacan disebutkeun ngarana sarta tokoh Asgol salaku natrator.
Salian tina cutatan di luhur, bagian éksposisi ogé katitén tina cutatan di handap.
DI PANGGUNG UTAMA KASAMPAK NÉNG DORA KEUR DARIA LATIHAN BÉLADIRI... BARI TEU KANYAHOAN KU DORA, MARDI --PELAYAN ANYAR DI ÉTA KULAWARGA—NGAJANTENG DI LAWANG PANTO, NYÉRANGKEUN NU KEUR LATIHAN, BARI LEUNGÉUNNA NU DUA NANANGGÉUY BAKI DIEUSI BOTOL JEUNG GELAS INUMAN. MATANA TEU NGICEUP-NGICEUP MELONGKEUN KA ÉTA MOJANG…
(kaca 3)
Dina cutatan di luhur, katitén kaayaan latar dina bubuka sarta katitén ogé
ayana hiji tokoh anu ngarana Dora. Kacaritakeun yén tokoh Dora keur latihan béladiri
sarta aya tokoh Mardi anu keur cicing di lawang panto ningalikeun Dora. Kaayaan
Mardi dina éta bubuka nya éta, Mardi keur nempokeun Dora latihan sarta panonna
teu ngiceup-ngiceup némpokeun Dora latihan. Dua leungeunna keur naggeuy baki
47
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu dieusi ku botol jeung gelas inuman. Jadi, latar tempat anu aya dina bubuka
naskah nya éta di kamar, sabab hal ieu dijelaskeun dina narasa saacana anu
nyebutkeun latar tempat ieu naskah drama nya éta kamar hiji mojang umur 20 taunan.
Sabada ditilik tina cutatan di luhur, bisa katitén ogé yén mojang anu dijelaskeun dina
narasi saacanna téh ngaranna Dora. Salian ti éta, kasebut ogé ngaran hiji tokoh,
ngarana Mardi salaku palayan anyar di éta kulawarga. Narasi di luhur némbongkeun
éksposisi anu ngawanohkeun ngaran jeung kaayaan atawa kabiasaan tokoh utama,
nya éta mindeng latihan béladiri. Hal ieu bisa katitén tina narasi saacana anu
nyebutkeun yén kaayaan kamarna aya buku bacaan ngéunaan béladiri. Jadi, bisa
dicindekkeun yén tokoh utama dina ieu carita ngarana Dora, sarta boga kabiasaan
latihan béladiri. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA Ah, baréto wé kungsi ngarasakeun bagja téh. Da ayeuna mah teu kitu, Mardi. Nu ngarana bagja téh ayeuna mah ngan saukur kecap anu henteu napel dina rasa. MARDI Baruk? Janten barang-barang anu aya di dieu, anu mapaés kaéndahan ieu kamar, henteu cekap kanggo mapaés kabagjaan dina kolbu Néng Dora? Padahal biasana mah kaom wanita sok kabitaan ku rupa-rupa barang, komo ieu barang-barang méwah. Mun seug ninggang ka diri Mardi mah, meureun bagjana gé liwat saking. (kaca 4)
Cutatan di luhur némbongkeun éksposisi dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” anu ngabahas kaayaan batin tokoh Dora. Dina dialog di luhur, katitén yén
tokoh Dora téh teu bisa ngarasakeun kabagjaan. Sagala harta banda jeung barang-
barang anu aya di kamarna teu bisa nyieun kabagjaan keur Dora lantaran manéhna teu
bisa ngarasakeun kabébasan, kitu deui jeung barang sarta pangabutuh anu salila ieu
dicumponan ku indungna. Sagala pangabutuh Dora anu dicumponan téh teu bisa
nyieun hirup Dora nyeuseup kabagjaan. Dina dialog di luhur, tokoh Mardi ogé
nyipta-nyipta upamana sagala hal sarta pangabutuh anu dialaman ku Dora téh bisa
kaalaman ogé ku manéhna, tina hal éta, bisa katitén ogé yén kaayaan tokoh Mardi nya
éta hirup pas-pasan atawa kaasup kana golongan jalma anu menengah kebawah, anu
hirupna teu siga Dora. Sagala pangabutuh Mardi teu langsung dicumponan kawas
kahirupan Dora. Salian ti éksposisi di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
48
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MARDI Naon? Néng Dora hoyong ngalaman tunggara cinta? DORA Enya, Mardi. Hayang pisan. Cing, sugan boga saran, Mardi? MARDI Papacangan wé jeung playboy, Néng Dora. yakin geura, moal dugi ka sasasih ogé bakal tunggara. Malah dijamin Néng Dora bakal remuk manah. DORA Tong boroning jeung playboy, dalah jeung lalaki nu balég ogé sok tara aya waé kasempetan, Mardi. Saumur-umur can kungsi ngarasakeun kacinta ti hiji lalaki, iwal kacinta Papih anu geus taya di kieuna. Papih gé sarua wé jeung Mamih, teu weléh ngungkung diri kuring. (kaca 5)
Cutatan di luhur kaasup kana éksposisi anu nyaritakeun kaayaan batin tokoh
Dora. Tina cutatan di luhur, mimiti kacaritakeun kaayaan Dora anu teu bisa
ngarasakeun kabagjaan. Dina cutatan di luhur, kacaritakeun Mardi keur nyarita ka
Dora yén manéhna mindeng lara tunggara alatan cinta, hal éta dianggap kabagjaan ku
Dora sabab manéhna mah teu bisa ngarasakeun rasa cinta ka lalaki. Tong boroning
ngarasakeun rasa cinta ka lalaki, dalah ngarasakeun lara tunggara alatan cinta ogé
tacan kungsi kaalaman ku Dora. Dialog di luhur ngajéntrékeun cukang lantaran
manéhna teu bisa ngarasakeun kabagjaan. Dora ngabudalkeun eusining haténa ka
Mardi yén manéhna teu bisa bébas nyeuseup kabébasan dunya diluareun imahna
sabab hirupna dikungkung ku indungna. Tong boroning ngarasaan hal-hal anu
sawajarna, ngarasaan hal anu teu wajar saperti ngarasaan rasa lara tunggara alatan
cinta waé tacan pernah kaalaman ku Dora. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé
éksposisi dina cutatan di handap.
MARDI Néng Dora ngoléksi botol-botol urut? Kanggo naon? DORA Éta téh batur ngobrol, Mardi. (NGADEUKEUTAN BOTOL-BOTOL) Maranéhna sok méré inspirasi-inspirasi anyar ngeunaan hartina hirup. Kuring teu nganggap maranéhna téh botol. Geus dianggap manusa wé ku kuring mah. Sarua jeung urang. Boga peran séwang-séwangan, boga karakter jeung kaahlian séwang-séwangan. (kaca 6)
Cutatan di luhur kaasup éksposisi anu nyaritakeun kaayaan, kahirupan jeung
kabiasaan tokoh Dora sapopoéna. Dina dialog di luhur, katitén yén Dora boga
49
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kabiasaan pikeun ngoléksi botol-botol urut. Éta botol-botol téh remen diajakan
ngobrol salaku babaturan anu salila ieu teu dipiboga ku Dora. Salian ti éta, botol-
botol anu aya dikamarna téh remen méré inspirasi-inspirasi anyar ngéunaan hirup.
Dora bisa diajar harti ngeunaan hirup ngaliwatan botol-botol anu aya dikamarna, anu
remen diajak ngobrol sarta dijadikeun babaturan pikeun ngusir rasa kasepina anu teu
bisa nyeuseup dunya saluareun imahna. Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé
éksposisi dina cutatan di handap.
DORA Untung pisan anjeun mah, Mardi. Untung lantaran bisa bébas ngedalkeun rasa cinta ka wanoja anu dipikacinta ku anjeun. Untung ogé ka para wanoja anu geus meunangkeun rasa cinta ti anjeun atawa ti lalaki séjénna. Sedengkeun kuring, kuring mah teu kungsi meunangkeun duanana. Méré atawa dibéré. Nampik atawa ditampik. Hayang pisan kuring ngadéngé kekecapan cinta ti hiji lalaki, boh ti saha baé, ti golongan mana baé. Cék Sulastri, mangsa-mangsa saperti kitu téh mungguh kasara éndahna. Ah, mun seug ayeuna bet ujug-ujug baé aya lalaki nu ngedalkeun rasa cintana, kacipta bungahna ieu haté. Bagja temenan, meureun…. (kaca 9)
Cutatan di luhur kaasup kana éksposisi anu nyaritakeun kaayaan tokoh Dora
atawa kaayaan batin tokoh Dora. Dina cutatan di luhur, kacaritakeun yén Mardi jeung
Dora keur cacarita, Mardi nyebutkeun yén manéhna geus kungsi ngedalkeun rasa
kacinta, sarta mindeng ngarasakeun ditampik ku nu jadi awéwé. Hal ieu miboga
babandingan anu patukang tonggong jeung kaayaan Dora anu tacan kungsi
bobogohan. Dina cutatan di luhur dijelaskeun yén salila hirupna, tokoh Dora tacan
pernah ngarasakeun cinta, tacan pernah ngarasakeun rasana bobogohan, tacan pernah
ngarasakeun rasana nampik rasa kacinta atawa ditampik rasa kacinta ku lalaki, méré
rasa kacinta atawa dibéré rasa kacinta ti lalaki. Dora mindeng ngadéngé béja ti batur
SMA na yén mangsana ngarasakeun rasa kacinta téh mangrupa mangsa anu
pangéndah-éndahna sarta manéhna ogé miboga harepan yén aya hiji lalaki anu bisa
ngedalkeun rasa kacintana ka Dora. Tina cutatan di luhur bisa dicindekkeun yén,
tokoh Dora tacan kungsi pisan ngarasaan mikacinta atawa dipikacinta ku lalaki,
kaayaan batinna teu sehat sarta hirupna geus teu mirasa atawa teu miboga gairah
pikeun ngajalanan hirup anu sakitu éndahna. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé
éksposisi dina cutatan di handap.
50
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DORA Tuluyna pan ngarasa kakungkung, nya? (SUMANGÉT) Tangtu wé, Mardi, nya tangtu wé! Éta pisan nu karasa mangtaun-taun téh. Kuring kakungkung di imah sorangan. Ieu imah teu béda ti pangbuian. Kakeuheul kuring leuwih-leuwih ti kakeuheul anu dirasakeun ku anjeun ayeuna. Kanyaah Mamih nu kaleuleuwihi, kacida ngiket kana diri. Tapi sanggeus Papih maot mah…. Tapi kétah Papih gé sarua wé. Sok tara ngidinan mun kuring rék ulin jeung babaturan téh. Hariwang, cenah. Sakalina bisa kaluar, kudu baé dibarengan ku Mamih. Basa acara tepungtaunna Sulastri gé kapan kudu ditalingakeun ku Mamih. Ka modél-modél baju nu rék dipaké, kudu baé luyu jeung karesep Mamih. Nyaho teu, Mardi, Mamih tangtu bakal bendu mun seug ningali kuring dandan samodél kieu. (DORA MAKÉ KAOS/T-SHIRT SINGLÉT JEUNG CALANA PONDOK TINA KULIT). Mamih mah égois, kapalayna teu bisa dipungpang. Enya sih éta téh wujud kaasih jeung kanyaah Mamih, tapi Mamih teu ngarti yén kuring hayang nyorang kahirupan anu saéstu, anu mandiri..... (kaca 10)
Cutatan di luhur kaasup kana éksposisi anu ngajelaskeun kaayaan batin jeung
perasaan tokoh Dora. Dina dialog di luhur, katitén yén tokoh Dora ngabudalkeun
sagala eusining haténa ka Mardi yén salila ieu manéhna ngarasa hirup kakungkung ku
indungna, manéhna ngarasa teu bébas dina nangtukeun jalan hirup, lain ngan saukur
diatur pikeun ulin jeung saha waé, tapi kana baju-baju anu kudu dipaké ku Dora ogé
geus ditangtukeun ku indungna. Manéhna ngarasa kawas cicing di pangbuian lantaran
hirupna geus diatur ku indungna. Dora dididik ku indungna anu kacida tumut kana
aturan agama. Indungnaa bakal bendu lamun ningali Dora maké papakéan anu sexy
atawa teu nutup aorat. Tug Dora inget waktu Sulastri, babaturanna tepung taun. Dora
datang ka acara tepung taunna sulastri bari dibarengan ku indungna. Dora ngarasa
bosen geus hirup siga kitu salila mangtaun-taun, manéhna hayang bébas, hayang
nyobaan hirup mandiri anu salila hirupna teu dibarengan ku indungna atawa diatur-
atur ku indungna, manéhna hayang jadi jalma mandiri sarta bisa nangtukeun sagala
hal ku sorangan. Salian ti éta kapanggih ogé yén Dora hirup dikungkung kawas kitu
lain ti saprak Papih maot tapi ti saacanna gé geus dikungkung. Waktu Papih aya
kénéh gé, manéhna geus ngarasakeun hirup kawas dibangbuian, teu bisa ngarasakeun
kabébasan dunya diluareun imahna. Cindekna, dialog diluhur mangrupa alasan anu
pasti tina sakabéh kahayang Dora tina dialog-dialog séjénna. Salian tina cutatan di
luhur, katitén ogé éksposisi dina cutatan di handap.
51
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BIBI Aya peryogi naon, Néng Dora? DORA Itu kembang tacan dicébor, Bibi. Geura cébor atuh. BIBI Mangga, Néng Dora. Ké badé disiapkeun heula getihna, nya. (kaca 10)
Cutatan di luhur kaasup kana éksposisi anu ngajelaskeun kabiasaan tokoh
Dora unggal poéna. Dina dialog di luhur katitén tokoh Dora anu ngingétan jeung
nitah tokoh Bibi pikeun nyébor kembang anu tacan dicébor. Dina dialog éta, Bibi
ngajawab kahayang Dora yén manéhna rék nyiapkeun getih pikeun nyébor kembang.
Kabiasaan Dora ieu katitén tina dialog paréntah Dora, dina dialog éta aya kalimah
”Itu kembang tacan dicébor, Bibi. Geura cébor atuh” anu némbongkeun yén unggal
poé, Dora mindeng nitah Bibi pikeun nyébor kembang anu aya di kamarna ku getih.
Hal ieu mangrupa kabiasaan tokoh Dora, tapi teu dijelaskeun yén kabiasaan éta
dilakukeun dina jam isuk-isuk atawa sore sabab taya katerangan anu némbongkeun
waktu anu jelas pikeun kabiasaan Dora unggal poéna éta.
Sabada ditalungtik, kapanggih sababaraha dialog jeung narasi anu kaasup
kana éksposisi. Éksposisi anu kapangih rupa-rupa, nya éta aya éksposisi tempat jeung
kaayaan atawa setting, éksposisi ngawanohkeun tokoh, éksposisi kaayaan batin tokoh
atawa hal anu karandapan, jeung éksposisi kabiasaan tokoh.
b. Komplikasi
Komplikasi mangrupa penggawatan atawa sambungan tina éksposisi anu
tingkatanana leuwih jangkung batan éksposisi. Sabada ditalungtik, dina naskah drama
“Manusa Jero Botol” kapangih sababaraha dialog jeung narasi anu kaasup komplikasi
carita. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MAMIH Engké sonten anteur Mamih, nya. Urang ka paméran éléktronik. Cenah mah anu dipamérkeunna ogé loba barang kaluaran anyeuna. Jaba éta deuih… kabita ku diskonna, garedé.
DORA Ayeuna mah teu tiasa, Mamih. Nyalira we atuh. Teu sawios pan? (kaca 14)
52
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Cutatan di luhur kaasup kana komplikasi. Kacaritakeun yén Mamih ngajak
Dora sakaligus ménta anteur ka Dora pikeun datang ka paméran éléktronik anu keur
dariskon, tapi Dora nolak kana ajakan Mamih. Sanggeus ditolak ku Dora, Mamih
angger maksa Dora pikeun ngilu ka paméran éléktronik éta. Dina cutatan di luhur,
katitén yén tokoh Dora ngarasa keuheul tur bosen sabab manéhna mindeng indit-
inditan jeung indungna. Kajadian éta mangrupa kajadian mimiti manéhna bisa nolak
ajakan indungna. Hal éta asup kana komplikasi sabab bisa katitén tina dialog di luhur,
tokoh Dora nyokot prakarsa. Anu kaasup prakarsa didieu nya éta waktu Dora nolak
ajakan Mamih anu satuluyna bakal jadi konflik atawa perdebatan panjang antara
Mamih jeung Dora. Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé komplikasi tina cutatan di
handap.
MAMIH (HERAN) Aya naon ieu téh? Naon nu dimaksud uncal, soang, beurit, jeung maung téh? BIBI (ARAPAP-AREUPEUP) Eu… kieu, Ibu…. Aduh, kumaha nya? Kieu… eu… uncal téh kerang, soang kentang, beurit mah… éta… DORA Endog hayam. BIBI Tah éta, muhun, leres endog hayam, Ibu. Néng Dora mah sok ngarobih-robih nami numutkeun hartosna nyalira. Maksadna, uncal sesah dipilari, kentang tos seep, ari endog hayam mah… DORA Gampil dipilarina, da aya dimana-mana. MAMIH Oh sugan téh naon. Terus, ari maung maksudna naon? (kaca 16)
Cutatan di luhur kaasup kana komplikasi. Kacaritakeun dina cutatan di luhur
yén Bibi asup ka kamar Dora pikeun nyébor kembang saperti biasana, tapi kabeneran
dina poé éta, indung Dora keur aya dikamarna anu satuluyna Dora sacara réfléknanya
ka Bibi yén getih naon anu dipaké pikeun nyébor kembang poé téh, tapi Dora
nanyakeun ngeunaan getih anu dipaké nyébor éta téh ku cara nyebutkeun ngaran
sasatoanna wungkul anu satuluyna Mamih ngarasa heran tina obrolan Dora jeung
Bibi. Dina dialog Mamih, Dora jeung Bibi, Dora ampir kanyahoan ku Mamih yén
53
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
manéhna mindeng nitah Bibi pikeun nyébor kembang maké getih sato. Tapi waktu
kacurigaan éta ampir kanyahoan ku Mamih, Dora jeung Bibi buru-buru néangan akal
pikeun ngajawab patalékan Mamih anu satuluyna teu nyieun Mamih curiga kana
kabiasaan Dora jeung Bibi. Dina dialog di luhur kajelaskeun yén Dora jeung Bibi
nyokot prakarsa anu satuluyna asup kana penggawatan. Prakarsa didieu nya éta
waktu Mamih curiga tur nanya ngeunaan ngaran sasatoan anu disebutkeun ku Bibi,
tapi ku akalna Dora jeung Bibi, maranéhna bisa mélokkeun kacurigaan Mamih ku
jawaban anu asup akal. Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé komplikasi tina
cutatan di handap.
LÉOS BAÉ DORA MURU KA JANDÉLA. KALACAT KANA JANDÉLA NU GEUS MUKA, JLENG BAÉ NGAJLENG KANA DAHAN GEDÉ ANU AMPIR ANTEL KANA KACA JANDÉLA TÉA... (kaca 24)
Cutatan di luhur kaasup kana komplikasi. Dina cutatan di luhur katitén yén
Dora mimiti boga kawani pikeun kabur ti imahna tuluy nyeuseup dunya anu bébas.
Dora wani kabur ti imahna sanggeus ngadéngé haréwos botol-botol anu aya di
kamarna. Sabada mikirkeun kalawan sababaraha tinimbangan, Dora ahirna kabur ti
kamarna bari jeung teu kanyahoan ku Mamih ku cara ngajleng ka luar tuluy kabur ka
tempat-tempat anu dipikahayangna. Dina kajadian éta, Dora geus teu mikirkeun deui
sagala hal anu hadé sarta goréng, anu kapikir ku Dora ngan saukur hayang bébas sarta
nyeuseup dunya saluareun imahna tur néangan hal-hal anu matak pikasenangeun.
c. Klimaks
Dina naskah “Manusa Jero Botol” kapangih ayana klimaks anu katitén tina
dialog jeung narasi. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
…. TEU LILA TOROJOL MAMIH, MUKA PANTO KAMAR DORA KU KONCI CADANGAN. MAMIH DITUTURKEUN KU BIBI ANJOG KA KAMAR DORA. DUANANA NGARASA HEMENGEUN, TUR KAGETEUN MIREUNGEUH DORA SUWUNG DI KAMARNA. (kaca 25)
Cutatan di luhur asup kana klimaks. Kacaritakeun yén Bibi ngagorowok ti
kamar Dora sabab sieun lamun Dora kunaon-kunaon. Tapi sadatangna Mamih ka éta
kamar tuluy mukakeun panto kamar Dora, duanana beuki tagiwur sabab Dora geus
54
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
teu kapanggih di kamarna. Kamarna geus kosong taya sasaha. Hal éta mangrupa
klimaks sabab kaburna Dora ti imah mangrupa hiji puncak waktu rasa kakeuheul
tokoh utama geus teu bisa ditahan-tahan deui. Salian ti éta, tokoh anu patukang
tonggong mimiti dibarengkeun dina hiji kaayaan, nya éta kaayaan waktu Dora kabur
tuluy kanyahoan ku Mamih anu satuluyna kadua tokoh éta bakal aya dina hiji tempat.
Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé klimaks dina cutatan di handap.
DORA Naonna nu bejad, Mamih?! Naha Mamih keur anom teu ngalaman ciciuman kitu? TEU KAWAWA, NGAN PLAK, PLAK, PLAK, MAMIH NAMPILING PIPI DORA TILU KALI MAMIH Teu nyaho di adat! DORA Sok wé teras tampiling, Mih. Ku naon bet henteu teras?! Atawa sakantenan wé paténi. Mending maot batan dikungkung baé mah. Mih, naha Mamih teu tiasa ngarampa batin Dora?! Kikieuan téh kapaksa, margi tos teu sabar hoyong ngawujudkeun kabébasan anu salami ieu diangen-angen ku Dora. Mun Dora nyuhunkeun widi ti Mamih, tangtosna Mamih moal ngawidian. (kaca 28)
Cutatan di luhur kaasup kana klimaks. Hal ieu bisa katitén tina dialog di luhur
waktu Dora kanyahoan geus kabur ti imah, satuluyna Dora wani ngalawan ka Mamih.
Kacaritakeun yén Dora ngajawab sababaraha patalekan Mamih kalawan kurang ajar
sarta teu mikirkeun norma jeung sopan santun anu lumaku di kulawargans. Hal éta
mangrupa puncak rasa kakeuheul Dora salila ieu anu geus hirup kumbuh dina jero
batinna. Katitén ogé waktu Mamih wani nampiling ka nu jadi anak sabab pari
polahna goréng, teu sopan jeung teu nyaho di adat anu satuluyna paséa. Dora kalah ka
terus nitah Mamih pikeun nampiling manéhna sabab rasa kakeuheul Dora ka Mamih
geus teu bisa ditahan deui. Dora miboga kahayang sangkan Mamih sadar yén Dora
téh mikabutuh kabébasan pikeun sosialisasi jeung batur. Manéhna milih cara kabur
sabab Dora nyaho lamun manéhna ménta widi ka indungna, pasti indungna moal
ngidinan. Dora ogé ngedalkeun kekecapan yén manéhna leuwih milih maot tibatan
kudu hirup dikungkung Saumur hirup. Hal éta némbongkeun yén dina cutatan di
luhur, mimiti ayana tokoh anu patukang tonggong dina hiji tempat anu saterusna
bakal némbongkeun konflik anu jéntré. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di
handap.
55
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MAMIH Geus ruksak hidep téh, Dora! Ruksak! Ti semet ayeuna jeung saterusna, hidep bakal terus ditalingakeun, sarta jandéla bakal ditutup rapet-rapet. Bibi rék sina tuluy ngajagaan hidep di ieu kamar. DORA Oh jadi maih rék terus ngurung Dora, nya? Mending usir wé Dora ti dieu batan hantem baé dikurung mah! MAMIH Mending dikurung di imah tinimbang kukuluyuran peuting-peuting siga palacur. DORA Mending jadi palacur batan salilana dipanjara di ieu imah. MAMIH Dasar anak palacur. (kaca 37)
Cutatan di luhur kaasup klimaks. Kacaritakeun dina dialog yén Mamih bakal
nutup jandéla rapet-rapet sarta nitah Bibi sangkan ngajagaan Dora. Tapi sawangan
Mamih kalah ka ditarima kalawan négatif ku Dora anu satuluyna Dora ngaluarkeun
kekecapan yén manéhna leuwih milih diusir ti imahna tibatan kudu hirup
dikungkung. Satuluyna Mamih méré babandingan keur Dora yén Mamih leuwih
satuju lamun Dora dikurung di imah tibatan kudu kukuluyuran tengah peuting siga
palacur. Dina cutatan di luhur tokoh Mamih jeung Dora keur paséa deui sabab Dora
geus wani kabur deui sarta balik peuting dina kaayaan mabok parna. Papakéanana
anu biasa ditiung nyopan ganti jadi papakean anu teu pantes dipaké ku mojang.
Katitén tina cutatan di luhur Mamih kacida ambekna ka nu jadi anak, rasa kakeuheul
Dora anu salila ieu hirup kawas dipangbérokan sarta rasa kakeuheul Mamih sabab
Dora teu bisa diwarah aya dina puncakna anu satuluyna jadi guntreng tur pakuat-kuat
argumén. Dora anu keukeuh hayang ngarasakeun kabagjaan sarta Mamih anu
keukeuh teu satuju ngabébaskeun Dora, katambah ningali kaayaan Dora peuting
ayeuna anu mabok parna mingkin nyieun Mamih embung ngabébaskeun Dora sabab
hariwang bakal aya kajadian anu leuwih ti éta. Dina cutatan di handap ogé katotén
yén kakeuheul jeung kahariwang Mamih dianggap négatif ku Dora, sabab satuluyna,
Dora ngabalik-balikeun kekecapan Mamih kalawan kurang ajar. Salian tina cutatan di
luhur, katitén ogé klimaks dina cutatan di handap.
56
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MAMIH
(JEJERITAN MÉNTA TULUNG) Dora! Nanaoan éta téh, Dora? Tuluuuung! Tuluuung! Bibi, geuwat telepon pulisi, Bibi! KU LANTARAN MAMIH JEJERITAN, DORA SPONTAN NGABEKASKEUN ÉTA PÉSTOL. DOR!!! KADÉNGÉ SORA TÉMBAKAN, BARI DITUTURKEUN KU SORA NGARUMPUYUKNA. MAMIH KEUNA TEMBAKAN. …. BIBI (MURU KA LEBAH DORA, NARAJANG PINUH AMARAH) Dasar anak iblis! Anak iblis! Anak iblis! (kaca 39)
Cutatan di luhur kaasup kana klimaks. Kacaritakeun yén Mamih jejerita sabab
reuwaseun ningali Dora nyekel péstol. Dina kaayaan Dora anu kawas kitu katambah
Mamih anu jojorowokan, Dora ahirna ngabekaskeun péstol ka arah Mamih anu
satuluyna Mamih tilar. Satuluyna ogé kaalaman ku Bibi, waktu manehna ningali Dora
maténi indungna, Bibi ambek sarta nyampeurkeun Dora ku cara narajang tur
nyebutkeun yén Dora “Anak Iblis”, tapi dina kanyataanna, Dora kalah ka
ngabekaskeun deui péstol ka arah Bibi sarta maténi pembantuna. Tina cutatan di
luhur katitén yén klimaks dina naskah drama ieu nya éta waktu Dora bisa kabur ti
imah sarta waktu Dora ahirna wani maténi indung jeung pembantuna anu taya rasa
dosa. Dora milampah hal éta sabab manéhna geus bener-bener kasiksa, katambah
kaayaanna keur mabok parna anu teu bisa mikir kalawan tenang. Dora teu mikirkeun
yén hal éta kaasup hal goréng atawa hal hadé deui, sabab manéhna geus kapalang
jenuh sarta hayang gera-gera hirup bébas tina kungkungan indungna.
d. Résolusi
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih ayana
résolusi. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MAMIH Naha bet hayang ka ditu? Pan sok diajak lamun pareng ka luar nagri. Ka Éropah, ka Cina daratan, malah kungsi ngalanglang Amérika sagala apanan. MARDI Benten atu éta mah, Ibu. Néng Dora alim disaréngan ku Ibu, hoyong nyalira baé. Salami ieu Ibu langkung suka nyaksian putri Ibu ngaringkeb di kamarna batan
57
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngantep senang-senang jeung réréncanganana. Ibu kalah ngantep putri Ibu ngobrol jeung barang-barang paéh atawa manusa-manusa hayalana. (kaca 33)
Dina cutatan di luhur kacaritakeun yén Mardi keur ngobrol jeung Mamih.
Tina dialog di luhur katitén yén Mardi ngabudalkeun sagala patalékan anu aya
pakaitna jeung kahirupan Dora salila ieu. Mardi nyebutkeun yén Dora téh hayang
bébas, hayang nyobaan indit kamana-mana sorangan teu dibarengan ku Mamih.
hayang ngarasaan hirup mandiri sarta nangtukeun jalan hirupna sorangan. Hal éta
mangrupa résolusi nya éta penyelesaian tina sakabéh konflik anu aya dina hiji carita.
Tina cutatan di luhur katitén penyelesaian na yén Mamih kudu bisa ngabébaskeun
Dora, kudu bisa ngidinan Dora indit-inditan kamana-mana sorangan sarta kudu bisa
ngidinan Dora gaul jeung jalma-jalma anu aya diluareun imahna sabab manéhna
mikabutuh sosialisasi jeung jalma lian. Konflik anu aya dina diri Dora salila ieu nya
éta hayang ngarasaan bébas tur hirup mandiri anu hartina kudu dibéréskeun ku cara
ngidinan Dora hirup bébas tibatan indungna kudu nyaksian Dora ngobrol jeung botol-
botol anu jadi batur hayalanana. Tapi Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé résolusi
dina cutatan di handap
MARDI Néng Dora nyalira anu ngabudalkeun sadaya kereteg haténa. Cenah dirina ngaraos kakungkung di ieu bumi anu sakitu agréng tur sakitu sigrongna. Anjeunna nyalira anu hoyong barontak. Teu aya pangaruh ti Mardi. Mun seug ahirna Néng Dora gaul saréng jalmi nu lepat, éta mah tos résiko,Ibu. Kedahna Ibu anu janten biang sakaligus ogé bapa, ngiring nuyun kahoyong Néng Dora supaya henteu méngpar ka jalan nu teu leres. Sanés malah ngalarang bari teras ngerem dirina di kamar anu sumpeg, dugi ka sapertos manusa jero botol. (kaca 34)
Dina cutatan di luhur, kapanggih hiji alasan anu nyieun Dora kasiksa.
Ngaliwatan omongan Mardi, indung Dora bisa apal kana hal anu jadi alesan Dora
ninggalkeun imah, sarta kumaha carana sangkan Dora teu kabur deui. Ngaliwatan
Mardi, indungna Dora bisa apal hal anu sakuduna dilakukeun pikeun ngadidik Dora
ku cara bener tur bisa nyieun Dora jadi budak anu nurut sarta teu kakungkung ku
indungna. Hal éta ogé ngajelaskeun yén lamun Dora salilana hirup dikungkung, Dora
malah mingkin hayang hirup bébas sarta papanggih jeung jalma-jalma anu teu bener
58
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sabab Dora teu bisa ngabédakeun mana jalma anu bener mana jalma anu teu bener.
Hal éta asup kana résolusi anu sabenerna bisa nganggeuskeun masalah Dora sangkan
teu kabur deui ti imahna. Tapi masalah éta can bisa kaanggeuskeun, sabab Mamih
boga sawangan séjén pikeun ngabéréskeun masalah ku carana sorangan. Salian tina
cutatan di luhur, katitén ogé résolusi dina cutatan di handap
MAMIH
…. Baréto keur rumaja kénéh, mindeng pisan kuring nyipta-nyipta, engké mun geus rumahtangga hayang reuay ku anak. Malah belasan taun méméh rumahtangga, geus disiapkeun sababaraha ngaran keur anak-anak kuring jaga. Sanggeus sababaraha kali gagal ngabina hubungan jeung lalaki, atawa dua taun sabada putus jeung Gabriel, pruk baé kawin jeung Kang Herman. Tapi sanggeus dalapan taun rumahtangga, bet dikersakeun baé teu boga budak. Horéng kuring duaan téh gabug, Bibi. Tepi ka iraha ogé moal boga budak. Mun pareng inget ka dinya, haté téh asa digerihan. Mun nénjo Ibu-Ibu keur ngasuh budak dina karéta dorong, haté asa kaléntab, tayohna timburu naker. Ngadéngé sora orok anu ngéar baé, haté téh asa peurih kacida. Nya ahirna panglumpatan téh jadi mindeng meuli cocooan budak. Sedengkeun salaki leuwih resep ngungurus sato piaraan. Ahirna sapuk wé ngadopsi orok umur genep bulan ti panti asuhan, anu sanggeusna disilik horéng éta orok téh anak palacur anu teu sanggupeun ngarawatna. Tapi kadeudeuh, kaasih jeung kanyaah kuring duaan ka éta budak mungguh taya wates wangenna. Nu matak kuring embung pisan leungiteun manéhna. (kaca 36)
Tina dialog di luhur, kacartitakeun yén Bibi asup ka kamar Dora tur ngadéngé
omongan Mamih anu keur ngomong jeung batinna anu satuluyna Bibi nanyakeun
ngeunaan omongan Mamih anu karasana anéh. Kacaritakeun yén baréto, Mamih téh
kungsi nyipta-nyipta hayang hirup reuay ku anak, tapi sanggeus ngajalanan kahirupan
rumah tangga, Mamih jeung salakina teu bisa boga budak sabab duanana gabug, anu
satuluyna Mamih mindeng meuli cocooan keur budak pikeun ngobatan haténa anu
peurih sabab hayang pisan boga budak. Hal anu sarua ogé kaalaman ku salakina,
manéhna miboga kabiasaan miara sasatoan pikeun jadi pelampiasan tina kahayangna
miboga budak. Satuluyna Mamih jeung salakina sapuk pikeun ngadopsi budak di
panti asuhan anu sanggeus sababaraha bulan diadopsi kapanggih yén budak téh anak
palacur anu teu sanggupeun ngarawatna. Tapi sanajan Dora lain anak tegesna, Mamih
kacida nyaahna ka Dora sabab Dora téh mangrupa anak anu salila ieu dipikahayang
pisan. Tina cutatan di luhur ogé katitén cukang lantaran Mamih anu salila ieu geus
59
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngungkung Dora sangkan teu sagawayah kaluar ti imah atawa gaul jeung saha baé.
Dora téh budak anu dipikahayang pisan ku indung jeung bapana anu nyababkeun
Mamih embung sagawayah méré kabébasan ka Dora sabab sieun anakna asup kana
pergaulan anu teu bener, sieun anakna jadi ruksak kabawa ku sakaba-kaba. Indungna
Dora mikanyaah Dora sanajan Dora lain anak tegesna, sanajan Dora budak meunang
ngadopsi ti panti asuhan, indung Dora embung lamun Dora ngarasakeun kanyeri
sanajan saeutik bakating ku nyaahna ka Dora.
e. Konklusi
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih ayana
konklusi. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
TINGGAL DORA NYORANGAN DI PANGGUNG, KATILU LAYON. JUNG MANÉHNA NANGTUNG, LALAUNAN PISAN. NEUTEUPNA MANTENG KA JAUHNA. TULUY SANGGEUS NGARÉRÉTAN KA SABUDEUREUN KAMARNA, LÉOS BAÉ KA TEMPAT KÉLÉNÉNG LONCÉNG BARI TULUY DIKÉLÉNÉNG-KÉLÉNÉNGKEUN SABABARAHA KALI. GEUS KITU MAH LÉOS BAÉ KA JANDÉLA, NGABIGEU HAREUPEUN JANDÉLA BARI NEUTEUP KA JAUHNA DI LUAREUN JANDÉLA…. (kaca 40)
Cutatan di luhur mangrupa kaayaan pamustungan Dora sanggeus maténi
indung jeung pembantuna. Kacaritakeun yén Dora hirup nyorangan, bingung tur
linglung sabab teu nyaho kudu kumaha, teu nyaho kudu milampah naon. Haténa
ngarasa teu puguh, teuing bagja atawa sedih, bagja lantaran Dora geus bisa hirup
bébas, teu kakungkung saperti baréto atawa sedih lantaran indungna anu salila ieu
geus nyaah sarta ngurus Dora tileuleutik sarta Bibi pembantuna anu satia geus tilar
sabab dipaténi ku manéhna. Hal éta mangrupa salah sahiji konklusi anu nyaritakeun
kaayaan pamustungan masih Dora sanggeus sakabéh konflik jeung klimaks bérés.
Dora ngan saukur bisa ngabigeu hareupeun jandéla kamarna dibaturan ku layon
indung jeung pembantuna, neuteup ka luar imah, ka kajauhan anu teu bisa nyieun
perasaan Dora jadi tenang. Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé konklusi dina
cutatan di handap.
60
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DORA Ayeuna kuring geus nyorangan. Bébas naker ayeuna mah. Kuring bisa ngalengkah ka mana baé anu dipisuka. Kuring gé bébas pikeun némbak diri sorangan. (TULUY NODONGKEUN PÉSTOL KANA PALIPISNA SORANGAN. NGAN WAKTU DIBEKASKEUN, ÉTA PÉSTOL TEU NYOARA) Hanjakal geus euweuh peloran. (TULUY MELONG KA BOTOL-BOTOL) Wayahna, kuring geus teu butuh deui ku maranéh. Malah cua nempona gé. Maranéh kudu nyingkah tina kahirupan kuring. Dora anu salila ieu ngibaratkeun manusa jero botol, geus waktuna hirup kalawan normal. (NYOROWOK) Halik, nyaringkah siah ka itu nyingkah! Nyingkaaaah…! (kaca 40)
Tina cutatan di luhur katitén yén sanggeus maténi indung jeung pembantuna
Dora hirup sorangan, geus bébas ngalakukeun hal naon bé sorangan kaasup pikeun
maténi dirina. Tina cutatan di luhur katitén yén Dora rék maténi dirina sorangan tapi
péstol anu aya dina leungeunna geus taya péloran. Dora melong ka botol-botol anu
salila ieu geus maturan manéhna tina rasa kabosen sarta kajenuhna. Dina kaayaan
saperti ayeuna, Dora kalah ka ngarasa cua waktu nempo botol-botol anu salila ieu
geus maturan dirina. Rasa handeueul lantaran geus maténi indung jeung pembantuna
katémpo tina carana ngagorowok ka botol-botol pikeun nyingkah tina kahirupan
Dora. Cutatan di luhur mangrupa konklusi anu némbongkeun yén dina pamustungan
caritana, Dora ngarasa handeueul sarta teu puguh rarasaan, padahal konflik batinna
geus bérés sarta hahalang pikeun manéhna ngarasakeun hirup bébas geus euweuh.
Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé konklusi dina cutatan di handap
DORA Mangga Pa Hakim, nyanggakeun beuheung teukteukeun. Jisim abdi rumaos geus maténi dua jalmi. Anu hiji pun biang, indung teges sorangan, anu hiji deui mah babu pun biang anu satia, pangasuh jisim abdi ti orok kénéh. Jisim abdi maténi téh sanés pedah hoyong dibui, sanés hoyong dipanjarakeun. Sanaos dina maténi téh jisim abdi keur mabok, tapi anggap baé ku Pa Hakim yén jisim abdi téh henteu keur mabok. Ayeuna jisim abdi rido nampi hukuman naon baé. Mangga, Pa Hakim, hukum baé sabot-abotna. Hukum baé lantaran jisim abdi rumaos lepat. Hukum baé jisim abdi demi kaadilan jeung kateuadilan! Jisim abdi moal rék mindingan kalepatan sorangan…. (kaca 40)
Tina cutatan di luhur katitén yén Dora masrahkeun dirina ka nu jadi hakim,
Dora teu sama sekali ngalawan pikeun ditibankeun hukuman sabab geus milampah
hal anu salah anu geus dilakukeun ku manéhna. Dora pasrah sarta ménta dihukum
61
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sabeurat-beuratna. Dora pasrah tur rido kana hukuman anu ditibankeun ku nu jadi
hakim sabab manéhna rumasa boga salah sabab geus maténi indung anu salila ieu
kacida nyaahna ka Dora, sarta pembantuna anu salila ieu satia sarta milu ngurus
manéhna ti orok kénéh. Dora pasrah lamun kudu dihukum dibui atawa dihukum mati
sabab manéhna sadar kana kasalahan anu geus dilakukeun ku manéhna kacida
dosana. Salian tina cutatan di luhur, katitén ogé konklusi dina cutatan di handap
TI LUHUREUN PANGGUNG, LUR AYA TAMBANG ANU NGAMBAY, ANU NGABENTUK TALI KEUR NGAJIRET BEUHEUNG. UKURANNA BADAG NAKER. TULUY ASGOL NYÉNYÉRÉD DORA KA DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN. TI SAWATARA TEMPAT, TINGTOROJOL JALMA-JALMA MARAKÉ KEDOK, TULUY NGAJALAJAR NGAWANGUN BARISAN, ARAJEG DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN….. (kaca 41)
Cutatan di luhur kaasup kana konklusi sabab hal anu dijelaskeun dina narasi
di luhur mangrupa kaputusan hukuman anu ditibankeun ka manéhna anu jadi
pamustungan nasibna dina carita éta. Katitén yén Dora diséséréd ka deukeut tihang
anu diluhurna aya tali tambang pikeun ngajiret beuheung Dora. Dora manggihan
pamustungan anu teu pikabungaheun sanggeus maténi indung jeung pembantuna.
Dina pamustunganana, Dora asup bui tuluy ditibankeun hukuman di panjara.
Cindekna, tina sababara konklusi di luhur katitén yén dina narasi anu kahiji, kaayaan
Dora sanggeus maténi indungna jeung si Bibi. Dora jadi nyorangan, haténa bingung
kudu kumaha, kudu bagja atawa sedih. Hal ieu ditambahan ku dialog hiji jeung dua
anu mangrupa dialog pribadi atawa kereteg haténa waktu manéhna geus maténi
indungna jeung babuna. Manéhna pasrah rék dihukum gantung, sumerah ka Pa
Hakim anu dina carita éta rék ngaéksékusi Dora. Dina narasi anu kadua atawa anu
pamungkas, katitén yén hukuman pikeun Dora geus mimiti ditémbongkeun, nya éta
waktu ayana tali tambang anu ngambay.
Tina pedaran diluhur bisa dicindekkeun, yén kajadian A mangrupa bubuka
tina carita anu nyaritakeun kaayaan jeung suasana kamar Dora anu pinuh ku barang-
barang mahal tur bonéka-bonéka anu badag anu dipangmeulikeun ku Mamih. Dina
éta ogé kasebutkeun yén kabiasaan-kabiasaan Dora sapopoé saperti latihan béladiri,
62
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nyébor kembang maké getih, jeung kaayaan batin Dora anu kasiksa sabab hirup
dikungkung ku indungna.
Kajadian B nyaritakeun waktu Dora geus jenuh jeung bosen diatur ku
indungna, anu antukna manéhna mimiti nolak ajakan Mamih anu ménta anteur meuli
barang ka tempat paméran éléktronik anu keur diskon. Mamih ngarasa aya hal anu
béda dina diri Dora, katambah waktu Dora mimiti ngaléléwé jeung ngalawan ka
indungna. Dina kajdian éta, Mamih jeung Dora pernah paréa-réa omong sabab Dora
teu daék nurut ka nu jadi indung.
Kajadian C mangrupa bongbolong pikeun hiji pihak, nya éta tokoh Mamih.
Dina kajadian ieu, Mamih mimiti apal sagala rupa hal anu dirasakeun Dora sangkan
manéhna bisa nékad kabur ninggalkeun imah. Dina kajadian ieu, Mamih teu narima
waktu Mardi ngabudalkeun hal anu jadi alesan Dora kabur. Mamih nganggap Mardi
lain sasaha anu satuluyna Mardi di usir ti imah ku Mamih.
Kajadian D mangrupa puncak rasa kabosen Dora anu hirup di kungkung ku
indungna. Dina kajadian ieu, Dora mimiti ngalawan ka indungna tuluy kabur sangkan
nyeuseup dunya sabudeureunna anu antukna Dora bisa ngarasakeun hal-hal anyar anu
tacan pernah dirasakeun ku manéhana. Katambah waktu Dora kanyahoan kabur ku
indungna anu satuluyna Dora jeung Mamih paréa-réa omong deui napikeun ka Dora
wani maténi indungna sorangan jeung maténi pembantuna.
Kajadian anu pamungkas ngaréngsékeun masalah jeung mungkas carita, di
dieu Dora anu geus maténi Bibi jeung Mamih meunang lolongkrang. Dora ngarasa
handeueul, kabébasan anu salila ieu kacipta-cipta tara karasa sabab manéhna miboga
rasa salah geus maténi dua jelema anu pang dipikanyaahna. Dina ieu kajadian, Dora
meunang hukuman tina pari polahna. Runtuyan galurna saperti ieu di handap.
A_______________B_______________C_______________D______________E
63
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(2) Tokoh jeung Penokohan
a. Tokoh
Tokoh dina carita “Manusa Jero Botol” aya genep nya éta Dora, Mardi,
Mamih, Bibi, Koboy, jeung Asép Golér (Asgol). Salian ti éta, katambah ku opat
tokoh anu jumlahna teu disebutkeun, nya éta Sirah-Sirah Jalma, Botol-Botol, Jalma-
Jalma nu Maraké Kedok, jeung Andar-Andar atawa Galandangan. Jadi, jumlah tokoh
dina naskah drama “Manusa Jero Botol” aya sapuluh tokoh, anu kabagi-bagi kana
opat bagian nya éta 1) dumasar peran pentinga tokoh, 2) fungsi penampilan tokoh, 3)
penokohan, jeung 4) dinamis atawa henteu penokohan.
a) Peranan atawa Tingkat Pentingna Tokoh
Ditilik tina segi peranan atawa tingkat pentingna tokoh, bisa katitén yén dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” kabagi jadi dua, nya éta tokoh utama jeung tokoh
tambahan.
(a) Tokoh Utama
Tokoh utama mangrupa tokoh anu paling loba dicaritakeun. Tokoh utama ogé
miboga hubungan anu raket patalina jeung unggal babak atawa adegan. Dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” katitén aya dua tokoh utaman nya éta Dora jeung Mamih.
Dora salaku tokoh anu mindeng aya dina carita tur jadi konci dina carita ieu. Tokoh
Dora miboga konflik sarta kahirupan anu ditémbongkeun ka masarakat. Ti adegan
mimiti nepi ka pamustungan carita, tokoh Dora salawasna aya dina carita tur nyekel
peran penting anu miboga konflik batin, sedengkeun tokoh Mamih mangrupa konci
anu ngabalukarkeun paripolah tokoh Dora salila ieu. Jadi, bisa dicindekkeun yén
tokoh utama dina naskah drama “Manusa Jero Botol” nya éta Dora jeung Mamih,
sabab dua tokoh anu miboga konci utama dina jalan carita.
(b) Tokoh Tambahan
Tokoh tambahan mangrupa tokoh panglengkep anu gunana pikeun
ngahirupkeun carita. Sabada ditalungtik, tokoh tambahan anu aya dina naskah drama
64
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
“Manusa Jero Botol” aya tujuh tokoh tambahan nya éta Bibi, Mardi, Koboy, Sirah-
Sirah Jalma, Botol-Botol, Jalma anu Maraké Kedok jeung Andar-Andar atawa
Galandangan. Tokoh-tokoh éta mangrupa tokoh anu mantuan tokoh utama pikeun
ngahirupkeun carita. Tujuh tokoh éta teu salawasna nyekel konci carita. Salian ti éta,
aya tokoh Asép Golér (Asgol) anu teu asup kana tokoh utama atawa tokoh tambahan,
sabab tokoh Asgol mah ngan saukur panganteur atawa narator dina carita ieu.
Tina hasil panalungtikan, bisa dicindeukkeun yén tokoh utama dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” nya éta Dora jeung Mamih salaku tokoh anu nyekel
konci dina carita, sedengkeun tokoh tambahan dina naskah ieu nya éta Bibi, Mardi,
Koboy, Sirah-Sirah Jalma, Botol-Botol, Jalma anu Maraké Kedok jeung Andar-Andar
salaku tokoh anu ngahirupkeun carita. Sarta hiji deui tokoh Asgol anu teu kaasup
kana tokoh utama atawa tokoh tambahan sabab tokoh Asgol mah salaku narator
atawa panganteur carita anu teu miboga peranan atawa tingkatan pentinga tokoh
sacara jelas.
b) Fungsi Penampilan Tokoh
Ditilik tina segi fungsi penampilan tokoh, bisa katitén yén dina naskah drama
“Manusa Jero Botol” kabagi jadi tilu bagian nya éta protagonis, antagonis, jeung
confidant atawa kapercayaan.
(a) Protagonis
Sabada ditalungtik, tokoh anu kaasup peran protagonis nya éta Mamih sabab
Mamih salawasna mikanyaah ka Dora salakau anakna sorangan sanajan Dora lain
anak tegesna. Tapi dina mimiti carita, tokoh Mamih teu kaciri protagonisna, sabab
nurutkeun sawangan Dora, Mamih téh geus nyieun hal anu jahat nya ngungkung
Dora di imahna anu kaciri siga antagonis. Mamih dina mimiti carita ngan saukur hasil
sawangan Dora anu ngarasakeun langsung sikep Mamih. Dina pamustungan carita
kakara kaciri yén Mamih asup protagonis sabab Mamih ngedalkeun hal anu jadi
alesan geus ngadidik anak ku cara ngungkung Dora salila ieu. Pangarang hayang
némbongkeun ka nu maca yén sagala hal anu katingalina teu hadé, can tangtu
salawasna teu hadé, sedengkeun hal anu salawasna hadé can tangtu salawasna ogé
65
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
hadé sabab, sagala hal anu dilakukeun ku manusa pasti miboga alesan utamana ka nu
jadi indung. Pangarang ogé hayang némbongkeun yén sagala hal anu dilakukeun ku
indung, anu katingalina teu hadé pasti miboga kahadéan sabab moal aya indung anu
teu hayang ningali budakna bagja. Cindekna, tokoh Mamih kaasup tokoh protagonis
sanajan saacana kaciri antagonis. Tokoh Mamih kaciri protagonis dina bagian
klimaks carita, waktu Mamih ngedalkeun alesanna salila ieu ngatik anak ku cara kitu.
(b) Antagonis
Sabada ditalungtik, tokoh anu kaasup antagonis dina naskah drama “Manusa
Jero Botol” nya éta Dora jeung Koboy. Tokoh Dora kaasup antagonis sabab manéhna
geus maténi indung jeung pembantuna. Sarua jeung tokoh Mamih, tokoh Dora ogé
miboga hal anu sarua dina penggambaran karakterna. Tokoh Dora kaciri tokoh
protagonis dina awal carita, tapi kaasup tokoh antagonis dina pamustungan carita.
Sagala hal anu dilakukeun ku Dora miboga alesan kaasup tékad Dora anu geus maténi
indung jeung pembantuna. Dora maténi indungna sabab manéhna geus jenuh hirup di
kungkung di jero imah, teu bisa nyeuseup dunya luar anu satuluyna manéhna boga
tékad pikeun bébas. Sabenerna tokoh Dora teu miboga watek anu pasti tapi
panalungtik nyokot kacindekkan sabada ningali klimaks dina carita. Lamun tokoh
Dora kaasup tokoh anu teu panceg dina perwatekan, tokoh Koboy mah sabalikna.
Tokoh Koboy kaasup tokoh antagonis sabab manéhna miboga sifat licik jeung
paniatan teu hadé waktu deukeut jeung Dora. Koboy miboga niat pikeun méakkeun
harta banda indung Dora ku cara ngarayu jeung ngolo Dora.
(c) Confidant atawa Kapercayaan
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” ogé kapanggih ayana tokoh
confidant atawa kapercayaan. Sabada ditalungtik, tokoh anu kaasup tokoh
kapercayaan nya éta tokoh Mardi, tokoh Bibi, tokoh Sirah-Sirah Jalma jeung tokoh
Botol-Botol. Tokoh confidant mangrupa tokoh anu jadi kapercayaan tokoh antagonis
atawa protagonis. Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” tokoh Mardi salaku jalma
kapercayaan Dora. Sagala kakeuheul jeung katugenah Dora dikedalkeun ka Mardi
66
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu antukna Mardi apal pisan kana hal anu dirasakeun ku Dora. Dina bagian klimaks
carita, Mardi ngedalkan hal-hal anu dirasakeun ku Dora ka Mamih. Dina adegan éta,
panongton bisa apal yén watek Dora siga kumaha tur kahayang Dora anu salila ieu
disimpen ku Dora.
Anu kadua tokoh Bibi. Tokoh Bibi mangrupa tokoh confidant atawa
kapercayaan, sabab Bibi jadi patempatan cacarita Mamih. Bibi anu mimiti apal kana
sifat jeung alesan Mamih sangkan ngatik budak siga kitu anu satuluyna bisa
dicindekkeun yén Mamih kaasup tokoh protgonis.
Tokoh Sirah-Sirah Jalma ogé kaasup tokoh confidant atawa kapercayaan.
Tokoh éta mangrupa tokoh kapercayaan Dora anu salila ieu jadi patempatan cacarita
Dora kitu deui jeung tokoh Botol-Botol. Sabenerna, tokoh Sirah-Sirah Jalma jeung
Botol-Botol teu miboga perwatekan anu tangtu sabab dua tokoh éta miboga watek
séwang-séwangan. Tokoh Sirah-Sirah Jalma jeung Botol-Botol mangrupa tokoh
jamak anu teu miboga watek anu sarua. Pangarang teu méré katerangan dina unggal
tokoh éta pikeun saha-sahana anu miboga tokoh protagonis atawa antagonis sabab
unggal tokoh ditémbongkeun sacara gembleng. Hal éta anu nyababkeun panalungtik
nyieun kacindekkan yéh dua tokoh éta kaasup kana tokoh confidant sabab fungsi anu
paling katingali nya éta fungsi confidant atawa kapercayaan.
Tina hasil panalungtikan di luhur, bisa dicindekkeun yén tokoh anu kaasup
tokoh protagonis nya éta tokoh Mamih, sanajan tokoh Mamih kacirina antagonis dina
awal carita, tapi dina bagian klimaks carita sikep Mamih kaasup kana protagonis.
Tokoh antagonis dina ieu carita nya éta Dora jeung Koboy sanajan Dora miboga
sikep anu teu nyirikeun yén manéhna tokoh antagonis, tapi sabada ditingali dina
klimaks carita, katingali yén Dora asup kana antagonis. Kitu deui jeung confidant
atawa kapercayaan. Aya opat tokoh anu asup kana confidant sanajan tokoh Sirah-
Sirah Jalma jeung Botol-Botol miboga perwatekan sorangan. Salian ti éta, tilu tokoh
anu aya dina naskah ieu teu kaasup kana protagonis, antagonis jeung confidant sabab
tokoh ieu teu miboga dialog atawa sikep anu némbongkeun yén tokoh éta miboga
fungsi penampilan tokoh anu jelas. Dina naskah drama “Manusa Jero Botol”, tilu
tokoh éta nya éta Asgol, Andar-Andar jeung Jalma-Jalma anu Maraké Kedok. Asgol
67
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
mangrupa narator atawa panganteur carita anu teu miboga fungsi penampilan tokoh
anu jéntré, sedengkeun tokoh Andar-Andar jeung Jalma-Jalma anu Maraké Kedok teu
ngaluarkeun dialog atawa sikep jelas anu némbongkeun fungsi penampilan tokoh,
sabab dua tokoh éta ngan saukur némbongkeun gerak atawa gesture.
c) Penokohan
Ditilik tina penokohanana, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kabagi
jadi dua, nya éta tokoh basajan jeung tokoh buleud.
(a) Tokoh Basajan
Sabada ditalungtik, tokoh basajan anu aya dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” aya opat nya éta Bibi, Koboy, Sirah-Sirah Jalma jeung Botol-Botol. Tokoh
basajan mangrupa tokoh anu miboga hiji kualitas pribadi anu tangtu atawa miboga
hiji sifat watek anu tangtu. Dina naskah ieu, katitén yén tokoh Bibi, Koboy, Sirah-
Sirah Jalma jeung Botol-Botol miboga hiji watek anu tangtu. Taya watek anu kaluar
tina jalur pasipatan sacara gemblengna. Watek Bibi nya éta tumut ka dunungan jeung
wijaksana, taya watek lian anu nyieun béda. Tokoh Koboy ogé teu béda jauh jeung
Bibi. Koboy miboga watek licik, kitu deui jeung tokoh Sirah-Sirah Jalma jeung
Botol-Botol anu miboga watek ngan saukur hiji.
(b) Tokoh Buleud
Sabada ditalungtik, tokoh buleud dina naskah drama “Manusa Jero Botol” aya
tilu, nya éta tokoh Mamih, Dora jeung Mardi. Tokoh buleud nya éta tokoh anu
némbongkeun sisi kahirupanna. Dina naskah ieu, tangtu wae tokoh Mamih
némbongkeun sisi kahirupanna. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MAMIH …. sanggeus dalapan taun rumahtangga, bet dikersakeun baé teu boga budak. Horéng kuring duaan téh gabug, Bibi. Tepi ka iraha ogé moal boga budak. Mun pareng inget ka dinya, haté téh asa digerihan. Mun nénjo Ibu-Ibu keur ngasuh budak dina karéta dorong, haté asa kaléntab, tayohna timburu naker. Ngadéngé sora orok anu ngéar baé, haté téh asa peurih kacida. Nya ahirna panglumpatan téh jadi mindeng meuli cocooan budak. Sedengkeun salaki leuwih resep ngungurus sato piaraan. Ahirna sapuk wé ngadopsi orok umur genep bulan ti panti asuhan, anu sanggeusna disilik horéng éta orok téh anak palacur anu teu sanggupeun
68
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngarawatna. Tapi kadeudeuh, kaasih jeung kanyaah kuring duaan ka éta budak mungguh taya wates wangenna. Nu matak kuring embung pisan leungiteun manéhna. (kaca 36)
Dina cutatan di luhur katitén yén tokoh Mamih miboga sisi kahirupan anu
salila ieu disimpen rapet-rapet ku manéhna nya éta ngeunaan kahirupan manéhna
baréto anu hayang pisan boga budak anu satuluyna sanggeus manéhna ngajalanan
rumah tangga, Mamih teu bisa boga budak lantaran gabug anu satuluyna Mamih
jeung salakina sapuk pikeun ngadopsi Dora ti panti asuhan, budak éta téh nya éta
Dora. Hal éta némbongkeun yén Mamih miboga sisi kahirupan anu pikasedih saacan
Mamih manggih kabagjaan dina mangsa ayeuna. Mamih nyanghareupan pasualan
kahirupan anu beurat di jaman baréto, anu antukna Mamih ngatik anakna samodél
kitu sabab Mamih embung pisan lamun anakna ruksak sabab geus kabawa ku sakaba-
kaba. Mamih ogé embung lamun anakna ngarasakeun rasa kanyeri atawa rasa kasedih
ku lalaki. Hal éta anu ngabalukarkeun Dora dididik sacara kitu, teu meunang
sagawayah gaul jeung saha waé sarta teu sagawayah bobogohan jeung saha waé.
Taya hal séjén iwal ti kanyaah anu remen dikedalkeun ku Mamih ka nu jadi anak.
Satuluyna aya tokoh Dora. Dina naskah ieu katitén sisi kahirupan Dora nya
éta ngarasa kasiksa jeung kakurung siga di pangbuian sabab indungna ngatik anak ku
cara ngungkung dirina. Katitén ogé yén Dora miboga kapribadian anu susah sacara
batin jeung malarat sacara kabébasan akibat hirup dikungkung ku indungna. Hal ieu
katitén tina cutatan di handap.
DORA …. Éta pisan anu karasa mangtaun-taun ku kuring téh. Kakungkung di imah sorangan. Ieu imah teu béda ti pangbuian. Kakeuheul kuring leuwih-leuwih ti kakeuheul anu dirasakeun ku anjeun ayeuna. Kanyaah Mamih nu kaleuleuwihi, kacida ngiketna kana diri. Tapi sanggeus papih maot mah…. Tapi kétah papih ge sarua we. Sook tara ngidinan mun kuring rék ulin jeung babaturan téh. Hariwang, cenah. Sakalina bisa kaluar, kudu baé dibarengan ku Mamih. Basa acara tepungtaunna sulastri ge kapan kudu ditalingakeun ku Mamih. Ka model-model baju nu rék dipaké, kudu baé luyu jeung karesep Mamih. Nyaho teu, Mardi, ammih tangtu bakal bendu lamun seug ningali kuring dangdan samodel kieu. (DORA MAKÉ KAOS/T-SHIRT SINGLET JEUNG CALANA PONDOK TINA KULIT). Mamih mah egois, kapalayna teu bisa dipungpang. Enya sih éta téh wujud kaasih jeung kanyaah
69
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Mamih, tapi Mamih teu ngarti yén kuring hayang nyorang kahirupan anu saestu, anu mandiri…. (kaca 10)
Tina cutatan diluhur écés pisan yén hirup Dora salila ieu téh dikungkung ku
indungna, manéhna teu bisa ngarasakeun kabébasan. Dora teu meunang indit-inditan
kamana karep iwal ti dibarengan ku indungna, teu meunang maké baju model naon
waé iwal tu baju anu dipihkeun ku indungna. Sagala pangabutuh sarta kahayang Dora
dicumponan sarta sagala pangabutuh Dora ogé ku Mamih ditangtukeun. Dina waktu
anu lila, Dora ngarasa bosen sabab teu bisa ngarasakeun rasana hirup mandiri anu
nangtukeun sagala hal na ku sorangan. Dora ogé ngarasa indungna geus égois sabab
kahayang indungna mindeng diturutan ku Dora tapi kahayang Dora jarang anu
diturutan ku Mamih utamana dina hal kabébasan. Padahal salila ieu, hal anu
dipikabutuh ku Dora téh lain barang-barang mahal sarta barang-barang anu remen
dipangmeulikeun ku Mamih anu hargana kaliwat mahal, tapi hal anu dipikabutuh ku
Dora téh nya éta kabébasan, kabébasan pikeun nangtukeun jalan hirupna sorangan.
Anu pamungkas aya tokoh Mardi anu kaasup kana tokoh buleud. Mardi
salaku tokoh anu miboga watek bageur jeung sopan, dina klimaks carita
némbongkeun jati dirina anu sabenerna. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MARDI Éta, éta mani ngahina kitu! Yeuh, lamun kudu balaka mah, Mardi téh mahasiswa filsafat semester ahir. Ku naon bet gawé di dieu? Ngahaja! Lantaran hayang neuleuman perasaan hiji pagawé saméméh engkéna jadi pamingpin. Lantaran pantesna, pamingpin mah kudu jalma anu nyaho carana babakti! (kaca 35)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi anu salila ieu jadi palayan anyar di
imah Dora téh salaku mahasiswa seméster ahir anu keur neuleuman diri jadi
pamingpin. Tina cutatan di luhur katitén pisan yén ahirna Mardi némbongkeun sisi
kahirupan anu sabenerna ka Mamih. Mardi kaasup kana tokoh buleud sabab geus
balaka ngeunaan jati dirina.
Sabada ditalungtik, aya tilu tokoh anu teu asup kana tokoh basajan atawa
tokoh buleud. Tokoh éta nya éta Asgol, Jalma-Jalma anu maraké kedok jeung Andar-
Andar sabab tokoh Asgol mah salaku narator atawa panganteur carita, sedengkeun
70
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tokoh Jalma-Jalma anu Maraké Kedok jeung Andar-Andar salaku tokoh anu teu
ngedalkeun dialog, sabab dina adeganna dua tokoh éta ngan saukur némbongkeun
gerak atawa gesture.
Jadi bisa dicindekkeun yén ditilik tina segi penokohan, tokoh anu kaasup kana
tokoh basajan nya éta Bibi, Koboy, Botol-Botol jeung Sirah-Sirah Jalma, sedengkeun
tokoh anu kaasup kana tokoh buleud nya éta Dora, Mamih jeung Mardi. Sarta tilu
tokoh anu teu kaasup kana tokoh basajan atawa tokoh buleud nya éta Asgol, Jalma-
Jalma anu Maraké Kedok jeung Andar-Andar.
d) Dinamis atawa Henteuna Penokohan
Ditilik tina dinamis atawa henteuna penokohan, dina naskah drama “Manusa
Jero Botol” kabagi jadi dua bagian, nya éta tokoh statis jeung tokoh dinamis.
(a) Tokoh Statis
Tokoh statis nya éta tokoh anu sacara ésénsial teu ngalaman parobahan watek
ti mimiti carita nepi ka ahir carita. Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa
Jero Botol” tokoh anu kaasup kana tokoh statis nya éta Bibi, Koboy, Botol, jeung
Sirah-Sirah Jalma sabab ti mimiti carita nepi ka ahir carita, tokoh-tokoh éta teu
ngalaman parobahan watek. Tokoh Bibi miboga watek tumut ka dunungan sarta
wijaksana ti mimiti carita nepi ka ahir carita. Tokoh Koboy miboga watek licik ti
mimiti carita nepi ka ahir carita anu teu ngalaman parobahan watek, kitu deui jeung
tokoh Botol-Botol jeung Sirah-Sirah Jalma anu miboga watek tukang hasud. Ti
mimiti carita nepi ka bagian pamustungan carita teu ngalaman parobahan watek.
(b) Tokoh Dinamis
Tokoh dinamis nya éta tokoh anu ngalaman parobahan watek ti mimiti carita
nepi ka pamustungan carita. Sabada ditalungtik, dina naskah “Manusa Jero Botol”
katitén yén anu ngalaman parobahan watek nya éta Dora, Mamih jeung Mardi. Dina
mimiti carita, tokoh Dora mangrupa tokoh protagonis anu sering nurut kana
omongan jeung aturan indungna, tapi di tengah-tengah nepi ka pamustungan carita,
71
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tokoh Dora ngalaman parobahan watek nya éta jadi antagonis. Parobahan watek
didieu katitén dina klimaks carita, waktu Dora maténi indungna. Hal ieu katitén tina
cutatan di handap.
MAMIH Héh, péstol ti mana éta téh? Ti mana?! Geuwat, singkirkeun sing jauh! DORA Mamih geus ngusir Mardi, jeung ayeuna ngursir Dora. Mardi geus réa masihan inspirasi-inspirasi ka Dora. Tapi aya hiji hal anu teu pikaresepeun di diri Mardi; Mardi sok ngabéla waé Mamih! Éta pasti Mamih ogé moal terang. Terus Mamih hayang terang, meunang ti mana ieu péstol? Aya nu masihan mih…. MAMIH (JEJERITAN MENTA TULUNG) Dora! Nanaonan éta téh, Dora! tuluuuung! Tuluuuung! Bibi, geuwat telepon pulisi, Bibi! KU LANTARAN MAMIH JEJERITAN, DORA SPONTAN NGABEKASKEUN ÉTA PESTOL. DOR!!! KADÉNGÉ SORA TEMBAKAN, BARI DITUTUPKEUN KU SORA NGARUMPUYUKNA MAMIH KEUNA TEMBAKAN. (kaca 39)
Tina cutatan di luhur kacaritakeun yén Dora jeung Mamih keur guntreng
sabab Dora geus wani kabur. Waktu Dora nyalukan Mardi, Mamih ngomong ka Dora
yén Mardi geus diusir sabab Mardi salah saurang jalma anu geus nyieun Dora hirup
kurang ajar siga kitu. Rasa kakeuheul Dora ka Mamih mingkin naék sabab manéhna
teu narima lamun Mardi anu geus jadi babaturanna sarta tempat manéhna
ngabudalkeun eusining haténa geus diusir. Antukna Dora ngancam Mamih rék
ngamusnahkeun indungna sabari ngaluarkeun péstol paméré ti Koboy. Tina hal éta
katitén yén hirup Dora geus teu sarua deui siga hirupna baréto. Dora anu mindeng
nurut kana omongan Mamih ayeuna geus barontak tur ngalawan ka indungna. Hal éta
katitén tina kekecapan Dora anu kurang ajar sarta wani ngabekaskeun pétolna ka nu
jadi indung sabab indungna geus jojorowokan ménta tulung. Pasipatan Dora anu éta
aya ku sabab Dora geus teu tahan hirup dikungkung kawas salila ieu. Dora barontak
sabab hayang bébas. Ku kituna, watek antagonis Dora aya sabab tina tekanan batin
anu salila ieu kaalaman ku Dora, anu antukna sipat antagonisna aya sabab tina rasa
kajenuh jeung rasa kabosenna anu geus aya dina puncakna.
Satuluyna nya éta Mamih. Mamih miboga watek wijaksana di mimiti carita,
tapi watek Mamih éta ngalaman parobahan dina ahir carita. Anu asalna watek Mamih
72
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
wijaksana, dina ahir carita Mamih ngalaman parobahan jadi miboga watek teu
wijaksana.
MAMIH Indit! Cék Mamih indit, indit! Jig, geura indit ayeuna kénéh! Tong nincak-nincak deui ieu imah! Najis Mamih mah! (kaca 38)
Tina cutatan di luhur katitén yén sikep Mamih geus teu bisa disebut wijaksana
sabab, biasana dina nyieun hiji kaputusan, Mamih mindeng asak tinimbangan
sangkan teu handeueul dina ahirna, katambah kanyaah Mamih ka Dora anu nyieun
Mamih teu sagawayah dina nyieun kaputusan. Tapi dina cutatan di luhur, katitén yén
Mamih geus teu bisa maké akal pikiranna deui dina nyieun kaputusan. Mamih geus
émosi ningali kaayaan Dora anu geus kurang ajar anu antukna Mamih ngusir Dora
indit ti imah éta sabab geus kaliwat émosi. Dina hal éta katitén yén Mamih kaliwat
émosi anu antukna geus teu mikiran deui kaputusan anu dijieun ku manéhna
mangrupa kaputusan anu bener atawa salah. Salian ti éta, watek Mamih anu salila ieu
katingalina antagonis lantaran geus ngungkung anakna di jero kamar, dina
pamustungan carita katitén yén sabebenerna watek Mamih téh protagonis.
MAMIH (PEGAT-PEGAT, DINA KAAYAAN SAKARATUL MAUT) Do… Dora… Ma… Mamih… nyaah ka… Dora… Omat… hidep… tong… tong… baong, Dora… (LES BAÉ NYAWA NINGGALKEUN RAGA) (kaca 39)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mamih masih kénéh nyaah ka Dora. Mamih
nyaah pisan ka Dora, sanajan katingalina Mamih teu nyaah ka Dora sabab geus
kungkung Dora di jero kamarna. Mamih ngalakukeun hal kawas kitu, ngadidik Dora
ku cara kitu sabab sagala hal anu ditibankeun ka Dora lantaran Mamih geus kaliwat
nyaah. Dina cutatan di luhur ogé katitén yén kanyaah anu jadi indung mah taya wates
wangenna. Mamih masih kénéh nyaah ka Dora sanajan Dora geus maténi manéhna.
Anu pamungkas nya éta tokoh Mardi. Mardi miboga watek bageur jeung
sopan, tapi dina pamungkas carita, Mardi ngalaman parobahan watek jadi teu sopan.
Sanajan Mardi ngalakukeun hal éta lantaran teu tega ka Dora, tapi dina cara
73
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nepikeunna Mardi geus ngaliwatan batas kasopanan anu aya antara dunungan jeung
palayan.
MARDI (MINGKIN NAÉK ÉMOSINA) Rék kumaha Néng Dora bisa hirup mandiri lamun hirupna teu weléh dituyun baé, teu weléh disarengan baé? Manga lenyepan, Ibu, lamun tos watosna Ibu ngantunkeun, naha Néng Dora ogé kedah nyarengan Ibu ka alam kubur? (kaca 35)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi geus teu maliré kana hal anu ngarana
tata karma jeung sopan santun. Dialog Mardi di luhur kaasup kurang ajar lamun éta
omongan dilarapkeun kana dunungan. Mardi anu salila ieu bageur jeung sopan
ngalaman parobahan watek sabab manéhna émosi geus disangka jadi ulon-ulon
pikeun Dora anu antukna Dora wani ngalawan ka nu jadi indung. Mardi teu tarima
dituduh kitu ku pamajikanna, anu antukna manéhna wani ngomong kitu sabab
keuheul ogé lantaran indungna teu bisa ningali kaayaan yén Dora kabur siga kitu téh
lantaran manéhna geus teu tahan hirup dikungkung ku indungna.
Salian ti tokoh-tokoh anu disebutkeun di luhur, aya tilu tokoh anu teu miboga
penokohan anu tangtu, nya éta tokoh Asgol salaku narator atawa panganteur carita,
tokoh Andar-Andar jeung Sirah-Sirah Jalma anu Maraké Kedok anu dina carita ngan
aya sakali tur teu miboga dialog, sabab tokoh Andar-Andar jeung tokoh Jalma-Jalma
anu Maraké Kedok ngan saukur némbongkeun gesture atawa gerak. Hal ieu pisan
ditingali tina bagan di handap.
74
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél 4.1 Papasingan Tokoh dina Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Ngaran Palaku
Peran
Pentingna
Palaku
Fungsi Penampilan
Palaku Penokohan
Kritéria
Dinamis
Henteuna
Penokohan
Uta
ma
Ta
mb
ah
an
Pro
tago
nis
An
tag
on
is
Co
nfi
da
nt
Ba
saja
n
Bu
leu
d
Sa
tis
Din
am
is
(1) (2) (3) (4) (5) (6) (7) (8) (9) (10)
Dora
Mamih
Mardi
Bibi
Koboy
Sirah-Sirah Jalma
Botol-botol
Asép Golér (Asgol) - - - - - - - - -
Jalma-jalma nu maraké
kedok - - - - - - -
Andar-Andar - - - - - - -
*Tabél diropéa tina Mahardhika (2015, kc. 57)
b. Penokohan
Salian ti éta, sabada ditalungtik, tokoh anu miboga peran penting dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” nya éta Dora, Mamih, Mardi, Bibi, jeung Koboy. Anu
katitén tina hasil panalungtikan dina tabél tokoh nya éta tokoh Dora jeung Koboy
salaku tokoh antagonis, tokoh Mamih salaku tokoh protagonis, sedengkeun tokoh
Mardi jeung Bibi salaku tokoh confidant atawa kapercayaan. Sangkan leuwih jéntré,
satuluyna dipedar penokohan anu aya dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
a) Dora
Dora nya éta palaku utama dina naskah drama “Manusa Jero Botol”. Kaasup
palaku utama anu sipatna antagonis. Dina ieu naskah, peran Dora kawilang sentral,
sabab Dora anu nyekel konci carita ti mimiti bubuka, konflik nepi ka ahir carita. Dora
miboga watek pinter béladiri, teu bisa ngarasakeun kabagjaan, ngalawan ka kolot
75
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
atawa barontak, gampang diperdaya, jeung teu nurut ka kolot. Sangkan keuwih jentre,
watek Dora bisa ditingali tina cutatan di handap ieu.
(a) Pinter Béladiri
MARDI Néng Dora, pinter béladiri ogé, gening. Diajar ti mana? Guguru ka saha, Néng Dora? DORA Ah, teu guguru ka sasaha barina gé, ngan tina macaan buku-buku silat (BISA DIGANTI KU BUKU NU AYA PATALINA JEUNG BÉLADIRI SÉJÉN) jeung tina video. Tuh tempo. Buku-buku, bonéka-bonéka, jeung… tempo saeusi ieu kamar.... (kaca 4)
Dina cutatan di luhur kacaritakeun yén Mardi keur nempokeun Dora anu keur
latihan béladiri. Anu satuluyna, Mardi ngedalkeun eusi haténa anu nyebutkeun yén
Dora téh pinter béladiri. Tina cutatan di luhur, katitén yén Dora téh pinter béladiri
lantaran sering macaan buku-buku silat jeung video anu salila ieu dibéré ti indungna.
Dora diajar béladiri tina sakabéh hal anu dibéré ku indungna, katambah unggal poéna,
Dora mindeng latihan béladiri sacara rutin.
(b) Teu Bisa Ngarasakeun kabagjaan
DORA Ah, baréto wé kungsi ngarasakeun kabagjaan téh. Da ayeuna mah teu kitu, Mardi. Nu ngarana bagja téh ayeuna mah ngan saukur kecap anu henteu napel dina rasa. MARDI Baruk? Janten barang-barang anu aya di dieu, anu mapaes kaendahan ieu kamar, henteu cekap kanggo mapaés kabagjaan dina kolbu Néng Dora? Padahal biasana mah kaom wanita sok kabitaan ku rupa-rupa barang, komo ieu barang-barang méwah. Mun seug ninggang ka diri Mardi mah, meureun bagjana gé liwat saking. (kaca 4)
Dina cutatan di luhur, kacaritakeun Mardi nanya ka Dora yén Dora pasti
ngarasa bagja lantaran miboga barang-barang anu teu dipiboga ku batur, katambah
barang-barang anu aya di kamarna remen nyieun Dora bagja lantaran sagala barang
anu dipikabutuh ku Dora teu weléh dicumponan ku indungna, tapi dina kanyataanna,
Dora ngedalkeun eusining haténa yén barang-barang anu aya di kamarna téh teu bisa
nyieun dirina bagja komo deui kaayeunakeun mah, sabab anu ngarasa kabagjaan téh
geus teu bisa dirasakeun ku Dora lantaran geus ngan saukur kekecapan anu henteu
napel dina rasa. Katerangan yén Dora teu bisa ngarasakeun kabagjaan ogé diperjelas
76
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ku dialog Mardi anu katilu anu ngécéskeun yén barang-barang anu aya di kamar Dora
téh teu bisa nyieun Dora bagja tur manéhna ogé ngaumpamakéun lamun hal éta
ninggang ka dirina, pasti Mardi mah bakal bagja pisan. Tina cutatan di luhur katitén
ogé bébédaan Dora jeung Mardi dina nyanghareupan kahirupan. Dialog Mardi
mangrupa bébédaan yén sakuduna Dora ngarasakeun kabagjaan lantaran barang-
barang anu dipikahayangna teu weléh dicumponan ku indungna.
(c) Ngalawan ka Kolot atawa Barontak
MAMIH Bejaaaad! DORA Naonna nu bejad, Mamih?! Naha Mamih keur anom teu ngalaman ciciuman kitu? TEU KAWAWA, NGAN PLAK, PLAK, PLAK, MAMIH NAMPILING PIPI DORA TILU KALI MAMIH Teu nyaho di adat! DORA Sok wé teras tampiling, mih. Ku naon bet henteu teras?! Atawa sakantenan wé pateni. Mending maot batan dikungkung baé mah. Mih, naha Mamih teu tiasa ngarampa batin Dora?! kikieuan téh kapaksa, margi tos teu sabar hoyong ngawujudkeun kabébasan anu salami ieu diangen-angen ku Dora. mun Dora nyuhunkeun widi ti Mamih, tangtosna Mamih moal ngawidian. (kaca 28)
Dina cutatan di luhur, kacaritakeun yén Dora kakara balik kabur sarta
kanyahoan ku Mamih. Dina dialog di luhur, katitén yén Mamih ambek sabab Dora
geus wani-wani kabur ninggalkeun imah sarta geus wani-wani ciciuman jeung lalaki
anu teu dipikanyaho bibit bobotna. Dora ngajawab patalékan Mamih ku cara kurang
ajar anu satuluyna manéhna ngalawan ka nu jadi kolot, pikeun ngabudalkeun
kahayang jeung eusining haténa anu salila ieu kaalaman ku Dora. Hal éta
nembongkeun yén Dora geus jadi anak anu barontak ka kolot sabab Dora anu biasana
nurut kana paréntah Mamih sarta sopan dina omongan, ayeuna geus wani-wani
kurang ajar sarta ngalawan. Hal éta mangrupa wujud tina rasa kakeuheulna anu ahirna
ngajadikeun Dora barontak pikeun nyumponan kabutuhan kabébasanna.
77
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(d) Gampang Diperdaya
KOBOY (NYÉRÉNGÉH) Koboy mah lain tipe Koboy anu sakitu tégana maténi sang panutan. Ieu péstol téh keur Dora. DORA Keur Dora? Keur naon? KOBOY Nya keur jaga-jaga wéh atuh. DORA Jaga-jaga tina naon? KOBOY Ieu péstol mangrupa konci ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngawatesan gerak
Dora. (KA NU LALAJO) Hartina, Koboy nitah Dora pikeun maténi jalma anu salila ieu
ngurung dirina di jero imah.
(kaca 30-31)
Tina cutatan di luhur katitén yén Koboy méré péstol ka Dora. Dora anu
mimitna reuwas sabab disangkana Koboy rék némbal Dora jadi apal sanggeus Koboy
ngajelaskeun yén péstol anu dibikeun keur Dora téh mangrupa péstol keur jaga-jaga
sarta mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngungkung Dora di
jero imah. Tina hal éta katitén yén Dora sapuk kana omongan Koboy sabab manéhna
percaya kana omongan Koboy, padahal lamun ditilik deui, omongan Koboy anu éta
téh mangrupa paréntah keur Dora supaya daék maténi indungna ku péstol éta. Tina
cutatan di luhur ogé katitén yén Dora bener-bener percaya ka Koboy utamana percaya
lamun Koboy bogoh ka Dora nepikeun ka daék ngaleupaskeun Dora tina
kungkungan, padahal mah Koboy miboga maksud séjén keur Dora. Hal éta
ngabuktikeun yén Dora miboga watek gampang diperdaya. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
KOBOY ….. Yu urang senang-senang di ranjang. KOBOY NUNGTUN DORA MURU RANJANG. BARI SEMU NU ASA-ASA, KALACAT DORA KANA RANJANG. DORA Urang téh rék milampah kakonyolan ogé dina ranjang, Koboy? KOBOY Lain, Koboy rék ngajak Dora ngalamun. Ngahayal. (kaca 31)
78
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina cutatan di luhur, katitén yén Koboy rék ngajak Dora pikeun ngalakukeun
hal anu teu sawajarna dina ranjang. Kusabab Dora cinta ka Koboy, Dora daék waé
diajak ngalamun ku Koboy sarta diajak ngahayal ku Koboy dina ranjang. Padahal
Koboy ngajak Dora kawas kitu téh miboga maksud lain anu ngahasilkeun kauntungan
keur Koboy. Ditilik tina cutatan di luhur, katitén yén watek Dora mah gampang
diperdaya utamana ku Koboy. Rasa kacinta anu dirasakeun ku Dora ka Koboy,
ngabalukarkeun manéhna aya dina kasulitan. Dora remen percaya kana omongan
Koboy anu sabenerna pinuh ku kabohongan
(e) Teu Nurut ka Kolot
MAMIH Moal. Sing percaya ka Mamih. Hidep moal jadi parawan kolot. Masih kénéh panjang lalakon, hidep mah. Umur gé can duapuluh lima taun, kapan. Mamih sieun Dora salah dina milih pisalakieun. Sing emut, Dora, pameget mah dimana-mana ge jahat. Reréana ngan saukur ngumbar-ngumbar napsu tinimbang cinta. Prinsip maranéhana, kaom istri mah kabéh ge resep dibohongan. Nya ku éta prinsip, réa pameget anu pindah-pindah pasangan, mindeng gunta-ganti istri. Piraku Mamih kedah ngantep anak sorangan jaul jeung pameget model kitu. Mamih kedah terang karakter pameget anu engkena jadi pisalakieun hidep. Teu kedah beunghar, teu kedah kasep, nu penting mah bisa satia, jujur, getol, jeung rada pinter. Cohagna, pameget anu mikanyaah Dora kedah tiasa ogé mikanyaah ka Mamih. Terus, pameget ani dipisuka ku Dora, ogé kedah kalandep ku Mamih. (kaca 16)
Dina cutatan di luhur, katitén yén Dora dipapatahan ku indungna sanggeus
Dora ngabudalkeun eusining haténa sabab manéhna hayang hirup bébas, hayang
hirup mandiri sarta miboga calon pisalakieun ku sorangan. Salila ieu Dora miboga
rasa kasieun yén manéhna bakal jadi parawan kolot sabab teu disatujuan bobogohan
ku indungna. Dina dialog di luhur katitén yén Mamih mapatahan ka Dora lamun
sangkan teu kudu sieun jadi parawan kolot, teu kudu sieun kana kahirupan Dora dina
mangsa kahareupna sabab Mamih miboga rarancang pikeun kahirupan Dora dina
mangsa kahareup. Mamih ngedalkeun dialogna sangkan Dora nurut kana omongan
Mamih pikeun teu gaul atawa bobogohan jeung sambarang lalaki, anu satuluyna anu
kajadian téh kalah ka sabalikna. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
DORA Muhun, Mamih. Panutan.
79
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MAMIH Panutan? Jadi hidep geus teu tumut kana omongan Mamih, nya? Tong sambarangan gaul jeung pameget, Dora. Mamih kudu terang heula bobot Bibitna pisalakieun hidep! Saha ngarana? DORA Koboy, Mamih. (kaca 28)
Dina dialog di luhur kacaritakeun yén Dora keur ditanyaan ku Mamih
ngeunaan hal naon waé anu geus dilakukeun ku Dora salila Dora kabur sarta Mamih
ogé nanya ka Dora saha lalaki anu balik marengan Dora. Dora ngajawab yén lalaki
anu tadi téh salaku panutan Dora atawa kabogoh. Hal éta matak nyieun Mamih
ambek lantaran Dora geus teu nurut kana omonganna. Dora mimiti nguciwakuen ka
nu jadi indung sabab geus wani-wani kabur tur rerencepan jeung lalaki sambarangan
padahal tina omongan saacaan Mamih hayang Dora nurut kana omongan Mamih
sangkan percaya ka Mamih yén hirup Dora moal salilana nyorangan.
(f) Kakungkung
DORA Tuluyna pan ngarasa kakungkung nya? (SUMANGET) tangtu we, Mardi, nya tangtu we! Éta pisan anu karasa mangtaun-taun ku kuring téh. Kakungkung di imah sorangan. Ieu imah teu béda ti pangbuian. Kakeuheul kuring leuwih-leuwih ti kakeuheul anu dirasakeun ku anjeun ayeuna. Kanyaah Mamih nu kaleuleuwihi, kacida ngiketna kana diri. Tapi sanggeus papih maot mah…. Tapi kétah papih ge sarua we. Sook tara ngidinan mun kuring rék ulin jeung babaturan téh. Hariwang, cenah. Sakalina bisa kaluar, kudu baé dibarengan ku Mamih. Basa acara tepungtaunna sulastri ge kapan kudu ditalingakeun ku Mamih. Ka model-model baju nu rék dipaké, kudu baé luyu jeung karesep Mamih. Nyaho teu, Mardi, ammih tangtu bakal bendu lamun seug ningali kuring dangdan samodel kieu. (DORA MAKÉ KAOS/T-SHIRT SINGLET JEUNG CALANA PONDOK TINA KULIT). Mamih mah egois, kapalayna teu bisa dipungpang. Enya sih éta téh wujud kaasih jeung kanyaah Mamih, tapi Mamih teu ngarti yén kuring hayang nyorang kahirupan anu saestu, anu mandiri…. (kaca 10)
Dina sababaraha dialog di luhur, katitén pisan yén hirup Dora téh kakungkung
ku indungna salila mangtaun-taun. Dora ngarasa hirup teu bébas waktu bapana masih
aya dikieuna. Dora ogé ngedalkeun eusining haténa yén manéhna ngarasa bosen hirup
kawas kieu anu kamamana teu weléh dibarengan ku indungna. Lain saukur
80
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kakungkung dina hal gaul jeung batur atawa kakungkung milih calon pisalakieun
keur Dora, tapi Dora ngarasa kakungkung tina sakabéh hal kaasup dina ngajalanan
kahirupan sapopoé sarta papakéan anu kudu dipaké ku manéhna. Dora teu saeutik-
eutik acan dibéré kabébasan pikeun nangtukeun jalan hirupna sorangan.
Sabenerna aya sababaraha anu némbongkeun yén Dora kaasup protagonis tur
aya ogé anu némbongkeun yén Dora kaasup tokoh antagonis. Sabada ditalungtik,
tokoh Dora dina naskah drama “Manusa Jero Botol” téh sagemblengna antagonis.
Tokoh Dora katitén antagonis waktu aya dina bagian klimaks, waktu manéhna maténi
indungna, tapi Dora ngalakukeun hal éta tangtu boga alean. Manéhna ngalakukeun
hal éta sabab rasa bosen jeung kajenuhna sabab hirup dikungkung ku indungna geus
aya dina puncakna. Cindekna tokoh Dora mangrupa tokoh antagonis tapi lain tokoh
antagonis anu sagemblengna, dina naskah ieu mah, tokoh Dora jadi antagonis sabab
manéhna geus hirup dikungkung ku indungna anu nyababkeun Dora jadi tokoh
antagonis.
b) Mamih
Tokoh Mamih dina naskah drama “Manusa Jero Botol” mangrupa tokoh
séntral anu nyekel konci tina bagian tengah carita nepi ka pamustungan carita. Tokoh
Mamih kaasup kana tokoh protagonis anu miboga watek tandes, pinuh kanyaah,
jeung wijaksana. Hal ieu dibahas tina sababaraha cutatan di handap.
(a) Tandes atawa Ajeg Pamadegan
DORA Mih, Dora téh hoyong nangtoskeun nyalira, iraha saréng ka mana Dora badé jalan-jalan. Salami ieu mung ukur Mamih anu nagtoskeun. Badé iraha atuh Mamih maparin kasempétan ka Dora, kanggo jalan-jalan nyalira? MAMIH Moal, satungtung henteu dibarengan ku Mamih! (kaca 14)
Dina dialog di luhur aya dialog Mamih jeung Dora anu némbongkeun yén
sikep Mamih téh tandes. Hal ieu katitén tina dialog di luhur waktu Dora ménta
kabébasan sarta hayang nangtukeun jalan hirupna sorangan. Mamih sacara tandes teu
81
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngidinan kana kahayang dosa iwal ti dibarengan ku manéhna. Cara Mamih nampik
kana kahayang Dora mangrupa sikep tandes anu dipiboga ku manéhna utamana dina
ngajawab kahayang Dora anu ménta pikeun jalan-jalan sorangan. Mamih tandes tur
ajeg dina mertahankeun aturan atawa pamadeganana anu keukeuh ngalarang Dora
jalan-jalan sorangan iwal ti dibarengan ku Mamih. Salian ti éta, katitén ogé tina
cutatan di handap.
MAMIH Geus sabaraha kali rerencepan kaluar? DORA Sering, Mamih. MAMIH Terus, aya hubungan naon jeung pameget nu tadi? Pastina sanés saukur réréncangan, nya?! DORA Muhun Mamih, panutan. MAMIH Panutan? Jadi hidep geus teu tumut kana omongan Mamih, nya? Tong sambarangan gaul jeung pameget, Dora. Mamih kudu terang heula bobot Bibit pisalakiuen hidep! Saha ngarana? (kaca 27-28)
Dina dialog di luhur katitén dina sababaraha patalékan Mamih anu gemet
pisan nanyaan Dora ngeunaan saha lalaki anu geus marengan Dora balik. Tina hal éta
katitén yén Mamih kacida tandesna utamana dina ningali calon pisalakieun Dora.
Mamih oge ajeg dina ngalarapkeun pamadeganna ngeunaan aturan keur Dora nya éta
teu meunang milih calon pisalakieun sambarangan. Dina unggal patalékan Mamih,
katitén pisan yén Mamih sacara tandes hayang apal ka lalaki anu geus balik marengan
Dora. Dina dialog di luhur katitén yén Mamih tandes dina milih calon pisalakieun
keur Dora, tandes dina ngajalankeun aturan anu geus dijieun manéhna sangkan bisa
ngawarah Dora tur anakna teu kabawa ku sakaba-kaba. Mamih tangtu bakal ambek
waktu apal yén kahayang jeung sagala aturan anu ditibankeun ka Dora geus teu
diturut deui ku anakna. Hal éta ogé némbongkeun sikep tandes Mamih ka Dora sarta
sikep yén Mamih ajeg dina ngajalankeun aturan jeung pamadeganna.
82
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(b) Pinuh Kanyaah
MAMIH Tong kurang ajar, Dora! Nu matak kitu téh, kabéh ge demi hidep. Ku lantaran naon? Ku lantaran nyaah! Nyaah pisan ka hidep téh!.... Mamih téh sieun pisan leungiteun ku hidep. Salawasna hayang baé padeukeut. Mamih téh hariwang. Terang teu, Dora? Terang, henteu? Dunya téh kejem! Gangas! Hidep kudu ngarti. Kudu ngarti! Di luar téh kacida bahayana keur hidep mah. Mun Mamih tepi ka leungiteun hidep, jeung saha deui atuh Mamih hirup di alam dunya? Jeung saha?! Nu matak Mamih teu hayang leungiteun hidep najan… (kaca 15)
Tina cutatan di luhur kacaritakeun Dora ambek ka Mamih sabab kahayangna
pikeun ngarasakeun kabébasan teu dicumponan ku Mamih. Dora ngasara ambek anu
satuluyna ngaléléwé ka nu jadi indung. Mamih kacida ambekna waktu ningali sikep
Dora anu kawas kitu tapi ogé nyaah ka Dora. ha lieu katitén tina dialog di luhur, yén
sagala hal anu dilakukeun ku manéhna éta sakabéhna mangrupa hal anu panghadéna
keur Dora. Mamih ngalakukeun hal éta sabab Mamih nyaah pisan ka Dora. Mamih
embung lamun kudu némpokeun Dora ngarasakeun kanyeri sanajan sauetik, Mamih
ogé teu sanggup lamun kudu ningali Dora ruksak sabab kabawa ku sakaba-kaba satra
tigebrus kana pergaulan bébas. Mamih ogé embung nepikeun ka kaleungiteun Dora,
Mamih hayang sangkan salawasna teu pajauh jeung Dora, hayang padeukeut wae.
Sagala kahayang Mamih éta mangrupa wujud tina kanyaah Mamih sangkan Dora bisa
katalingakeun dina ngalakonan sagala hal. Mamih hayang salawasna padeukeut jeung
dira supaya Mamih bisa nyaksian kahirupan Dora saperti kumaha. Sakabéh hal éta
némbongkeun yén watek Mamih pinuh ku kanyaah utaman ka anak sorangan. Salian
ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MAMIH Ya, Gusti, tangtayungan pun anak. Tong dugi katirisan. Mugi-mugi pun anak mendakan tempat ngiuhan. Sakeclak ogé ulah dugi ka aya cai anu maseuhan awakna. Di mana atuh hidep téh, Geulis? Di mana? Ya gusti, mugi-mugi sing geura raat, ya Gusti. Hawatos ka pun anak, bilih kabulusan. Bibi… (kaca 27)
Dina dialog Mamih di luhur, némbongkeun yén sikep jeung watak Mamih ka
Dora téh pinuh ku kanyaah. Hal ieu katitén tina unggal kecap jeung kalimah anu
kakedalkeun ku Mamih. Kacaritakeun waktu Dora kabur ti kamarna tuluy di luar
83
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
imah téh hujan ngagebrét. Mamih ceurik balilihan lantaran ngarasa hariwang ka Dora.
Sagala pikiran aya dina uteuk Mamih, tina hal sieun lamun Dora teu apal jalan balik
nepikeun ka sieun lamun Dora kahujanan terus katirisan. Sanajan Mamih keuheul
lantaran Dora geus kabur, tapi Mamih angger nyaah ka Dora. Sagala hal anu
dilakukeun ku Dora teu bisa nyieun rasa nyaah Mamih ngurangan sabab kanyaah
kolot ka anakna mah pasti taya wates wangenna. Tina cutatan di luhur ogé katitén
waktu Mamih ngadua ka Gusti Alloh, Mamih kacida nyaah pisan ka Dora nepikeun
ka ngadua sangkan anakna ulah ka kakeclakan ku cai hujan saeutik-eutik acan.
(c) Wijaksana
MAMIH Moal. Sing percaya ka Mamih. Hidep moal jadi parawan kolot. Masih kénéh panjang lalakon, hidep mah. Umur gé can duapuluh lima taun, kapan. Mamih sieun Dora salah dina milih pisalakieun. Sing émut, Dora, pameget mah dimana-mana gé jahat. Réréana ngan saukur ngumbar-ngumbar napsu tinimbang cinta. Prinsip maranéhna, kaom istri mah kabéh gé resep dibohongan. Nya ku éta prinsip, réa pameget nu pindah-pindah pasangan, mindeng gunta-ganti istri. Piraku Mamih kedah ngantep anak sorangan gaul jeung pameget model kitu. Mamih kedah terang karakter pameget anu engkéna jadi pisalakieun hidep. Teu kedah beunghar, teu kedah kasép, nu penting mah bisa satia, jujur, getol, jeung rada pinter. Cohagna, pameget anu mikanyaah Dora kedah tiasa ogé mikanyaah ka Mamih. Terus, pameget anu dipisuka ku Dora, ogé kedah kalandep ku Mamih. (kaca 16)
Ditilik tina cutatan di luhur, kacaritakeun yén Mamih keur mapatahan ka
Dora. Mamih mapatahan ka Dora sangkan manéhna teu kudu sieun bakal jadi
parawan kolot. Dina cutatan di luhur Mamih ogé ngedalkeun sarta mapatahan
sangkan ulah sagawayah milih calon pisalakieun, sabab dimana-mana gé lalaki mah
jahat. Hal ieu dikedalkeun ku Mamih sabab Dora miboga kasieun ngeunaan hal-hal
éta. tapi Mamih ngedalkeun sarta nempas kahariwang Dora ku cara mapatahan sarta
ngabalibirkeun fakta-fakta anu jadi tinimbangan Mamih sangkan ngatik Dora ku cara
kitu. Mamih oge mapatahan ka Dora yén dinamilih calon pisalakieun teu kudu
beunghar tur kasep tapi anu penting mah bisa satia, jujur, getol jeung pinter. Hal-hal
éta anu geus jarang dipiboga unggal lalaki jaman ayeuna. Mamih ogé mapatahan ka
Dora sangkan lalaki anu dipisuka ku Dora ku kalandep ku Mamih. Hal éta
84
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
némbongkeun yén Mamih miboga sikep wijaksana dina carana ngatik Dora sarta
méré kritéria anu bakal jadi calon salaki keur Dora.
c) Bibi
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” tokoh Bibi
salaku tokoh confidant atawa kepercayaan atawa anu asup kana tokoh tambahan.
Watek tokoh Bibi nya éta tumut atawa taat ka dunungan jeung wijaksana, hal ieu
katitén tina cutatan di handap.
(a) Tumut ka dunungan (taat)
BIBI Aya peryogi naon, Néng Dora? DORA Itu kembang tacan di cébor, Bibi. Geura cébor atuh. BIBI Mangga, Néng Dora. ke badé disiapkeun heula getihna, nya. (kaca 10)
Tina cutatan di luhur katitén yén Dora ngageroan Bibi, pembantuna anu
satuluyna Bibi langsung ngadatangan ka Dora. Dora nitah Bibi sangkan nyébor
kembang anu mangrupa kabiasaanna unggal poé. Tina kalimah “Mangga, Néng Dora.
ke badé disiapkeun heula getihna, nya.” Katitén pisan yén Bibi téh miboga watek
tumut ka dununganna, manéhna bakal nurut kana paréntah dununganna salila lain
paréntah anu teu saluyu jeung aturan hukum jeung agama. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
DORA Getih naon Bibi? BIBI Sapi Néng Dora. getih kuda mah tos seep. DORA Enjing mah hoyong getih monyet, Bibi. BIBI Mangga diusahakeun, manawi aya. (kaca 11)
85
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Cutatan di luhur némbongkeun yén watek tokoh Bibi mah tumut ka dunungan.
Teu pernah barontak atawa ngalawan ka dunungan. Dina dialog di luhur katitén yén
Dora miboga kahayang sangkan isuk mah nyébor kembang maké getih monyét. Bibi
salaku pembantu anu tumut kana kahayang dunungan daék ngusahakeun kana
kahayang dununganna sangkan dununganna ngarasa sugema. Hal ieu némbongkeun
yén tokoh Bibi miboga watek tumut sarta teu hianat. Upama ku dunungan dititah
miceun kembang, Bibi nurut piekun miceun kembang, upama ku dunungan di titah
nyébor kembang ku getih sato, Bibi ogé tangtu bakal nurut. Dina naskah ieu, karakter
atawa watek Bibi dijieun salaku pembantu anu satia ka dununganana, anu ahirna jadi
tokoh penengah antara tokoh antagonis jeung tokoh protagonis.
(b) Wijaksana
DORA Naon mih? MAMIH Geus torék nya ayeuna mah! Jeung éta deuih, ti iraha maké pakean sambarangan kitu?! BIBI Atos, ibu atos! Néng Dora nuju mabok. Teu aya hartosna digelendeng ogé. Saena ibu sabar heula, dugi ka Néng Dora leler tina mabokna. (kaca 37)
Tina cutatan di luhur katitén yén Bibi miboga watek wijaksana. Kacaritakeun
waktu Dora kabur sarta balik dina kaayaan mabok parna, Mamih kacida ambekna
sabab Dora geus ngalanggar aturan anu salila ieu dibikeun ka manéhnna, tapi ku cara
pamikiran Bibi anu wijaksana, Bibi nitah Mamih sangkan sabar sabar dina
nyanghareupan omongan sarta sikep Dora anu keur mabok parna. Bibi ogé ngingetan
Mamih yén ulah teuing dianggap kana sagala omongan Dora sabab Dora keur teu
sadar. Hal éta némbongkeun yén Bibi leuwih wijaksana dina nyanghareupan kaayaan
saperti kitu sabab manéhna bisa mikir kalawan tenang dina kaayaan anu keur tagiwur.
Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MAMIH Indit! Cek Mamih indit, indit! Jig, geura indit ayeuna kénéh! Tong nincak-nincak deui ieu imah! Najis Mamih mah!
86
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BIBI Ibu, atos atuh, Bu, atos. Néng Dora teu sadar kana ucapanana. Pan nuju mabok. (kaca 38)
Dina cutatan di luhur ogé katitén Bibi ngingetan Mamih pikeun kaayaan Dora.
Kacaritakeun Dora mingkin kurang ajar dina ngajawab patalekan Mamih anu nyieun
Mamih beuki ambek. Antukna, Mamih nitah Dora sangkan indit ti imah sarta teu
balik deui ka imah éta. Tapi ku cara anu beda, Bibi angger mapatahan Mamih
sangkan teu kabawa émosi sabab Dora keur mabok parna. Tina cutatan di luhur ogé
katitén yén sikep Bibi salawasna wijaksana sarua saperti dina dialog anu kahiji, Bibi
angger sabar tur teu kabawa emosi waktu Dora geus teu sadar tur nyieun Mamih
ambek. Bibi malah ngupahan Mamih sangkan sabar lantaran Dora keur mabok parna
tur teu sadar kana ucapanana.
d) Mardi
Tokoh Mardi salaku tokoh tambahan anu mangrupa panambah dina
ngahirupkeun carita. Sabada ditalungtik, tokoh Mardi miboga watek bageur kritis
jeung gedé kawani. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
(a) Bageur
DORA (NYURENG) Naha bet henteu ngétrok panto heula atuh? MARDI Parantos, Néng. Tapi Enéng nuju anteng latihan, jabi pantona muka. Janten ngantosan wé dugi ka latihanna kelar. (kaca 3)
Dina cutatan di luhur némbongkeun watek Mardi anu bageur. Hal ieu katitén
waktu Mardi ka kamar Dora pikeun méré kadaharan. Sababaraha kali Mardi ngetrok
panto kamar Dora, tapi teu kadéngéeun ku Dora, ahirna Mardi nunugguan Dora nepi
ka Dora bérés latihan béladirina. Dina hal éta katitén yén Mardi miboga watek
bageur. Ningali Dora dina kaayan anu keur latihan sarta maké baju latihan teu matak
nyieun Mardi jadi miboga niat jahat ka Dora komo deui ambek mah sabab geus
cicing lila di lawang panto bari leungeunna nanggeuy baki. Mardi ngajanteng sarta
nempokeun Dora anu keur latihan béladiri kalawan sabar malah mah Mardi teu
87
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
saeutik-eutik acan pikeu miboga niat jahat waktu ningali kaayaan Dora dina adegan
éta. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA Ceuk Bibi, cenah keur migawé karya seni? Cing mana, hayang nempo. MARDI Nuju dipidamel kénéh, Néng Dora. Sakedik deui gé bérés. Ké pami tos bérés mah rék disanggakeun kanggo Néng Dora. DORA Geura béréskeun atuh mun kitu mah. MARDI Mangga, Néng Dora. (BARI LEOS KALUAR) (kaca 17)
Dina cutatan di luhur némbongkeun watek Mardi anu bageur. Hal ieu katitén
tina dialog di luhur anu kacaritakeun Mardi keur nyieun karya seni keur Dora. Mardi
nyieun karya seni kalawan kahayangna sorangna lain sabab Dora anu menta. Mardi
nyieun karya seni éta mangrupa hadiah keur Dora anu salila ieu bosen sarta jenuh
sabab hirup teu bébas. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MARDI Tah ieu karya seni anu tadi dipidamel tea téh, Néng Dora. husus kanggo Néng Dora. mangga nyanggakeun. ÉTA KURUNG MANUK TÉH DITAMPANAN KU DORA, BARI JEUNG TULUY DIALAK-ILIK. DORA Mani alus pisan, Mardi. Nuhun, nya. MARDI Sawangsulna, Néng Dora. Éta mahluk nu aya di lebet kurung téh, rék dinamian naon, mangga teu langkung. Lumayan kanggo koleksi sobat dalit Néng Dora. (kaca 18)
Dina dialog di luhur katitén yén watek Mardi mah bageur, hal ieu katémbong
waktu manéhna mere hiji karya seni keur Dora. Mardi méré hadiah keur Dora
mangrupa kurung manuk anu dijerona aya hiji botol anu geus dicét. Hal éta
némbongkeun yén Mardi geus ngahargaan kana pamadegan Dora. Katitén tina cara
manéhna ngahargaan Dora jeung sagala pamadeganana ngeunaan botol-botol anu
remen diajak ngobrol di kamarna. Taya pisan kecap protés atawa ngajejeléh waktu
Mardi apal yén Dora mah béda ti batur, Dora mah miboga hiji kaanéhan nya éta
88
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngobrol jeung botol anu dijadikeun babaturanna pikeun ngahibur Dora tina rasa
kabosen. Mardi kalah ka ngahargaan kana kabiasaan Dora éta malahan mah kalah ka
dipangyieunkeun karya seni anu mangrupa batur anyar keur Dora dina ngajalanan
hirup anu kawan cicing dipangbuian.
(b) Kritis jeung Gedé Kawani
MARDI Benten atuh éta mah, Ibu. Néng Dora alim disaréngan ku Ibu, hoyong nyalira baé. Salami ieu Ibu langkung suka nyaksian putri Ibu ngaringkeb di kamarna batan ngantep senang-senang jeung réréncanganana. Ibu kalah anteng ngantep putri Ibu ngobrol jeung barang-barang paéh atawa manusa-manusa hayalanana. MAMIH Sambarangan pisan ngocoblak téh, Mardi. Dasar biwir teu diwengku, bari teu nyaho naon alesanna pangna kuring ngatik anak ku cara kitu. MARDI Naha Ibu yakin, cara kitu téh cara anu sae? Ibu teu kedah kasieunan teung ku minggatna putri Ibu. Tong hariwang, Néng Dora nuju ngagunakeun fungsi sampeanna. Pan gusti maparin sampean téh gunana kanggo mapah, sanés? Tenang wé, Bu, tenang. (kaca 33)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi ngabudalkeun kreteg haténa ngeunaan
cara ngadidik Mamih ka Dora. Mardi ngabudalkeun eusining haténa jeung Dora yén
Dora téh hayang pisan ngarasaan hirup bébas sarta indit-inditan kamana-mana tapi
teu dibarengan ku Mamih. Mamih kungsi heran sabab sagala kahayng Dora téh
pernah dicumponan ku Mamih malahan mah kungsi indit-inditan ka luar negeri. Tapi
mash dina wates anu wajar, Mardi nyebutkeunkeun yén Dora téh hayang indit-inditan
teu dibarengan ku Mamih. Mardi angger wani waktu Mamih ngambek kana
pamadegan Mardi. Tapi kusabab Mardi ngarasa bener sarta manehna ogé sadar yén
cara Mamih ngadidik Dora salila ieu téh geus salah, jadi Mardi ngedalkeun
pamadeganna yén cara anu dipaké ku Mamih dina ngadidik Dora téh mangrupa hal
anu salah. Mardi ogé ngupahan Mamih sangkan tenang dina nyanghareupan Dora anu
keur kabur. Tina hal éta katitén yén Mardi miboga watek kritis sarta gedé kawani.
Manéhna wani tur kritis dina ngabudalkeun hal anu katingalina salah. Mardi ogé
89
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kritis dina nepikeun pamadeganna ngeunaan cara ngatik Mamih anu salila ieu geus
salah. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MAMIH Bukti naon? Kanyataan naon, hah? MARDI Néng Dora nyalira anu ngabudalkeun sadaya kereteg haténa. Cenah dirina ngaraos kakungkung di ieu bumi anu sakitu agreng tur sakitu sigrongna. Anjeunna nyalira anu hoyong barontak. Teu aya pangaruh ti Mardi. Mun seug ahirna Néng Dora gaul saréng jalmi nu lepat, éta mah tos resiko ibu. Kedahna ibu nu janten biang sakaligus ogé bapa, ngiring nuyun kahoyong Néng Dora supaya henteu mengpar ka jalan nu teu leres. Sanés malah galarang bari teras ngerem dirina di kamar anu sumpeg, dugi ka sapertos manusa jero botol. (kaca 34)
Tina cutatan di luhur kacaritakeun yén Mamih geus miténah Mardi geus jadi
ulon-ulon anu nyababkeun Dora kabur ti imah. Dina hal éta Mamih ambek ka Mardi
sarta, tapi Mardi nampik kana pikiran Mamih ngeunaan manéhna sabab manéhna
miboga bukti yén salila ieu Dora anu hayang nangtukeun jalan hirupna sorangan.
Mardi ngedalkeun yén salila ieu Dora geus kakungkung di jero imah anu sakitu
agrengna, Mamih teu bisa ngarampa batin Dora yén Dora téh hayang ngarasakeun
hirup kalawan bébas. Mardi ogé geus balaka yén salila ieu Dora geus ngoobrol jeung
batur-batur hayalanna sarta ngaringkeb di jero kamar sabab geus bosen sarta jenuh
hirup dikungkung. Ditilik tina hal éta, katitén pisan yén Mardi miboga watek anu
kritis sarta gedé kawani. Manéhna teu sieun pikeun ngedalkeun kereteg haténa
ngeunaan Mamih anu geus salah ngadidik anakna. Manéhna ogé kritis pikeun
ngedalkeun sagala pikiranna ngeunaan cara didikan Mamih. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
MARDI (MINGKIN NAEK EMOSINA) Rék kumaha Néng Dora bisa hirup lamun hirupna teu weléh dituyun baé, teu weléh disaréngan baé? Mangga lenyepan, Ibu, lamun tos waktosna ibu ngantunkeun, naha Néng Dora ogé kedah nyarengan Ibu ka alam kubur? MAMIH Bibi… geuwat geura usir! MARDI (TAMBAH SUMANGET) Ngurus anak lain saukur maraban jeung ngadidikna ku matéri, Ibu. Kanyaah Ibu anu sakitu kaleuleuwihina saestuna mangrupa siksaan keur Néng Dora. (kaca 35)
90
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina dialog di luhur katitén yén watek Mardi téh kritis jeung gedé kawani.
Kacaritakeun waktu Mamih mingkin teu narima diomongan ku Mardi sabab geus
salah ngatik anak. Mamih keuheul, antukna nitah Mardi indit ti imah. Méméh Mardi
indit ti imah Mamih, Mardi ngabudalkeun kreteg haténa ngeunaan cara ngatik
ngadidik budak anu bener yén ngatik ngadidik budak lain ku cara matéri tapi ogé ku
cara méré kabébasan anu sawajarna sabab kanyaah anu kaleuleuwihi bakal malik jadi
mamala lamun dilakonan tuluy tumuluy. Manéhna teu asa-asa ngedalkeun kereteg
haténa ka Mamih ngeunaan cara didik Mamih anu salah ka Dora. Mardi ogé méré
nyaho sangkan ngadidik anak anu bener sangkan Dora teu ngarasa kakungkung.
Salian ti éta, Mardi ogé miboga watek gedé kawani, manéhna wani ngomong jeung
mapatahan ka dunungan waktu dununganna geus salah, teu saeutik-eutik acan
manéhna sieun. Katambah basa Mamih ngusir Mardi, Mardi teu sieun-sieun acan
kana ancaman Mamih.
e) Koboy
Tokoh Koboy mangrupa tokoh tambahan dina naskah drama “Manusa Jero
Botol.” Dina naskah ieu tokoh Koboy miboga watek licik, hal ieu katitén tina cutatan
di handap.
KOBOY Ngaran uing téh Koboy. Peuting ieu uing aya jangji mancangkrama jeung hiji wanoja, anak randa beunghar. Ku uing rék diolo jeung dirayu bébéakan supaya bisa méakkeun harta biangna, terus dibikeun ka uing. Ku cara kitu, uing bisa ngabéayakeun sakabéh pamajikan uing anu réana teu kabilang. Okeh. Uing moal rék papanjangan. Permios. (kaca 29)
Tina cutatan di luhur katitén Koboy miboga paniatan anu teu hadé dina
ngadeukeutan Dora. Koboy miboga paniatan pikeun ngolo sarta ngarayu Dora
sangkan bisa méakkeun harta indungna anu sakitu lobana. Éta harta téh bakal
dibikeun deui ka pamajikanna anu sakitu réana. Tina cutatan di luhur, katitén yén
Koboy miboga watek licik. Manéhna miboga paniatan teu hadé pikeun deukeut jeung
Dora sarta miboga niat mangpaatkeun Dora demi kapentingan jeung kapuasanna
soranganan. Dina hal ieu Koboy teu paduli kana kaayaan Dora atawa indung Dora,
91
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu penting mah pangabutuh Koboy bisa cumpon. Salian ti éta, katitén ogé tina
cutatan di handap.
KOBOY Ieu péstol mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngawatesan gerak Dora. (KA NU LALAJO) Hartina, Koboy nitah Dora pikeun maténi jalma anu salila ieu ngurung dirina di jero imah. (kaca 31)
Tina cutatan di luhur, katara pisan yén watek Koboy téh licik. Koboy geus
ngahasud Dora sangkan maténi indungna ku cara méré péstol sangkan Dora bisa
ngaleupaskeun konci anu salila ieu ngungkung dirina di jero imah. Hal éta teu
dikedalkeun sacara gembleng tapi ngaliwatan simbol atawa kode anu ngan bisa
dipikaharti kumanéhna hungkul. Tina cutatan di luhur, écés pisan yén kahayang
Koboy anu sakitu gedéna mangrupa kauntungan pikeun dirina sorangan. Manéhna teu
mikirkeun batur, anu penting mah diri sorangan makmur sarta dirina sorangan
miboga kapuasan lahir.
Salian tina tokoh di luhur, aya ogé penokohan tokoh Botol-Botol jeung Sirah-
Sirah Jalma anu dipedar dina cutatan di handap. Sacara gemblengna, tokoh Botol
jeung Sirah teu miboga karakter anu kuat sabab tokoh botol jeung Sirah mah saukur
tokoh panglengkep atawa tokoh tambahan. Kukituna dua tokoh éta mah teu miboga
karakter atawa fungsi tokoh dina carita “Manusa Jero Botol.” Hal ieu kaiten tina
cutatan di handap.
a) Botol-Botol
Tokoh Botol-Botol mangrupa tokoh tambahan atawa tokoh pangléngkep dina
ngahirupkeun carita dina naskah drama “Manusa Jero Botol.” Tokoh Botol-Botol
najan saenyana kaasup barang paéh, tapi dina prak-prakkanna mah tokoh éta kabaéan
dialog anu satuluyna ngabentuk watek. Najan watekna teu kaciri sacara gembleng,
tapi watek anu kaciri dina tokoh ieu nya éta penghasud jeung tukang heureuy atawa
bodor. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
92
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(a) Penghasud
DORA Can siap, ah. Ké deui wé mun Dora ngarasa geus boga kawani. BOTOL Mun ngarasa can siap kénéh baé mah, iraha rék siapna atuh?! Sing inget, lamun teu ngamimitian ayeuna, isuk pageto gé can tangtu anjeun daék ngamimitianana. Meungpeung aya kasempetan, prak geura pilampah! Tong sieun barina gé! BOTOL Barina gé naha bet kudu sieun?! Musuh manusa nu pangbahayana di dunya téh taya deui iwal ti kasieun jeung rasa bingbang. Sedengkeun sobat anu pangdalit-dalitna jeung manusa taya deui iwal ti kawani jeung kayakinan anu pangger. Indung anjeun geus sawenang-wenang mépéhék haté nurani anjeun, wajar mun seug barontak gé. Jig geura kaluar peuting ieu kénéh. Anggursi geura bangbrangkeun haté ku suasana peuting di jalanan. BOTOL Di luar mah bisa tepung jeung jalma nu kungsi dipiwanoh. Boa bisa panggih jeung kameumeut haté nu geus mangtaun-taun dipisono. (kaca 23) Dina dialog di luhur mangrupa conto watek botol anu némbongkeun yén
tokoh Botol téh miboga watek penghasud. Kacaritakeun yén rasa kabosen jeung
kakeuheul Dora geus aya dina puncakna, kahayang Dora sangkan nyeuseup dunya
saluareun imahna mingkin gedé anu antukna manéhna ngadéngé haréwos-haréwos
botol-botol anu aya di kamarna anu nitah Dora kabur. Ngaliwatan sababara
tinimbangan Dora angger dihasud ku botol-botol sangkan wani kabur tur nyeuseup
dunya anyar anu tacan kungsi dirasakeun ku manéhna. Tokoh botol-botol ogé taya
kacapé pikeun ngahasud Dora sangkan Dora miboga kawani pikeun kaluar sarta
kabur ti kamarna. Watek botol anu mangrupa panghasud éta katitén tina unggal eusi
dialogna anu remen jeung keukeuh nitah Dora sangkan kabur, sangkan daék kalur ti
imahna pikeun nyeuseup dunya anyar, pikeun Dora teu jadi jalma kuuleun tur bisa
ngahontal kabagjaan di luar. Sababaraha kali Dora nampik atawa nolak kana
kahayang Botol-Botol anu nitah manéhna kaluar, tapi sababaraha kali ogé Botol-
Botol di jero kamarna nitah sangkan Dora ulah loba kasieun, sabab ieu kasempétan
anu alus pikeun Dora bisa nyeuseup dunya anyar sabudeureunana.
93
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(b) Banyol atawa Bodor (Resep Heureuy)
BOTOL Hayu urang ajak ocon. BOTOL Tong waka, tunguan wé tepi ka reresna ngadu’a. BOTOL Uing nu ti heula ngajak ngobrol nya. BOTOL Teu bisa, uing ti heula. Uing nu ti heula rék nanya ka manéhna. BOTOL Teu bisa. Uing leuwih hébat batan manéh, hayoh! BOTOL Leuwih hébat naonna? BOTOL Uing mah botol bir. Ari manéh? Botol limun, siah! (kaca 22)
Tina dialog di luhur, kacaritakeun yén tokoh botol keur ningalikeun Dora anu
keur diuk di kamarna. Tokoh botol miboga pamangsudan pikeun ngajar ocon Dora,
tapi Botol I hayang jadi botol anu mimiti ngajak Dora ocon tapi hal éta di tampik
sabab tokoh botol anu séjén gé hayang ngajak ngobrol Dora tiheula. Antukna tokoh
botol kalah ka gelut sarta pahébat-hébat pikeun nangtukeun botol mana anu pantes
pikeun ngajar Dora ocon. Tina cutatan di luhur katitén yén tokoh botol miboga watek
reusep heureuy sarta banyol. Hal ieu katitén tina carana ngobrol waktu maranéhna
nempo Dora keur cicing di kamarna, atawa waktu botol-botol nanyakeun waktu.
Salian ti éta katitén ogé waktu botol-botol ningali Dora keur cicing tuluy hayang
ngajak ocon.
b) Sirah-Sirah Jalma
Sirah-Sirah Jalma mangrupa tokoh tambahan atawa tokoh panglengkep dina
ieu carita. Watekna teu béda jauh jeung tokoh botol-botol. Tokoh Sirah-Sirah Jalma
miboga watek penghasud, gedé ambek jeung tukang gombal. Hal ieu katitén tina
cutatan di handap.
94
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(a) Penghasud
SIRAH Ulah kétah, Dora. ulah ngagugu kana kahayang botol-botol hayalan anjeun. Bisi cilaka! SIRAH Tong sieun, Dora. gugu we! Kasempétan téh jolna moal ngaduakalikeun. Ujug-ujug baé aya, geus kitu mah dadak-sakala jadi euweuh deui. SIRAH Ah, cek saha kétah?! Justru kasempétan téh moal sakali baé. Pasti aya deui-aya deui. Jadi samemehna disorang, aya hadéan dipikir-pikir heula. Jig baé rék ninggalkeun imah bari susulumputan ti nu jadi indung, tapi anjeun bakal terus-terusan dikukuntit rasa salah. Sing inget, kabagja téh ayana di iamah sorangan, Dora. (kaca 24)
Dialog di luhur kacaritakeun yén Dora keur bingbang ngeunaan manéhna anu
arék kabur. Sabada meunang panghasud ti botol-botol, Dora ogé miboga panghasud
tina sirah-sirah anu ngayakinkeun manéhna pikeun kabur nyeuseup dunya saluareun
imahna. tokoh sirah ngahasud Dora ku cara rupa-rupa, aya anu ngahasud sangkan
Dora kabur aya ogé anu ngahasud Dora sangkan teu kabur sabab hal éta mangrupa
hal anu moal matak nyieu tenang. Dina hal éta Dora mingkin bingung anu satuluyna
manéhna nyieun kaputusan sangkan nurutan panghasud botol jeung sirah-sirah jalma
sangkan kabur ti imahna pikeun ngahontal kahayangna pikeun nyeuseup dunya
saluareun imahna. dialog di luhur némbongkeun yén Dora keur bimbiang antara
kabur atawa henteu. Sanggeus ngadéngé haréwos tina botol-botol hayalanna, Dora
ngadéngé haréwos tokoh sirah anu nitah manéhna indit. Sanajan saacanna tokoh sirah
kungsi paréa-réa omong, aya nu ngahasud kana kahadéan aya ogé anu ngahasud Dora
kana kagoréngan, tapi dina ahirna Dora angger kabur ti imahna, nurut kana hasutan
sirah anu nitah Dora kaluar ti imah. Ku kituna tokoh sirah-sirah jalma asup kana
tokoh anu miboga watek panghasud.
(b) Gedé Ambek
SIRAH Lah, barina gé tong dipikiran. Si Robby mah da mémang kitu.
95
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
SIRAH (AMBEK) Naon neuleu?! SIRAH (AMBEK) Sia nu neuleu! SIRAH Sia! SIRAH Sia! (kaca 13)
Tina cutatan diluhur katitén yén tokoh botol keur paréa-réa omong.
Kacaritakeun waktu Dora keur mancakrama jeung salah sahiji botol anu dingaranan si
robby. Si Robby seuseurian sabab sirahna ditangkeup ku Dora anu antukna manéhna
seuseurian sabab gétékeun. Dora nanya ka si Robby pangna manéhna seuri anu
satuluyna Dora ngarasa kasinggung. Dora nyingkahkeun botol éta tuluy nyokot botol
anu leuwih leutik sangkan ditangkeup tulut dipake pangaduan. Botol anu leuwih
leutik éta ngomong yén si robby man memang kitu sipatna. Robby anu teu narima
disebut kitu ku botol anu leuwih leutik teu narima anu antukna manéhna ngambek.
Tina cutatan di luhur katitén yén sirah-sirah jalma miboga watek anu gedé ambek, hal
ieu katitén tina carana nyanghareupan hal anu leutik anu sakuduna teu jadi bahan
piributeun.
(c) Gombal
SIRAH Tuda kudu ngomong naon? DORA (KA BOTOL) Ngomong naon wé, kuma dinya. SIRAH Dora géulis pisan. DORA (KA BOTOL) Tong gombal. (kaca 13)
Dina dialog di luhur, kacaritakeun waktu Dora keur ulin jeung jalma-jalma
hayalanna. Dora nitah tokoh sirah pikeun ngobrol jeung Dora, tapi tokoh sirah kalah
ka ngabetem cicing waé anu antukna ku Dora terus-terusan di titah ngobrol. waktu
tokoh sirah daék ngobrol, manéhna bingung kudu ngomong naon tur manéhna
96
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngomong yén Dora geulis pisan. Hal éta némbongkeun yén watek tokoh sirah téh
gombal. Manéhna wani ngagombal ka Dora sangkan Dora ngarasa bagja sarta
ngarasa boga batur.
Salian ti tujuh tokoh anu geus dibahas di luhur, aya ogé tokoh anu teu miboga
karakter atawa penokohan. Tina cutatan tabél tokoh di luhur, katitén yén tokoh Asgol,
tokoh Jalma anu maraké kedok jeung Andar-Andar teu miboga karakter atawa fungsi
penampilan palaku. Hal ieu dibahas di handap.
a) Asgol
Sabada ditalungtik, tokoh Asgol teu boga karakter jeung watek anu kuat sabab
tokoh Asgol lain tokoh anu saenyana, anu bisa ngahirupkeun carita. Tokoh Asgol
ngan saukur narator atawa panganteur carita. Cindekna, tokoh Asgol teu miboga
karakter anu pasti sabab manéhna lain tokoh dina carita tapi mangrupa narator atawa
panganteur carita.
b) Jalma nu maraké kedok
Sabada ditalungtik, tokoh jalma anu maraké kedok ogé teu boga karakter
atawa watek pisan, sabab tokoh ieu ngan saukur aya di pamustungan carita sarta teu
kabagéan dialog saeutik-eutik acan anu ngalantarankeun panalungtik teu bisa
nganalisis watek tina cara gerakna hungkul. Lamun ditalungtik deui, tokoh ieu ngan
saukur tokoh palengkep anu gunana pikeun ngalengkepan carita tapi teu bisa
ngahirupkeun carita.
c) Andar-Andar
Sabada di talungtik, dina hiji adegan katitén ayana tokoh Andar-Andar dina
naskah drama “Manusa Jero Botol.” Tokoh Andar-Andar aya dina adegan waktu
Asgol keur ngalagu. Dina éta adegan, tokoh Andar-Andar lain mangrupa tokoh anu
miboga karakter atawa watek, tapi tokoh Andar-Andar didinya mangrupa simbol tina
kabébasan anu dipiboga ku unggal jalma.
97
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina sababaraha cutatan di luhur, bisa dicendekkeun yén tokoh anu aya dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” téh sakabéhna aya 10, dua diantarana mangrupa
tokoh utama, sedengkeun sésana mangrupa tokoh tambahan. Dina penokohanana,
katitén aya dua tokoh antagonis anu salah sahijina tokoh utama, hiji tokoh protagonis
jeung dua tokoh confidant atawa kapercayaan. Sakabéh tokoh anu dibahas di luhur
miboga karakter anu kuat iwal ti tokoh Botol jeung tokoh Sirah, sarta tilu tokoh anu
teu miboga karakter pisan nya éta tokoh Asgol salaku narator, Jalma-Jalma nu maraké
kedok jeung Andar-Andar salaku simbol dina ieu naskah drama.
(3) Latar/Setting
Sabada ditalungtik, kapanggih sababara latar anu aya dina naskah drama
“Manusa Jero Botol”. Latar dina ieu carita kabagi jadi tilu, nya éta latar waktu, latar
geografis, jeung latar sosial.
a. Latar Waktu
Latar waktu biasana kabagi jadi dua deui nya éta latar waktu absolut jeung
latar waktu parsial. Latar waktu absolut mnangrupa latar waktu anu jelas iraha-
iarahana, jelas jam sarahana, poé naonna, bulan naonna, sarta taun naonna,
sedengkeun latar waktu parsial mangrupa latar waktu anu teu disebutkeun kalawan
jelas waktu-waktuna. Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
anu kapanggih latar waktu anu ngawangun ieu naskah drama mangrupa latar waktu
parsial anu teu disebutkeun kalawan jéntré waktu-waktu anu geus ngawangun
struktur carina dina ieu naskah. Latar waktu anu disebutkeun ngan saukur saban
peuting, baréto, poé ka poé, bulan ka bulan, taun ka taun jeung sajabana.
b. Latar Géografis/ Tempat
Sabada ditalungtik, latar tempat anu kapanggih dina naskah drama “Manusa
Jero Botol” anu aya nya éta latar tempat absolut jeung latar tempat parsial. Latar
tempat anu aya dina ieu carita nya éta di kamar Dora anu kabagi deui jadi sababara
tempat saperti di lawang panto, di tempat kélénéng loncéng jeung sajabanna. Salian ti
kamar Dora, latar tempat anu kadua nya éta tempat matuhna tokoh Asgol. Hal éta teu
98
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dijelaskeun kalawan jéntré tempat anu kumaha anu ditempatan ku tokoh Asgol téh.
Pangarang méré kabébasan pikeun sutradara sangkan bisa ngaréka-réka kalawan
imajinatif tempat pikeun tokoh Asgol. Satuluyna aya latar tempat parsial anu
kacaritakeun ku sababaraha tokoh, diantarana kadieu, didieu, kaluar jeung sajabana.
Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
a) Kamar
PANGGUNG NGAGAMBARKEUN KAMAR HIJI MOJANG UMUR 20 TAUNAN…. ÉTA KAMAR PERENAHNA DI LANTÉ DUA, DIHIAS KU JANDÉLA-JANDÉLA KACA ANU TÉMBONG DI LATAR-TUKANG PANGGUNG. DI SATUKANGÉUN JANDÉLA AYA HIJI TANGKAL GEDÉ ANU DANGDAUNANANA MÉH BAÉ ANTEL KANA KACA JANDÉLA. DI ÉTA KAMAR PARAGPAG PAPARABOTAN ANU MARAHAL. TEU TINGGALEUN BONÉKA-BONÉKA JEUNG BACAAN, OGÉ PARAGPAG BOTOL-BOTOL ANU PATING JALAJAR DI HIJI TEMPAT. (kaca 2)
Tina cutatan di luhur katitén latar tempat atawa latar géografis anu aya dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” nya éta aya di hiji kamar mojang anu umurna 20
taunna. Kamar éta perenahna di lanté dua. Di satukangeun jandéla aya hiji tangkal
gedé anu dangdaunana antel kana kaca jandéla. Di jero kamar éta paragpag barang-
barang anu hargana marahal sarta aya ogé botol-botol anu pating jalajar di hiji
tempat. Latar tempat ieu anu engkéna bakal aya terus dina sapanjang carita sabab
naskah drama ieu mangrupa naskah drama sababak anu tempatna teu ganti-ganti
atawa robah. Barang-barang anu aya di kamar hiji mojang éta mangrupa barang-
barang anu engkéna jadi bungbu pikeun ngahirupkeun carita, tangtu waé sakabéh
barang anu aya di kamar éta mojang téh bakal kapaké ku unggal tokoh anu satuluyna
bakal nyambung kana unggal adegan. Sanajan naskah drama ieu kaasup naskah
drama sababak sabab ngan saukur diwangun ku hiji latar tempat, tapi kapanggih ogé
sababaraha katerangan anu nuduhkeun patempatan di éta kamar. Jadi cindekna, latar
tempat sacara keseluruhan anu aya dina naskah drama ieu nya éta di kamar Dora, tapi
kapanggih ogé sababaraha patempatan anu diterangkeun dina naskah drama ieu anu
perenahna di kamar Dora. Patempatan éta ngawengku lawang panto, ranjang kasur
jeung tempat kélénéng loncéng.
99
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(a) Lawang panto
Sabada ditalungtik, kapanggih ayana katerangan tempat anu nuduhkeun di
lawang panto. Anu dimaksud lawang panto didieu, nya éta lawang panto kamar Dora.
Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
BARI TEU KANYAHOAN KU DORA, MARDI –PELAYAN ANYAR DI ÉTA KULAWARGA- NGAJANTENG DI LAWANG PANTO, NYERANGEUN NU KEUR LATIHAN…. (kaca 3)
Tina cutatan di luhur, katitén yén aya tokoh Mardi salaku pelayan anyar di éta
kulawarga anu ngajangteng di lawang panto keur ningalikeun Dora anu keur latihan.
Dina cutatan di luhur écés pisan aya kecap “Lawang Panto” anu kaasup kana latar
tempat. Latar tempat dina ieu naskah drama mémang ngan saukur kamar Dora, tapi
hal éta kaasup kana latar tempat general anu salian ti éta miboga tempat-tempat séjén
anu jadi pangwangun carita.
(b) Kana Ranjang
Ranjang kaasup kana latar tempat anu perenahna di kamar Dora. Hal ieu
katitén tina cutatan di handap.
KOBOY NUNGTUN DORA MURU RANJANG, BARI SEMU NU ASA-ASA, KALACAT DORA KANA RANJANG. (kaca 31)
Tina cutatan di luhur, katitén yén Koboy ngalacat kana ranjang duaan jeung
Dora. Tina cutatan di luhur, écés pisan yén salah sahiji latar tempat dina naskah
drama ieu nya éta di ranjang anu kaasup kana pangwangun carita sabab nyarita
tempat lumangsungna hiji kajadian. Ranjang anu dicaritakeun téh perenahna di kamar
Dora anu mangrupa latar utama atawa latar general dina ieu carita.
(c) Ka Tempat Kélénéng Loncéng
DORA …. (BARI NGAJENGKAT MURU KA TEMPAT DISIMPENNA KÉLÉNÉNG LONCÉNG, TULUY DIKÉLÉNÉNG-KÉLÉNÉNGKEUN SABABARAHA KALI) (kaca 37)
100
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina cutatan di luhur katiten yén Dora ngaléos ka hiji tempat paragi
disimpenna loncéng pikeun nyalukan Bibi atawa Mardi. Éta tempat kélénéng loncéng
téh perenahna aya di hiji tempat di kamar Dora. Tempat kélénéng lonceng kaasup
kana latar tempat tambahan, anu perenahna di jero latar tempat general.
b) Tempat Matuhna Asép Golér
Salian ti kamar Dora, latar tempat anu satuluyna nya éta tempat matuhna
tokoh Asep Goler atawa Asgol. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
PANGGUNG LEUTIK –BISA OGÉ LÉVÉL, ATAWA NAON BAÉ—ANU TEMPATNA MISAH (BISA DI MANA WAÉ), TEMPAT “MATUHNA” ASÉP GOLÉR (ASGOL), ANU DINA IEU SANDIWARA “NYEPENG” LALAKON, ANU BOGA IMPIAN, MALAH SAKALIAN MINANGKA NU JADI NARATOR…. (kaca 2)
Tempat matuhna tokoh Asgol kaasup kana latar tempat dina ieu naskah drama
sabab sanajan tempatna Asgol teu dijelaskeun ku pangarang ngeunaan rupana siga
kumaha, tapi bisa dicindekkeun yén tempat matuhna Asgol bisa mangrupa hiji kasur
anu aya di tempat liat disaluareun kamar Dora sabab waktu asup kana dialog Asgol,
kacaritakeun yén manéhna rék saré sangkan nyampeur impian-impian anu tacan
kasampeur. Hal ieu geus ngabuktikeun yén tempat matuhna Asgol mangrupa hiji
kasur anu teu dijéntrékeun kaayaanna kawas kamar Dora. Dina hal ieu pangarang
hayang méré kabébasan sutradara sangkan bisa kréatif dina ngaréka-réka tempat anu
teu dijelaskeun kalawan jéntré. Ku kituna pangarang ngan saukur méré gambaran
sacara gurat badagna yén tokoh Asgol miboga tempat kaluar anu matuh.
Salian ti latar tempat absolut, kapanggih ogé latar tempat parsial anu
perenahna teu dijéntrékeun nya éta ayana tempat ka dieu, ka luar ti éta kamar, di luar,
jeung di hiji tempat anu buni. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
SORA MAMIH Doraaaaaaaa! DORA Kah, Mamiiiiiiiiih! SORA MAMIH Ka dieueueueueueueu! (kaca 7)
101
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina cutatan di luhur katitén yén Mamih ngagéroan Dora ti hiji tempat
disaluareun kamar Dora. Tina dialog di luhur katitén yén tokoh Mamih ngan saukur
némbongkeun sorana hungkul, taya dedeganna. Hal éta kacaritakeun yén Mamih
ngageroan Dora sangkan Dora datang ka tempat Mamih cicing pikeun maturan
Mamih. Panalungtik miboga sawangan yén kecap kadieu anu dimaksud ku Mamih
téh perenahna aya ruang TV atawa ruang kulawarga sabab dina dialog saterusna,
Mamih nitah Dora datang ka tempat Mamih cicing téh sabab Mamih hayang
dibaturan ku Dora pikeun nongton sérial Turki anu dipikaresep ku Mamih. Salian ti
cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
MIREUNGEUH KITU, CIKIKIK BAÉ SI BIBI NYIKIKIK, NYEUNGSEURIKEUN MARDI, BARI
LÉOS BAÉ KA LUAR TI ÉTA KAMAR.
(kaca 10)
Tina cutatan di luhur kacaritakeun yén Bibi meunang paréntah ti Dora
sangkan geura nyébor kembang anu satuluyna Bibi nyanggupan bari kaluar ti kamar
Dora. Kecap ka luar ti kamar Dora mangrupa latar tempat parsial sabab pangarang
teu ngajelaskeun tempat tujuan tokoh Bibi sanggeus kaluar ti kamar Dora. Lamun
nilik kana paréntah Dora saacanna, bisa dicindekkeun yén maksud tina kekecapan ka
luar ti éta kamar téh tujuanna pikeun ka dapur sabab rék nyiapkeun getih keur nyébor
kembang. Sabab lamun ditilik kalawan gemet, moal mungkin lamun Bibi nyiapkeun
getih di kebon atawa halaman tukang, sabab dina naskah drama ieu teu kacaritakeun
yén imah Mamih miboga halaman tukang, anu kadua, upama ditilik sing gemet, Bibi
rék nyiapkeun getih sato pikeun nyébor kembang anu pastina kucu meuncit heula
satona sarta diasupkeun kana botol. Upama ditilik deui, sato anu getihna dicokot téh
sato anu laleutik kawas beurit, monyét jeung sajabanna anu pastina moal mingkin
nyokot getih di kebon atawa halaman tukang, katambah hal anu apal kana kabiasaan
Dora kawas kiue téh ngan ukur Bibi jeung Dora. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan
di handap.
MAMIH Tapi bau bangké, Dora. Na teu kaaangseu, sakitu bauna téh? Bibi, geuwat bawa kaluar! (kaca 17)
102
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Cutatan di luhur nyaritakeun ngeunaan Mamih anu manggihan kembang anu
dicét beureum sarta bau naker. Kacaritakeun waktu di kamar Dora Mamih geus
nempo kembang éta, geuwat-geuwat Mamih nitah Bibi pikeun mawa éta kembang ka
luar ti kamar Dora. Mamih nitah Bibi pikeun miceun kembang éta kamana baé asal
ulah aya di kamar Dora. Upama ditilik tina sempalan dialog Mamih, katitén yén
Mamih ngaluarkeun kecap bawa kaluar. Kecap éta memang teu dijelaskeun yén
Mamih nitah Bibi mawa pot kembang kamana tapi tina cutatan diluhur bisa
dicindekkeun yén tempat anu dimaksud ku Mamih téh nya éta tempat pamiceunan
runtah anu perenahna aya di saluareun imahna.
c. Latar Sosial
Latar sosial nya éta sagala hal anu aya patalina jeung hirup kumbuh hiji jalma.
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” ngagambarkeun kahirupan sapopoé hiji
kulawarga nya éta Mamih jeung Dora sarta pembantuna nya éta Bibi jeung Mardi.
Dina éta naskah drama kacaritakeun yén Dora salaku anak ti randa beunghar, jutawan
mantén. Randa beunghar didieu nya éta Mamih salaku indung Dora. Hal ieu katitén
tina cutatan di handap.
PANGGUNG NGAGAMBARKEUN KAMAR HIJI MOJANG UMUR 20 TAUNAN, ANAK RANDA BEUNGHAR; PAMAJIKAN JUTAWAN MANTEN. (kaca 2)
Cutatan di luhur katitén latar sosial anu aya dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” nya éta randa beunghar sarta jutawan manten anu dina hal ieu ngagambarkeun
kahirupan sapopoé si tokoh utama kawas kumaha anu hirup serba cukup malah
leuwih. Katitén ogé yén sagala pangabutuh sarta kahayang tokoh utama pasti sagala
dicumponan. Tokoh Dora ngajalanan kahirupan sapopoé dina nyanghareupan sagala
pangabutuhna pasti cumpon, sabab pangabutuh sarta barang-barang anu dipikahayang
ku Dora teu weléh dicumponan kitu deui anu kaalaman ku Mamih salaku randa
beunghar anu hirupna serba makmur. Sagala kahayang Mamih ogé pasti cumpon,
sagala barang anu dipikahayang teu weléh kabeuli. Hal ieu némbongkeun yén Mamih
103
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
jeung Dora kaasup kana jalma anu aya dina strata kalangan tingkat luhur anu hirup
cukup malah leuwih.
Salian ti éta katitén ogé kahirupan tokoh Mardi salaku palayan anyar dina éta
naskah, saulas Mardi kaasup kana tokoh anu hirup cukup, malah mah kawilang serba
kakurangan. Tapi dina ahir carita, kacaritakeun yén Mardi téh mangrupa mahasiswa
semester ahir jurusan filsafat anu keur neuleuman perasaan hiji pagawé saméméh jadi
pamingpin. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MARDI … Yeuh, lamun kudu balaka mah, Mardi téh mahasiswa filsafat semester ahir. Ku naon bet gawé didieu? Ngahaja! Lantaran hayang neuleuman perasaan hiji pagawé saméméh engkéna jadi pamingpin… (kaca 35)
Tina cutatan di luhur bisa katitén yén Mardi kaasup jalma anu hirupna cukup
sarta miboga tingkatan strata kalangan menengah kaluhur. Hal ieu katitén tina hal anu
dikedalkeun ku Mardi sabab manéhna salaku mahasiswa semester ahir jurusan
filsafat. Sanajan teu dijelaskeun ku pangarang ngeunaan status sarta tingkatan strata
kahirupan Mardi, tapi tina cutatan di luhur bisa katitén yén Mardi kaasup kana
kalangan éta, sabab biasana jalma nu bisa kuliah sarta sakola luhur mah kaasup jalma
tina kalangan menengah ka luhur. Salian ti kahirupan Dora, Mamih jeung Mardi, aya
ogé kahirupan Bibi salaku pembantu di imah éta. Bibi kaasup kana strata kalangan
handap anu hirupna serba kakurangan atawa menengah kahandap. Jadi bisa
dicindekkeun yén latar sosial anu aya dina ieu naskah drama nya éta aya latar sosial
tingkatan luhur anu serba hirup cukup jeung leuwih, tingkatan menengah kaluhur anu
hirupna cukup jeung tingkatan menengah kahandap anu hirup serba kakurangan.
4) Sarana Sastra
(1) Judul
Judul dina ieu naskah nya éta “Manusa Jero Botol” anu aya hubunganana
jeung eusi carita utama tokoh anu nyekel lalakon lalakon. Hal ieu katitén tina cutatan
di handap.
104
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ASGOL Hadirin anu dipihormat, uing kapaksa kudu lilir heula, padahal tadi téh keur anteng-antengna ngimpi. Enya, ngimpi sual akhirupan Dora, si Manusa Jero Botol. Kapaksa lilir téh henteu kagareuwahkeun ku sasaha, tapi pédah panasawan wé, para saderék téh nuju ngabandungan atawa henteu?!… (kaca 12)
Dina cutatan di luhur katitén yén tokoh Asgol keur cacarita sabab manéhna
lilir tina impian ngeunaan hiji mojang anu ngarana Dora. Asgol salaku narator dina
ieu carita, ngajelaskeun ka panongton ngeunaan kahirupan Dora anu dikungkung.
Tokoh Asgol ngedalkeun kekecapan ”ngimpi sual khirupan Dora si Manusa Jero
Botol” anu némbongkeun kahirupan tokoh utama anu hirupna ibarat cicing di jero
botol. Dumasar cutatan di luhur, katitén monolog anu nyaritakeun kaayaan tokoh
utamana anu hirupna teu bébas lantaran dikungkung ku indungna. Salian ti cutatan di
luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA …. Hanjakal geus euweuh péloran. (TULUY MELONG KA BOTOL-BOTOL) Wayahna, kuring geus teu butuh deui ku maranéh. Malah cua nempona gé. Maranéh kudu nyingkah tina kahirupan kuring. Dora nu salila ieu ngibaratkeun manusa jero botol, geus waktuna hirup kalawan normal. … (kaca 40)
Cutatan di luhur katitén yén Dora ngedalkeun kekecapan “Dora anu salila ieu
ngibaratkeun manusa jero botol, geus waktuna nyingkah…” hal éta écés pisan yén
judul jeung carita téh rélevan sarta judul anu dijieun ku pangarang, mangrupa réfléksi
tina kahirupan tokoh utama anu salila hirupna kawas cicing di jero botol. Botol
sorangan mangrupa hiji barang anu dijieunna tina kaca tur dina rupana ilaharna leutik
anu matak nyieun eungap. Botol sorangan bisana dipaké wadah cai pikeun nginum.
Bédana dina naskah drama, kecap botol anu dipaké mangrupa simbol kateubébasan
tokoh utama. Ibarat cicing dina jero botol, tokoh utama ieu bisa ningali karaméan
dunya luareun imahna tapi teu bébas gerak. Manéhna ngan saukur bisa ningali tapi
teu bisa ngilu turun ngarasakeun dunya luar imahna. Hal ieu luyu jeung eusi carita,
waktu si tokoh teu meunang ulin ka luareun imahna, meunang jalan-jalan kamana baé
tapi kudu dibarengan ku indungna. Ku kituna ieu naskah téh dibéré judul “Manusa
Jero Botol” sabab judulna geus ngagambarkeun kahirupna si tokoh utama.
105
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(2) Puseur implengan
Sabada ditalungtik, dina naskah darama “Manusa Jero Botol”, pangarang
ngagunakeun puseur implengan jalma katilu atawa third person.. Sabab dina ieu
naskah drama, pangarang ngadadarkeun ampir kabéh palaku disebutkeun ngaranna,
nya éta Asép Golér (Asgol), Dora, Mamih, Mardi, Bibi, Koboy, Sirah-Sirah Jalma,
Botol-Botol, Jalma-Jalma anu maraké kedok, jrrrd.
(3) Gaya basa
Gaya basa nya éta cara pangarang dina ngagunakeun basa dina karya sastra
pikeun ngaéksprésikeun gagasan hasil karyana. Sabada ditalungtik, dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya sabelas rupa gaya basa, nya éta gaya basa
ngaumpamakéun (simile), rarahulan (hiperbola), kadalon (pléonasme), silib (alégori),
mijalma (personifikasi), lalandian (métafora), raguman tunggalan (pars pro toto),
gasor (litosés), babasan jeung paribasa, dialék sarta basa asing. Hal ieu dibahas di
handap ieu.
a. Ngaumpamakéun (Similé)
Gaya basa ngaumpamakéun atawa simile nya éta gaya basa anu ngandingkeun
hiji barang jeung barang séjénna anu sifatna nembrak. Sabada ditalungtik, dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih sababara gaya basa ngaumpamakéun
atawa simile. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MARDI …. Kanggo ngahontal kabagjaan, urang kedah hirup basajan tur pinter ngatur hirup. Mungguh wijaksana jalmi anu henteu ngaraos sedih kana naon anu henteu dipibanda ku dirina, tapi justru ngaraos bagja kana naon nu ku dirina geus dipibanda. Kasedih jeung kabagja téh sobat dalit anu silihéréngan, silihpusuhan. Sing saha anu teu bisa ngarasakeun kasedih, ogé moal bisa ngarasakeun kabagja diri. (kaca 4)
Cutatan di luhur nyaritakeun yén Mardi keur mapatahan ka Dora ngeunaan
kabagja jeung kasedih sarta kabébasan anu dipiboga ku unggal manusa. Tina cutatan
di luhur, katitén yén Mardi ngedalkeun kalimah kasedih jeung kabagja téh sobat dalit
106
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu silihéréngan, silihpusuhan, kalimah éta kaasup kana gaya basa ngaumpamakéun
atawa simile anu diumpamakéun ku Mardi. Mardi ngaumpamakéun yén rasa sedih
jeung rasa bagja téh mangrupa hiji hal anu padeukeut pisan ibarat sobat dalit anu
kamana-mana silihéréngan tur silihpusuhan. Hartina, kasedih jeung kabagja
mangrupa hiji beungkeutan anu geus dipaketkeun pikeun manusa anu hirup di dunya.
Sakabéh manusa pasti pernah ngarasakeun kabagjaan jeung kasedih. Rasa sedih tur
rasa bagja aya dina diri manusa kalawan silihgenti. Kadang kasedih jeung kabagja
datangna barengan paduduan tapi aya ogé anu datangna pajauhan ibarat jalma anu
keur musuhan. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
KOBOY Ieu péstol mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngawatesan gerak Dora. (KA NU LALAJO) Hartina Koboy nitah Dora pikeun maténi jalma anu salila ieu ngurung dirina di jero imah. (kaca 31)
Tina cutatan di luhur, aya kecap “péstol mangrupa konci pikeun
ngaleupaskeun borgol”, kecap éta kaasup kana gaya basa ngaumpamakéun atawa
simile sabab tina dialog Koboy di luhur, manéhna nyieun perumpamaan yén péstol
anu dibikeun ka Dora téh mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun Dora tina borgol
anu salila ieu ngawatesan gerak Dora. lamun ditilik tina perumpamaanna, hal éta
tangtu rélevan sabab borgol mangrupa barang anu gunana pikeun ngajiret leungeun
manusa sangkan teu bisa gerak bébas. Tangtu waé pikeun muka borgol anu ngajiret
leungeun manusa ngabutuhkeun konci sangkan borgolna kabuka. Kitu deui anu jadi
perumpamaan tokoh Koboy ka Dora. hirup Dora anu salila ieu teu bébas gerak
kamamana ibarat dijiret ku borgol kudu dileupaskeun pikeun Dora bisa hirup bébas
ku cara muka borgolna ku konci anu diibaratkeun ku Koboy kana péstol, nya éta
maténi indungna anu salila ieu geus ngawatesan Dora pikeun hirup bébas.
b. Rarahulan (Hiperbola)
Gaya basa rarahulan atawa hiperbola nya éta gaya basa rarakitan anu gunana
pikeun ngayakinkeun anu jalma séjén sangkan percaya kana omonganna anu bisa
disebut kaleuleuwihi. Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
107
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kapanggih aya sababaraha kalimah anu némbongkeun gaya basa rarahulan. Hal ieu
katitén tina cutatan di handap.
MARDI Papacangan wé jeung playboy, Néng Dora. yakin geura, moal dugi ka sasasih ogé bakal tunggara. Malah dijamin Néng Dora bakal remuk manah. (kaca 5)
Tina cutatan di luhur katitén dialog Mardi anu keur méré solusi keur Dora
sangkan Dora bisa ngarasakeun lara tunggara alatan cinta. dina dialog di luhur,
katitén Mardi nyebutkeun dialog bakal remuk manah, hal éta kaasup kana gaya basa
rarahulan, sabab kalimat éta geus teu asup kana logika sarta kaleuleuwihi. Haté atawa
manah manusa moal bisa remuk lantaran putus cinta. dina enyana gé, upamana haté
manusa kudu kagiles, moal matak jadi remuk, anu aya gé kalah ka pejét. Mardi
ngaluarkeun kalimah kitu ka Dora miboga maksud yén rasana bobogohan jeung
playboy téh pasti nyieun rasa kanyeri anu kacida nyerina. Salian tina cutatan di luhur,
katitén ogé tina cutatan di handap.
SORA MAMIH (NYOROWOK) Keun baé, Bibi, antep wé. Meureun keur saré. Teu mungkin minggat deui-minggat deui mah. Geus Bibi, tong di gangguuu. Karunya. Boa capéeun geus diajar sapoé jeput. (kaca 32)
Tina cutatan di luhur, katiten yén Mamih nitah Bibi sangkan teu
ngahudangkeun Dora sabab Dora keur saré. Dina dialog di luhur, Mamih ngedalkeun
kalimah boa capéeun geus diajar sapoé jeput ka Bibi. Kalimah éta kaasup kana gaya
basa rarahulana sabab kalimah anu dikedalkeun ku Mamih mangrupa kalimah
kateumunkinan anu kaleuleuwihi. Dina enyana, moal mungkin Dora bisa diajar sapoé
jeput, sabab dina enyana diajar sapoé jeput, manéhna tangtu ngalakukeun hal-hal
séjén pikeun nyela kagiatan diajarna saperti mandi, shalat, dahar, jeung sajabana.
Saupama Dora mémang diajar sapoé jeput bari teu ngalakukeun hal-hal séjén, pasti
manéhna miboga waktu pikeun istirahat, utamana ngaistirahatkeun panon sarta
uteukna.
108
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c. Kadalon (Pléonasme)
Gaya basa kadalon atawa pléonasme nya éta gaya basa anu ngagunakeun
kecap-kecap pikeun ngébréhkeun maksud anu leuwih ti mistina. Sabada ditalungtik,
dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya sababaraha kalimah anu
némbongkeun gaya basa kadalon. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MAMIH .... hidep kudu bisa ngajénan perjoangan hiji indung dina ngaping ngajaring, dina ngatik ngadidik, jeung ngahirup-huripan nu jadi anak. Sakali deui milampah hal anu teu uni kawas tadi, Mamih bakal leuwih-leuwih nalingakeun hideup… (kaca 28)
Tina cutatan di luhur, katitén yén Mamih keur mapatahan Dora sangkan bisa
nurut ka Mamih sarta ngajénan ka nu jadi kolot. Sagala hal anu dilakukeun ku Mamih
mangrupa hiji perjoangan pikeun kabagjaan anakna. Tina dialog di luhur, Mamih
ngedalkeun kekecapan ngaping-ngajaring, ngatik ngadidik, jeung ngahirup-
huripkeun, kekecapan éta kaasup kana gaya basa kadalon. Sabenerna teu kudu
dibawaan duanana gé geus némbongkeun kana pamaksudanana, upamana dina kecap
ngaping ngajaring, sabenerna teu kudu disebutkeun kecap ngajaringna ogé geus
némbongkeun kana anu dipimaksudna sabab upama urang ngaping pasti sakalian
ngajaring, kitu deui dina kecap ngatik ngadidik. Kecap ngatik téh geus miboga
maksud ngadidik, kitu deui jeung kecap ngahirup-huripkeun. Kecap-kecap éta
mangrupa hiji beungkeutan anu kacida jelasna upama salah sahiji kecapna teu
dibawaan. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
MARDI Néng Dora nyalira anu ngabudalkeun sadaya kereteg haténa. Cénah dirina ngaraos kakungkung di ieu bumi anu sakitu agréng tur sakitu sigrongna…. (kaca 34)
Cutatan di luhur nyaritakeun waktu Mardi ngobrol jeung Mamih ngeunaan
kahayang Dora salila ieu. Dina ngabudalkeun eusining haté Dora, Mardi ngedalkeun
kecap agreng tur sakitu sigrongna, kekecapan éta kaasup kana kadalon sabab
ngajelaskeun hal leuwih ti sakumaha mistina. Kecapn agreng jeung sigrong mangrupa
kecap anu silih pakait sarta miboga harti anu ampir sarua. Sabenerna Mardi teu kudu
nyebutkeut kecap sigrong lantaran manéhna geus nyebutkeun kecap agreng anu
109
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
hartina ampir sarua. Cukup ku nyebutkeun kecap agreng ogé geus némbongkeun yén
imah Mamih téh kacida gedéna. Saupama kecap sigrong teu dibawaan ogé dina
kekecapan di luhur teu jadi masalah sabab cukup diwakilan ku kecap agreng ogé
batur geus papada maham kana omongan anu dikedalkeun ku Mardi.
d. Silib (Alégori)
Gaya basa silib atawa alégori nya éta gaya basa anu eusina dibalibirkeun anu
miboga tujuan sangkan anu diajak nyarita teu ngarasa kasinggeung haténa. Sabada
ditalungtik dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih sababara kecap atawa
kalimah anu nuduhkeun yén éta kaasup kana gaya basa silib. Hal éta katitén tina
cutatan di handap.
MARDI Resep nya Néng Dora mah. Ku ibu teu weléh diaping dijaring, ka mana-mana teu weléh ditalingakeun. Barang naon baé nu dipikahoyong teu weléh sayagi…. (kaca 12)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi keur ngabandingkeun antara
kahirupan manéhna jeung kahirupan Dora. Mardi ngabandingkeun yén kahirupan
Dora mah matak pikaresepeun sabab hirupna dijaring tur ditalingakeun ku nu jadi
kolot kaasup ngeunaan barang-barang anu dipikahayangna ogé teu weléh sayagi, béda
pisan jeung kahirupan Mardi. Tapi upama ditilik kalawan gemet, katitén yén cutatan
di luhur kaasup kana gaya basa silib. Mardi sabenerna keur nyindir Dora sabab teu
sakabéh jalma bisa dijaring diaping ku kolotna. Mardi ogé méré nyaho sacara tersirat
yén sagala hal anu dilakukeun ku Mamih ka Dora taya alesan séjén iwal ti nyaah ka
Dora, tapi dina hal ieu, Dora teu ningali kana kanyaah Mamih tina puseur sawangan
saperti Mardi, Dora miboga sawangan séjén ngeunaan cara ngatik Mamih anu
karasana siga ngungkung Dora di jero kamar. Ku kituna, Mardi ngedalkeun
sawanganana ngeunaan cara ngatik indungna Dora ngaliwatan cara anu séjén, cara
anu teu dibalibirkeun maksud sabenerna sangkan Dora teu salah paham kana
sawangan Mardi. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
110
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MAMIH …. Na kembang téh bau-bau teuing. Bau bangké. Geuwat bawa kaluar, Bibi piceun sing jauh! DORA Ulah, Mamih. éta mah ceungceuman Dora! (kaca 17)
Cutatan di luhur katitén yén Mamih ngangseu kembang anu kacida bauna anu
aya di kamar Dora. Mamih geuwat-geuwat nitah Bibi sangkan miceun éta kembang
sing jauh, tapi Dora teu ngidinan sabab kembang éta mangrupa ceungceuman Dora.
Dora ngedalkeun kalimat “ulah, Mamih. Éta mah ceungceuman Dora” kaasup kana
gaya basa silib, sabab dina kekecapan Dora anu nyebutkeun yén kembang anu aya
dina kamarna salaku ceungceuman manéhna téh miboga tujuan pikeun nyindir
Mamih. Dora ngedalkeun kalimah éta sabab manéhna hayang Mamih sadar yén
didikan Mamih anu salila ieu dibérékeun ka Dora téh teu matak nyieun Dora sugema
sarta Dora ogé teu boga batur ulin atawa babaturan anu bisa dijadikeun tempat ngadu
sagala katugenahna. Dora nyebutkeun yén kembang éta mangrupa ceungceumanna
téh supaya Mamih sadar yén salila ieu Dora teu boga babaturan sarta kabogoh.
e. Mijalma (Personifikasi)
Gaya basa mijalma atawa personifikasi nya éta gaya basa anu
ngabandingkeun barang anu teu nyawaan atawa barang paéh jeung barang anu
nyawaan. Sabada ditaluntik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih
sababara kalimah anu kaasup kana gaya basa mijalma. Hal ieu katitén tina cutatan di
handap.
ASGOL …. Tapi sakaluarna Mardi ti kamar, Dora kalah anteng deui mancakrama jeung botol-botol. Enya, pan éta botol-botol téh bisa ngusir rasa sepina…. (kaca 12)
Cutatan di luhur katitén yén tokoh Asgol keur ngajelaskeun carita anu geus
disorang. Dina cutatan di luhur, Asgol ngedalkeun kalimah “Enya. Pan éta botol-
botol téh bisa ngusir rasa sepina.” Kalimah éta kaasup kana gaya basa mijalma,
sabab upama ditilik kalawan gemet kecap botol jeung ngusir téh mangrupa konci tina
111
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
analisis ieu. Moal mungkin upamana hiji botol bisa ngusir rasa kasepi jalma, sabab
anu bisa “ngusir” mah biasa jalma atawa mahluk anu miboga nyawa, lain botol anu
dina logikana teu miboga nyawa atawa roh. Salian ti cutatan di luhurm katitén ogé
tina cutatan di handap.
SIRAH …. Jig baé rék ninggalkeun imah bari susulumputan ti nu jadi indung, tapi anjeun bakal terus-terusan dikukuntit rasa salah…. (kaca 24)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén tokoh sirah keur mapatahan Dora sangkan
teu jadi kabur kalawan susulumputan ti nu jadi indung. Dina papatah tokoh Sirah,
manéhna ngedalkeun kalimah “bakal terus-terusan dikukuntit rasa salah”, kalimah
éta kaasup kana gaya basa mijalma, sabab kecap dikukuntit rasa salah kaasup kana
hal anu teu mungkin sarta biasana dilarapkeun ka jalma. Biasana anu sok nguntit mah
jalma anu miboga wujud sarta miboga nyawa lain rasa salah anu teu puguh wujudna
sanajan karasa kana batin.
f. Lalandian (Métafora)
Gaya basa lalandian atawa métafora nya éta gaya basa anu ngébréhkeun hiji
hal ngaliwatan babandingan ku cara méré panglandi. Sabada ditalungtik, dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya sababaraha kalimah anu kaasup kana gaya
basa lalandian. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MAMIH Dasar anak palacur DORA Lamun Dora anak palacur, hartina Mamih palacurna! (kaca 37)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén Mamih keur guntreng jeung Dora. Dina
cutatan di luhur katitén yén Mamih ngedalkeun kecap “Dasar anak palacur”.
Kalimah éta dikedalkeun pikeun Dora anu geus wani-wani kabur ti peuting sarta balik
dina kaayaan mabok parna, katambah pakéan anu dipaké ku Dora mangrupa
papakéan anu teu mantes dipaké ku mojang. Kalimah dasar anak palacur kaasup
kana gaya basa lalandian, sabab dina kalimah éta, Mamih méré lalandian keur Dora
112
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu geus kabur sarta balik dina kaayaan mabok parna siga palacur. Salian ti éta
katitén ogé tina cutatan di handap.
BIBI (MURU KA LEBAH DORA, NARAJANG PINUH AMARAH) Dasar anak iblis! Anak iblis! Anak iblis! (kaca 39)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén Dora kakara maténi indungna ku péstol anu
dibéré ku Koboy. Ningali hal éta, Bibi kacida ambekna ka Dora lantaran Dora bisa
wani maténi indungna anu sakitu nyaahna ka Dora padahal Dora lain anak tandesna.
Tina cutatan di luhur katitén yén Bibi méré sesebutan atawa lalandian keur Dora nya
éta anak iblis. Kalimah éta kaasup kana gaya basa lalandian sabab Bibi méré
babandingan hiji jalma jeung iblis anu miboga kalakuan teu hadé sarta teu miboga
pipikiran jeung perasaan. Kitu pisan anu kaalaman poé éta nalika Dora geus kurang
ajar sarta wani ngaleungitkeun nyawa hiji jalma.
g. Raguman Tunggalan (Pars Pro Toto)
Gaya basa raguman tunggalan nya éta rarakitan basa anu nyebut salah sahiji
atawa sabagian padahal maksudna mah sakabéhna. Sabada ditaluntik, dina naskah
drama “Manusa Jero Botol” kapanggih hiji gaya basa raguman tunggalan. Hal ieu
katitén tina cutatan di handap.
ASGOL …. Widian nya, uing rék saré deui, rék nyampeur deui impian-impian anu can kasampeur… (kaca 2)
Tina cutatan di luhur katitén dialog Asgol anu nyebutkeun yén manéhna rék
saré deui sabab rék nyampeur impian-impian anu tacan kasampeur. Kecap impian-
impian anu katitén miboga harti sabagian impian tina sakabéh impian. Hal éta kaasup
kana gaya basa raguman tunggalan sabab unggal jalma anu saré pasti ngimpi, sarta
upama urang, saré téh pasti anu kapanggih téh nya éta impian lain hal anu lian.
113
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
h. Ngasor (Litosés)
Gaya basa ngasor atawa litosés nya éta rarakitan basa anu dipaké pikeun
ngaréndahkeun haté tandaning sopan atawa handap asor. Sabada ditalungtik, dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya hiji kalimah anu kaasup kana gaya
basa ngasor. Hal ieu hatitén tina cutatan di handap.
MARDI …. Sedengkeun Mardi? Sabalikna! Sagala rupi nu dipikahoyong mung sadia dina ciciptaan wungkul... (kaca 12)
Cutatan di luhur, kacaritakeun yén Mardi keur ngabandingkeun hirup
manéhna anu sagala kakurangan jeung hirup Dora anu sagala aya sarta sagala
dicumponan pangabutuhna. Dina cutatan di luhur, katitén yén Mardi ngedalkeun
kalimah “sagala rupi nu dipikahoyong mung sadia dina ciciptaan wungkul”, kalimah
éta kaasup kana gaya basa ngasor sabab dina kalimah éta, Mardi némbongkeun hal
anu teu katingali ku Dora ku cara anu sopan, Mardi ngedalkeun kekecapan kitu sabab
hayang méré pangajaran ka Dora sangkan ngarti kana cara ngatik indungna. Ku cara
ngasor Mardi nyebutkeun yén sabenerna hirupna Dora leuwih hadé sarta genah
tibatan hirup batur anu tacan tangtu bisa dahar sapoé sakali anu sakuduna Dora
miboga rasa sukur sabab geus hirup cukup malah mah leuwih. Tapi sadaba
ditalungtik sacara gemblengna, bisa waé kalimah Mardi di luhur téh ngasor pikeun
diri manéhna sorangan, sabab bisa diperkirakeun yén Mardi ogé kaasup jalma anu
hirup cukup sabab manéhna gawé jadi palayan lain pédah butuh tapi hayang
neuleuman jadi palayan saacan jadi pamingpin. Hal éta dijelaskeun dina ahir naskah
waktu Mardi jeung indung Dora keur guntreng ngeunaan cara ngatik indungna Dora
anu nyieu Dora kakungkung.
i. Babasan jeung Paribasa
Sabada ditanlungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih
sababara kecap atawa kalimah anu kaasup kana babasa jeung paribasa. Hal ieu katitén
tina cutatan di handap.
114
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DORA KAGÉT, OLOHOK MATA SIMEUTEUN (kaca27)
Cutatan di luhur, katitén yén aya narasi anu nyebutkeun yén Dora olohok
kagét sarta mata simeuteun. Mata dimeuteun di luhur kaasup kana babasan anu
hartina héran. Salian ti babasan, kapanggih ogé paribasa nya éta “Merebutkeun
balung tanpa eusi” . Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
DORA …. Nanaonan, sih?! Kalah merebutkeun balung tanpa eusi! (kaca 13)
Cutatan di luhur aya kaliman anu dikedalkeun ku Dora anu kaasup kana
paribasa nya éta merebutkeun balung tanpa eusi. Paribasa éta miboga harti
merebutkeun hiji hal anu teu miboga tujuan atawa euweuh hasilna.
j. Basa Asing
Basa asing nya éta basa anu asalna lain tina basa Sunda. Bisa tina basa
deungeun atawa basa Indonésia. Sabada ditaluntik, dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” kapanggih sababaraha basa asing anu ngawengku basa Indonésia, basa Inggris
jeung basa Arab. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
a) Basa Indonésia
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih
sababaraha kecap anu ngandung unsur basa Asing, salah sahijina basa Indonésia. Hal
ieu katitén tina cutatan di handap.
MARDI …. Mung nya kitu, sok tara dikintunkeun ka surat kabar atawa majalah. (kaca 4)
Dina cutatan di luihur, katitén yén Mardi ngedalkeun kecap surat kabar. Surat
kabar miboga harti koran dina basa Indonésia. Taya alesan anu jelas pangna
pangarang ngasupkeun kecap surat kabar pikeun ngaganti istilah koran, sabab dina
kecap aslina, kecap surat kabar téh mangrupa serepan tina basa Indonésia. Salian ti
surat kabar. Pangarang ogé ngasupkeun kecap pukul pikeun nuduhkeun waktu atawa
jam. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
115
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BOTOL I Pukul sabaraha ayeuna? (kaca 20)
Cutatan di luhur mangrupa dialog tokoh botol anu eusina tokoh botol
nanyakeun jam atawa waktu. Tapi dina nanyakeun waktuna, tokoh botol maké kecap
pukul pikeun nuduhkeun waktu. Kecap pukul dina basa Indonésia nya éta nuduhkeun
jam, tapi dina naskah drama ieu kapanggih yén pangarang make kecap pukul pikeun
nuduhkeun waktu anu dicokot tina basa Indonésia.
b) Basa Inggris
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya
sababaraha kecap Asing anu mangrupa kecap basa Inggris. Hal ieu katitén tina
cutatan di handap.
…. DORA MAKÉ KAOS/T-SHIRT SINGLÉT JEUNG CALANA PONDOK TINA KULIT…. (kaca 10)
Tina cutatan di luhur katitén aya kecap T-SHIRT pikeun nuduhkeun papakéan
anu dipaké ku Dora. Kecap T-SHIRT kaasup kana basa Asing nya éta basa Inggris
pikeun nuduhkeun papakéan samodél kaos anu remen di paké ku budak jaman
ayeuna. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA Halo, Mih. I love you, Mih…. (kaca 37)
Cutatan di luhur katitén ayana kecap I love you anu dikedalkeun ku Dora keur
Mamih. kecap I love you mangrupa kecap dina basa Inggris anu miboga harti ”kuring
bogoh ka anjeun”. Kecap I love you digunakeun pikeun nuduhkeun rasa kanyaah tur
rasa cinta ka jalma-jalma anu dipikanyaah. Bisa ka kabogoh atawa kulawarga.
c) Basa Arab
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih
sababaraha kecap anu nuduhkeun basa Asing nya éta basa Arab. Hal ieu katitén tina
cutatan di handap.
MARDI Astagfirulloh al’adziem… ku aya-aya baé. (kaca 10)
116
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi ngedalkeun kalimah istigfar sabada
mikanyaho kana kabiasaan Dora anu teu ilahar. Kecap Astagfirulloh kaasup basa
asing, nya éta basa Arab anu digunakeun pikeun ningali hal-hal anu pikasieuneun
atawa hal-hal anu teu ilahar. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di
handap.
MARDI Masya Alloh. Sing yakin, Néng Dora. surga jeung naraka mah aya. Aya! (kaca 19)
Tina cutatan di luhur, katitén yén tokoh Mardi ngedalkeun kalimah Masya
Alloh pikeun ngajawab patalékan Dora. Kecap Masya Alloh kaasup kana basa asing
nya éta basa arab anu digunakeun pikeun ningali hal-hal teu ilahar atawa hal-hal anu
matak pikaheraneun.
4.1.1.2 Analisis Struktur Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Stuktur naskah drama “Manusa Jero Botol” anu dipedar dina ieu
panalungtikan téh nya éta ngéunaan prolog, dialog, wawancang, kramagung,
solilokui, aside, babak, épisode, adegan, jeung épilog. Tina hasil analisis data,
struktur naskah drama “Manusa Jero Botol” bisa dibahas saperti ieu di handap.
1) Prolog
Prolog nya éta kecap bubuka dina hiji lakon drama anu eusina mangrupa
panganteur sacara umum. Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” kapanggih ayana prolog. Hal ieu katitén dina cutatan di handap.
PANGGUNG NGAGAMBARKEUN KAMAR HIJI MOJANG UMUR 20 TAUNAN, ANAK RANDA BEUNGHAR; PAMAJIKAN JUTAWAN MANTEN. ÉTA KAMAR PERENAHNA DI LANTÉ DUA, DIHIAS KU JANDÉLA-JANDÉLA KACA ANU TÉMBONG DI LATAR-TUKANG PANGGUNG. DI SATUKANGÉUN JANDÉLA AYA HIJI TANGKAL GEDÉ ANU DANGDAUNANANA MÉH BAÉ ANTEL KANA KACA JANDÉLA. DI ÉTA KAMAR PARAGPAG PAPARABOTAN ANU MARAHAL. TEU TINGGALEUN BONÉKA-BONÉKA JEUNG BACAAN. OGÉ PARAGPAG BOTOL-BOTOL ANU PATING JALAJAR DI HIJI TEMPAT. LIAN TI PANGGUNG ANU NGAGAMBARKEUN KAMAR TÉA, AYA DEUI PANGGUNG LEUTIK –BISA OGÉ LÉVÉL, ATAWA NAON BAÉ—ANU TEMPATNA MISAH (BISA DI
117
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MANA WAÉ), TEMPAT “MATUHNA” ASÉP GOLÉR (ASGOL), ANU DINA IEU SANDIWARA “NYEPENG” LALAKON, ANU BOGA IMPIAN, MALAH SAKALIAN MINANGKA NU JADI NARATOR.
(kaca 2)
Cutatan di luhur mangrupa téks narasi anu kaasup kana prolog dina ieu carita,
eusina nyaritakeun ngeunaan kaayaan tempat anu mangrupa setting dina ieu carita.
Kacaturkeun yén kaayaan tempat dina ieu carita téh mangrupa kamar hiji mojang anu
umurna kira-kira 20 taun anak randa beunghar. Kamar éta téh perenahna aya di laté
dua. Di jero kamar, kasampang barang-barang mahal, bonéka-bonéka, buku-buku
bacaan sarta botol-botol anu patingjalajar di hiji tempat. tina katerangan éta bisa
ditingali yén tokoh utama dina ieu carita téh nya éra hiji awéwé anu hirupna serba
cukup. Sagala pangabutuhna teu weléh disadiakeun sarta dicumponan. Tokoh utama
dina ieu carita pasti miboga kabiasaan maca buku-buku bacaan, hal ieu katitén tina
kateranganna yén di éta kamar paragpag ku barang-barang mahal salah sahijina buku-
buku bacaan. Salian ti éta, di deukeut jandéla kamar aya tangkal gedé anu
dangdaunna antel kana kaca jandéla. Hal ieu némbongkeun yén tatangakalan anu
dangdaunna antel kana kaca jandéla téh miboga peran penting keur kahareupna carita.
Salian ti tempat éta, aya ogé hiji tempat anu teu dijelaskeun bentukna siga
kumaha. Éta tempat téh nya éta tempat matuhna tokoh Asép Golér anu dina carita ieu
salaku narator atawa panganteur carita. Tokoh Asgol dina carita ieu lain ngan saukur
narator hungkul, tapi Asgol salaku konci anu apal kana sakabéh jalan carita anu bakal
disorang ku unggal tokoh, sabab dina carita ieu mangrupa impian manéhna. Cindekna
prolog di luhur mangrupa pengenalan tokoh jeung pengenalan tempat anu satuluyna
bakal dicaritakeun kalawan jéntré eusi sarta lalakon tina naskah drama “Manusa Jero
Botol”. Salian ti cutatan di luhur, katitén ogé tina cutatan di handap.
ASGOL Hadirin anu dipihormat, asa bingung ieu téh, naha uing téh saré kénéh atawa geus
nyaring, nya? Keur ngalindur atawa keur éling? Keur ngimpi atawa henteu keur ngimpi, kitu? Ngan mun seug henteu keur ngimpi atawa bener-bener geus nyaring, widian nya, uing rék saré deui, rék nyampeur deui impian-impian anu can kasampeur. Ngan saméméh nuluykeun impian, nepangkeun… uing téh Asgol atawa Asép Golér. Ngaran Asgol téh paparin hiji pangarang anu cenah pangarang ieu sandiwara, si tukang ngimpi anu hayang ngawujudkeun sagala impianana. Impianana anu ayeuna lain impianna anu paling “wah”. Atawa bisa disebut lain
118
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
impian anu rohaka. Gagasanna dumasar tina réalita anu remen kapanggih di ieu alam dunya. Impian si pangarang dimimitian ku hiji sandiwara anu témana éstu basajan. Téma samodél kieu bisa baé remen kabandungan dina garapan-garapan sinétron urang, atawa film-film nasional umumna. Atawa bisa baé kungsi kacaritakeun dina hiji novél pop atawa sastra, atawa dina hiji sérial Koréa, India atawa Turki. Tapi basajan atawa henteuna hiji téma gumantung ka nu ngagarapna, tepi ka bisa ditampa ku masarakat enggoning jadi padoman hirup. (MERELEK HEUAY) Ah, na panon téh mani cepel-cepel teuing, geus karasa deui tunduhna?! Para sadérék, widian baé nya, rék miang ka alam ngimpi, bari sakalian rék umajak ka sadayana sangkan bisa nyaksian impian-impian uing anu tangtuna bakal manggihan logika-logika ngimpi atawa kamustahilan anu teu asup akal. Ah, moal loba catur deui ah, kajeun héés deui wé. Tapi ké heula kétah, panongton mah ulah nurutan héés, aéh… ulah ngiring kulem, nya. Mangga sing jongjon wé ngabandungan ieu sandiwara. (kaca 2-3)
Cutatan di luhur mangrupa dialog tokoh Asgol anu mimiti asup kana prolog
carita. Kacaritakeun yén manéhna kakara hudang tina saréna tuluy ngarasa panonna
cepel. Dina cutatan di luhur, tokoh Asgol can bener-bener hudang sabab manéhna
masih miboga kabingung waktu ngedalkeun dialogna. Tina cutatan di luhur ogé
katitén yén carita anu bakal disorang ku pamaca atawa panongton téh mangrupa
impian manéhna. Hal ieu katitén dina kekecap Asgol anu nyebutkeun yén manéhna
rék nyampeur saré deui sabab rék nyampeur impian-impian anu cam kasampeur. Hal
éta jelas némbongkeun yén carita anu aya dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
mangrupa impian manéhna. Dina cutatan di luhur ogé katitén yén Asgol
ngawanohkeun ngarana sarta fungsi dina éta carita. Asgol téh hiji ngaran anu
dipaparin ku hiji pangarang anu hayang ngawujudkeun impianna. Tokoh Asgol
kacaritakeun salaku tukang ngimpi anu dina carita ieu bakal nyorang impian anu
basajan dumasar kana realita anu remen kapanggih tina kahirupan sapopoé. Tangtu
waé téma dina éta ogé basajan sabab mindeng kapanggih dina carira-carita anu séjén
saperti novel atawa sastra liana. Sakabéh hal anu dicaritakeun ku tokoh Asgol téh
mangrupa hiji prolog pikeun ngawanohkeun ka nu maca atawa panongton yén dina
ieu sandiwara aya tokoh Asgol salaku narator sarta hiji carita ieu kaasup kana carita
basajan anu dina eusina bakal manggihan kamustahilan-kamustahilan sabab ieu carita
téh kaasup kana impian tokoh Asgol. Tina cutatan di luhur bisa katitén ogé yén carita
119
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dina naskah drama “Manusa Jero Botol” téh kaasup carita suréalis. Salian ti éta,
katitén ogé tina cutatan di handap.
DI PANGGUNG UTAMA KASAMPAK NÉNG DORA KEUR DARIA LATIHAN BÉLADIRI (BISA KARATÉ, BOXER, TAÉ KWON DO, KUNG FU, ATAWA SILAT). BARI TEU KANYAHOAN KU DORA, MARDI --PELAYAN ANYAR DI ÉTA KULAWARGA—NGAJANTENG DI LAWANG PANTO, NYÉRANGKEUN NU KEUR LATIHAN, BARI LEUNGÉUNNA NU DUA NANANGGEUY BAKI DIEUSI BOTOL JEUNG GELAS INUMAN. MATANA TEU NGICEUP-NGICEUP MELONGKEUN KA ÉTA MOJANG... (kaca 3)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén di panggung utama aya mojang ngarana
Dora anu keur daria latihan béladiri. Di tempat séjén di palebah lawang panto, aya
hiji lalaki anu ngarana Mardi salaku palayan anyar anu keur cicing sarta dua
leungeunna nagggeuy baki aku dieusi ku botol inuman sarta gelas. Dina cutatan di
luhur kacaritakeun yén Dora teu nyaho yén aya hiji lalaki anu keur ningalikeun
manéhna latihan. Cutatan di luhur kaasup kana prolog, sabab katerangan di luhur
mangrupa bubuka carita anu ngawanohkeun tokoh anu bakal aya di adegan mimiti
nya éta Dora salaku mojang anu umurna 20 taunan jeung Mardi salaku palayan anyar
anu aya di éta imah. Tina cutatan di luhur ogé katitén yén Dora téh salaku tokoh
utama miboga kabiasaan latihan béladiri di kamarna unggal poé.
2) Dialog
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih
aya 11 rupa dialog anu ngawengku 1) dialog tokoh Dora jeung Mardi, 2) dialog
tokoh Dora jeung Bibi, 3) dialog tokoh Dora jeung Sirah, 4) dialog tokoh Sirah,
5) dialog tokoh Dora jeung Mamih, 6) dialog tokoh Dora, Bibi jeung Mamih, 7)
dialog tokoh Botol, 8) dialog tokoh botol-botol jeung Dora 9) Mamih jeung Bibi,
10) dialog tokoh Dora jeung Koboy, jeung 11) dialog tokoh Mamih jeung Mardi.
Sakabéh dialog diucapkeun ku para tokoh iwal ti tokoh Andar-Andar jeung
Jalma-Jalma anu maraké kedok. Tokoh Andar-Andar ngan saukur ngalagu
maturan tokoh Asgol bari némbongkeun gerak, sedengkeun tokoh Jalma-Jalma
anu Maraké Kedok némbongkeun gesture atawa gérak dina pamustungan carita.
120
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dua tokoh éta mangrupa simbol ngeunaan kaayaan jaman kiwari. Hal ieu katitén
tina cutatan di handap.
(1) Dialog tokoh Dora jeung tokoh Mardi
DORA (MELONG SEUKEUT SEMU NU RADA HÉRAN) Anjeun saha? MARDI Mardi, Néng. Nembéan janten palayan di dieu. Ieu dipiwarang ku Ibu nyanggakeun leueuteun saréng lalawuhan ka kamar Enéng. DORA (NYURENG) Naha bet henteu ngétrok panto heula atuh? (kaca 3)
Dialog di luhur mangrupa dialog antara tokoh Dora jeung tokoh Mardi. Dina
dialog di luhur kacaritakeun yén Dora keur latihan béladiri di kamarna sarta aya hiji
lalaki anu cicing nempokeun manéhna tapi teu dipikanyaho koDora. Waktu Dora
ngarérét ka lebah panto, Dora reuwas sabab aya hiji lalaki anu leungeunna keur
naggeuy baki anu dieusi ku botol inuman sarta gelas. Dora nanya ka éta jalma tur
dijawab yén manéhna téh Mardi, palayan anyar anu dititah nganteurkeun kadaharan
jeung lalawuhan ka kamar Dora. Dora terus ngajawab deui yén naha manéhna teu
ngetrok panto heula, kalah ka cicing di lawang panto anu dijawab ku Mardi yén
manéhna geus ngetrok panto tapi teu kadéngéeun ku Dora sabab manéhna keur
anteng latihan béladiri.
(2) Dialog tokoh Dora jeung tokoh Bibi
BIBI Aya peryogi naon, Néng Dora? DORA Itu kembang tacan dicébor, Bibi. Geura cébor atuh. BIBI Mangga, Néng Dora. Ké badé disiapkeun heula getihna, nya. (kaca 10)
Dialog di kacaritakeun yén Dora ngageroan Bibi pikeun datang ka kamarna.
Sadatangna Bibi ka jero kamar, Bibi nanya ka Dora aya perlu naon anu dijawab ku
Dora yén Bibi tacan nyébor kembang. Satuluyna Dora nitah Bibi pikeun nyébor
121
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kembang dumasar kana kabiasaanna unggal poé. Paréntah éta dilaksanakeun ku Bibi
anu saacanna Bibi rék nyiapkeun heula getih pikeun nyébor kembang anu aya di
kamar Dora. Tina kecap Dora anu maréntah Bibi sangkan nyébor kembang, katitén
pisan yén kagiatan nyébor kembang maké getih téh mangrupa kagiatan rutin anu
dilakukeun unggal poé dina waktu anu angger sarua.
(3) Dialog tokoh Dora jeung tokoh Sirah
DORA Tong jempé baé. Ngomong atuh. Ngadéngé henteu sih?! Ku naon sih bet jempé baé. SIRAH Tuda kudu ngomong naon? DORA (KA BOTOL) Ngomong naon wé, kuma dinya. SIRAH Dora géulis pisan. (kaca 13)
Dialog di luhur mangrupa dialog tokoh Dora jeung tokoh Sirah anu wujudna
botol. Dina dialog di luhur, kacaritakeun yén Dora keur ngajak ngobrol ka tokoh sirah
tapi teu dijawab waé ku tokoh sirah, anu antukna Dora rada kesel. Ahirna tokoh sirah
ngomong yén manéhna kudu ngomong naon ka Dora anu satuluyna di jawab ku Dora
yén tokoh sirah kudu ngomong waé kumaha kahayangna. Ahirna tokoh sirah
ngomong yén Dora téh geulis pisan. tina dialog di luhur, bisa katitén yén Dora remen
ngajak ngobrol botol-botol anu aya dikamarna, biasa éta botol téh miboga rujud anu
rupa-rupa anu nyaluyukeun jeung imajinasi Dora. Dina dialog di luhur, tokoh botol
téh ngawujud jadi sirah anu keur diajak ngobrol ku Dora.
(4) Dialog tokoh Sirah
SIRAH Lah, barina gé tong dipikiran. Si Robby mah da mémang kitu. SIRAH (AMBEK) Naon neuleu?! SIRAH (AMBEK) Sia nu neuleu! (kaca 13)
122
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dialog di luhur mangrupa dialog tokoh Sirah anu keur garelut. Kacaritakeun
yén Dora ngadu ka tokoh sirah anu lian sabab sirah anu keur ngobrol jeung manéhna
pikasebeleun. Tokoh sirah anu dipaké tempat pangaduan Dora ngajawab yén botol
kahiji anu ngarana robby mah mémang kitu. Botol anu dingaranan si Robby tangtu
waé ambek sabab tokoh sirah anu kadua geus wani-wani ngajén dirina siga kitu anu
satuluyna dua botol éta garelut. Dina katerangan tokoh anu aya di lembar mimiti
naskah, katitén ayana karakter Sirah-Sirah Jalma anu némbongkeun yén tokoh Sirah
téh teu ngan saukur aya hiji, tapi dina dialog ieu teu dibéré katerangan saha waé anu
jadi karakter Sirah I, Sirah II jeung saterusna lantaran pangarang méré kabébasan
pikeun sutradara atawa aktor sangkan milih tokoh Sirah-Sirah sacara bébas.
(5) Dialog tokoh Dora jeung tokoh Mamih
MAMIH Engké sonten anteur Mamih, nya. Urang ka paméran éléktronik. Cenah mah anu dipamérkeunna ogé loba barang kaluaran ayeuna. Jaba éta deuih… Kabita téh ku diskonna, garedé. DORA Ayeuna mah teu tiasa, Mamih. Nyalira wé atuh. Teu sawios pan? MAMIH Ih, kumaha ari, Dora?! Mending ngiring, yu. Naha teu bosen ngaringkeb baé di kamar? Sakali-kali mah jalan-jalan, geura, ningali karaméan. (kaca 14)
Dina dialog di luhur katitén obrolan tokoh Mamih jeung Dora. Dina dialog di
luhur, kacaritakeun yén Mamih hariwang ka Dora, lantaran Dora ngaringkeb waé di
kamar. Ku kituna, Mamih boga niat pikeun ngajak Dora ulin ningali barang
éléktronik anu keur diskon sangkan Dora teu jenuh. Tapi ajakan ulin Mamih ditolak
ku Dora, sabab manéhna keur sibuk nyiapkeun persiapan pikeun asup kuliah. Mamih
masih kénéh ngajak Dora sangkan Dora ngilu jeung Mamih tapi Dora angger nolak
ajakan Mamih pikeun datang ka paméran barang éléktronik. Tina cutatan di luhur
katitén yén alesan Mamih ngajak Dora kaluar téh sabab Mamih hariwang ka nu jadi
anak sabab manéhna ngaringkeb waé di kamarna. Tapi sabenerna Mamih teu nyaho
yén Dora téh keur jenuh sabab teu meunang ulin kaluar ti imahna iwal ti dibarengan
123
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ku indungna. Dora mimiti boga kawani pikeun nolak ajakan Mamih anu biasana sok
tara bisa ditolak.
(6) Dialog tokoh Dora, tokoh Bibi jeung tokoh Mamih
DORA Endog hayam. BIBI Tah éta, muhun, leres endog hayam, Ibu. Néng Dora mah sok ngarobih-robih nami numutkeun hartosna nyalira. Maksadna, uncal sesah dipilari, kentang tos séép, ari endog hayam mah… DORA Gampil dipilarianna, da aya di mana-mana. MAMIH Oh sugan téh naon. Terus, ari maung maksudna naon? BIBI Maung mah… eu… (kaca 16)
Dina dialog di luhur kacaritakeun yén waktu Mamih keur ngobrol jeung Dora,
Bibi datang pikeun ngalaksanakeun kabiasaanna unggal poé nya éta nyébor kembang
maké getih. Waktu Bibi datang, Dora nanya ka Bibi yén poé ieu nyébor maké getih
naon, tapi dina nanya hal éta ka Bibi, Dora teu nanya sacara jelas, Dora ngan saukur
nyebutkeun ngaran sasatoanna anu buru-buru dijawab ku Bibi ku ngaran sato ogé.
Hal ieu nyieun Mamih anu aya di éta kamar bingung sarta nanya ka Dora jeung Bibi
ngeunaan ngaran sasatoan anu disebutkeun ku Dora jeung Bibi. Kalawan arapap-
eureupeup, Bibi ngajawab patalékan Mamih yén ngaran sasatoan anu disebutkeun téh
nya éta ngaran-ngaran kadaharan anu hartina diganti ku Dora. Tina cutatan di luhur,
katitén yén Mamih percaya kana omongan Dora jeung Bibi.
(7) Dialog tokoh Botol I jeung Botol II
BOTOL I Pukul sabaraha ayeuna? BOTOL II Pukul sahiji angka. Pukul sahiji angka BOTOL I Poé naon ayeuna? BOTOL II
124
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Poé sahiji ngaran. Poé sahiji ngaran. (kaca 21)
Dialog di luhur mangrupa dialog antara tokoh Botol I jeung Botol II anu keur
nanyakeun waktu. Katiten yén botol I jeung botol II saling nanyakeun waktu anu teu
dijawab kalawan jéntré. Tokoh botol ngan saukur nyebutkeun waktuna dina jumlahna
lain dina ngaranna kitu deui jeung poé sarta tanggal anu dijawab ku jumlah angkana
lain ku ngaran angkana. Katitén waktu botol I nanyakeun jam sabaraha, ku botol II
dijawab yén ayeuna jam sahijii saangka. Kitu deui jeung jawaban anu liat anu teu
disebutkeun waktu absolutna. Tina cutatan di luhur, tacan katémbong konflik naon
anu aya dina carita ieu.
(8) Dialog tokoh Botol-Botol jeung Dora
BOTOL Ari aya kahayang mah moal aya nu teu mungkin, Dora. Tokoh-tokoh penting dina sajarah jeung kahirupan gé, kapan biasana jadi tokoh penting téh ku lantaran boga kahayang. Henteu kuled. Henteu kuuleun. BOTOL Sok geura prak pigawé, Dora. Ku cara kitu urang bisa ngahasilkeun anu teu mungkin jadi mungkin. DORA Can siap, ah. Ké deui wé, mun Dora geus ngarasa boga kawani. BOTOL Mun ngarasa can siap kénéh baé mah, iraha rék siapna atuh?! Sing inget, lamun teu ngamimitian ayeuna, isuk-isuk pagéto gé can tangtu anjeun daék ngamimitianana. Meungpeung aya kasempétan, prak geura pilampah! Tong sieun barina gé! (kaca 23)
Dialog di luhur mangrupa dialog antara tokoh Botol jeung Dora. Kacaritakeun
yén Dora rék kabur ti imahna sabada ngadéngé haréwos botol-botol anu aya
dikamarna tapi masih bingung. Tina segi haténa, Dora hayang bébas, hayang
ngarasakeun dunya saluareun imahna anu salila ieu ngan saukur aya dina ciciptaan
hungkul, tapi tina segi haténa nu lain, Dora ngarasa sieun lamun kudu kabur ti imahna
teu dipikanyaho ku indungna. Dora nyaho yén hal éta kaasup kana kajahatan. Tapi
Dora meunang haréwos ti botol-botol anu liana nu nitah Dora sangkan kabur tur
nyeuseup dunya saluareun imahna anu nepi ayeuna tacan kungsi di rasakeun ku
125
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
manéhna. Tokoh Botol dina adegan éta sabenernya teu ngan hiji, aya sababaraha
botol anu méré sawangan atawa ngahasud Dora sangkan daék kaluar ti kamarna tapi
pangarang méré kabébasan pikeun sutradara atawa aktor sangkan milih tokoh Botol
sacara bébas, sangkan nangtukeun saha anu jadi botol I tur saha anu jadi botol II
jeung saterusna.
(9) Dialog tokoh Mamih jeung Bibi
BIBI Hapunten, Ibu… éta putra téh, Néng Dora, sanés? MAMIH Enya, Bibi. Sanggeus umurna sataun, kakara Bibi diangkir kadieu, ngasuh éta orok. Tapi omat, Bibi kudu bisa jaga rusiah. BIBI Tangtos, Ibu, Bibi bakal jaga rusiah. Moal betus ka sasaha. (kaca 36)
Dialog di luhur mangrupa dialog antara Mamih jeung Bibi. Kacaritakeun yén
Mamih geus ngedalkeun sagala rusiahna anu salila ieu disimpen ku dirina sorangan.
Mamih geus ngedalkeun hiji rusiah ngeunaan Dora ka Bibi yén Dora téh lain anak
tandesna. Bibi diangkir ka éta imah sabada umur Dora geus nincak sataun. Mamih
ogé ménta ka Bibi supaya Bibi teu ibur ka sasaha sangkan rahasia anu salila ieu
disimpen rapet ku manéhna teu bocor kamamana. Dina dialog eta katién yén hal anu
jadi alesan Mamih pikeun ngatik Dora salila ieu téh sabab Mamih kaliwat nyaah
sanajan Dora lain anak tandesna. Dina dialog éta Bibi ogé miboga jangji ka Mamih
yén Bibi bakal jaga rusiah anu ngeunaan kaayaan Mamih.
(10) Dora jeung Koboy
KOBOY Dora yayang, kacinta Koboy ka Dora teu béda jeung cintana Pangéran Hamlet ka Ovélia. “Sangsikeun bulan samorot, sangsikeun srangéngé dinamis cahayaan. Tapi tong sangsikeun cinta kuring.” DORA Koboy yayang, kacinta Dora ka Koboy mapakan cintana Yuliét ka Roméo. “Tong sumpah demi naon baé. Mun rék sumpah, sumpah baé ka diri sorangan anu satria. Anjeun déwa panutan ati, kuring moal rék cangcaya kana cinta anjeun.” (kaca 30)
126
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dialog di luhur mangrupa dialog antara Dora jeung Koboy. Cutatan di luhur
katitén yén Dora ngedalkeun eusining haténa ka Koboy yén manéhna geus teu tahan
hirup siga kieu anu kudu dikungkung ku indungna. Dora nitah Koboy pikeun mawa
Dora kamana baé asal Koboy teu weléh aya disisi Dora, asal Koboy teu weléh
padeukeut jeung Dora. Hal éta disanggupan ku Koboy kalawan nyamuni. Koboy
ngedalkeun eusining haténa ka Dora yén manéhna geus nyaah tur cinta pisan ka Dora.
Rasa cintana ka Dora ngaleuleuwihi rasa cinta Pangéran Hamlét ka Ovélia. Kitu deui
jeung Dora. Cinta Dora ka Koboy ibarat cinta Yuliét ka Roméo anu sakitu gedéna,
sarta Dora moal cangcaya kana cinta Koboy anu sakitu gedéna.
(11) Dialog tokoh Mamih jeung Mardi
MAMIH Naha bet hayang kaditu? Pan sok diajak mun pareng ka luar nagri. Ka Éropah, ka Cina daratan, malah kungsi ngalanglang Amérika sagala. MARDI Benten atuh éta mah, Ibu. Néng Dora alim disaréngan ku Ibu, hoyong nyalira baé. Salami ieu Ibu langkung suka nyaksian putri Ibu ngaringkeb di kamarna batan ngantep senang-senang jeung réréncanganana. Ibu kalah anteng ngantep putri Ibu ngobrol jeung barang-barang paéh atawa manusa-manusa hayalanana. (kaca 33)
Dialog di luhur mangrupa dialog antara tokoh Mamih jeung tokoh Mardi.
Katitén yén Mamih ngarasa hariwang lantaran Dora, budaknya minggat teuing
kamana. Tokoh Mardi anu dititah néangan Dora ku Mamih, ngedalkeun sababaraha
hal anu saila ieu dirasakeun ku Dora. Mamih nitah ka Mardi pikeun tong mikir anu
lain-lain sabab Mamih boga sawangan yén Dora moal mungkin kabur ka luar pulau,
tapi Mardi katambah méré sawangan séjén sabab Mardi kungsi ngadéngékeun
caritaan Dora anu hayang indit ka luar pulau sorangan bari teu dibarengan ku Mamih.
Sababaraha kali Dora ngedalkeun kahayangna ka Mardi yén manéhna hayang ulin ka
Sulawesi, Kalimantan, Irian jeung Timtim sorangan atawa jeung babaturanna, teu
dibaturan ku indungna. Tapi kahayang éta ngan saukur sawangan sabab dina
kanyataanna Dora teu bisa kitu. Tapi dina dialog di luhur, tokoh Mamih teu narima
kana ucapan Mardi anu antukna Mamih ambek ka Mardi lantaran Mardi geus teu
127
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sopan ngomongkeun hal anu sakuduna teu dikedalkeun. Paripolah Mardi bisa kaasup
nyampuran urusan batur sabab dina kanyataanna Mardi teu apal naon anu jadi alesan
Mamih pangna ngatik Dora siga kitu.
(12) Tokoh Andar-Andar
SALEKSANA ASGOL NGALAGU, TI TEMPAT ASGOL TINGPARUCUNGHUL ANDAR-ANDAR (PARA GALANDANGAN). (kaca 20)
Cutatan di luhur mangrupa adegan asupna tokoh andar-andar anu datang
sanggeus tokoh Asgol ngalagu. Tokoh andar-andar datang pikeun maturan tokoh
Asgol ngalagu sakaligus ngadua pikeun kahirupan umat manusa. Salian ti éta, katitén
ogé tina cutatan di handap.
RAMPAK (NGALAGU) Gusti Tingali ieu diri Awak ngan tiasa ngalungsar Na amparan kakebul jalan Jeung batu-batu keusik Saawak-awak ngan dIbulen leutak Dihateupan méga di awang-awang (kaca 20)
Cutatan di luhur mangrupa sabait lagu anu dihaleuangkeun ku tokoh andar-
andar. Tina kekecapan di luhur, katitén yén kekecapan anu dikedalkeun ku andar-
andar mangrupa kekecapan ngadua ka Gusti Alloh, eusina mangrupa ngarumasakeun
diri yén manusa mah kaasup mahluk anu kotor anu pinuh ku dosa. Tokoh andar-andar
mangrupa simbol pikeun kahirupan anu mibanda kanimatan sorangan anu teu bisa
dicangking ku Dora. andar-andar ogé salaku bukti keur Dora, yén batin Dora kacida
miskinna leuwih-leuwih ti batan andar-andar, sabab andar-andar mah miboga cita-cita
sarta kahayang najan katémbongna ngan saukur néang dahareun wungkul.
(13) Ayana tokoh Jalma-Jalma anu maraké kedok
TI LUHUREUN PANGGUNG, LUR AYA TAMBANG ANU NGAMBAY, ANU NGABENTUK TALI KEUR NGAJIRET BEUHEUNG. UKURANNA BADAG NAKER. TULUY ASGOL NYÉNYÉRÉD RODA KA DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN. TI SAWATARA TEMPAT,
128
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
TINGTOROJOL JALMA-JALMA ANU MARAKÉ KEDOK. TULUY NGAJALAJAR NGAWANGUN BARISAN, ARAJEG DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN. DAK DUMADAK LAMPU PANGGUNG REYEM-REYEM. KABÉH STATIS. (kaca 41)
Katerangan di luhur némbongkeun kaayaan waktu hukuman geus ditibankeun
ka Dora sabab Dora geus maténi indung jeung pembantuna. Kaayaan panggungna
nuduhkeun ayana tali anu ngambay pikeun ngajiret beuheung anu ukuranna badag.
Tina cutatan di luhur katitén yén Asgol nyényéréd rod aka deukeut tihang gantungan
anu satuluyna datang jalma-jalma anu maraké kedok anu dina ieu carita mangrupa
simbol pikeun jalma anu rék ngahukum Dora. Tokoh jalma-jalma anu maraké kedok
datang ngan saukur ngajalajar, baris sarta arajeg deukeut tihang gantungan tapi teu
ngedalkeun kalimah atawa dialog. Tina cutatan di luhur katitén yén tokoh jalma-
jalma anu maraké kedok aya dina penokohan tapi teu ngaluarkeun dialog.
Sakabéh kekecapan di luhur téh asup kana dialog anu ngawangun carita dina
naskah drama “Manusa Jero Botol.” Tina dialog di luhur, katitén rupa-rupa ékspési
anu dikedalkeun ku unggal tokoh, ti mimiti némbongkeun kajenuh, kasuka, kabagja,
kabingung, kaambek jeung sajabana. Pangarang naskah ngawangun karakter tokoh
ngaliwatan dialog anu sakitu kuatna. Ku kituna, unggal tokoh miboga bagian anu
sarua dina merankeun karakterna.
a. Wawancang
Sabada ditalungtik, wawancang anu aya dina naskah drama “Manusa Jero
Botol” nya éta 519 anu ngawéngku sakabéh adegan, sakabéh tokoh iwal ti tokoh
Jalma-Jalma anu maraké kedok. Wawancang jeung dialog sabenerna mah ampir
sarua, anu ngabédakeunana nya éta, dialog mah sakabéh paguneman anu dikedalkeun
ku aktor anu matok kana naskah, sedengkéun wawancang nya éta paguneman atawa
dialog anu ditulis dina karya sastra drama pikeun mérényaho aktor sangkan
ngedalkeun dialog kalayan mérénah. Wawancang kudu diapalkeun ku sakabéh aktor,
biasana ngawéngku lentong jeung éksprési anu gumantung kana téks paréntahna.
129
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
b. Kramagung
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya
266 kramagung anu kabagi jadi dua, nya éta 201 kramagung anu ngahiji jeung dialog
sarta 65 kramagung murni anu jadi paréntah pikeun aktor. Tina dua rupa kramagung
éta, katitén aya 91 kramagung anu ngagambarkeun perasaan jeung aya 175
kragamagung anu mangrupa paréntah pikeun aktor. Hal ieu bisa katitén tina cutatan
di handap.
(1) Kramagung anu Paréntah
DI PANGGUNG UTAMA KASAMPAK NÉNG DORA KEUR DARIA LATIHAN BÉLADIRI (BISA KARATÉ, BOXER TAÉ KWON DO, KUNG FU, ATAWA SILAT). BARI TEU KANYAHOAN KU DORA, MARDI –PELAYAN ANYAR DI ÉTA KULAWARGA- NGAJANTENG DI LAWANG PANTO, NYERANGKEUN NU KEUR LATIHAN, BARI LEUNGÉUNNA NU DUA NANANGGEUY BAKI DIEUSI BOTOL JEUNG GELAS INUMAN. MATANA TEU NGICEUP-NGICEUP MELONGKEUN KA ÉTA MOJANG. DORA MINGKIN AGRÉSIF. TAPI TULUYNA JADI REUWAS WAKTU KARÉRÉT AYA LALAKI NU KEUR MELONGKEUN MANÉHNA. (kaca 3)
Cutatan di luhur mangrupa kramagung paréntah. Eusina nyaritakeun kaayaan
panggung anu némbongkeun ayana hiji mojang anu ngarana Dora anu keur daria
latihan béladiri. Éta béladiri ku pangarang dibéré pilihan pikeun diganti saupama
naskahna teu saluyu jeung kahayang sutradara. Dina cutatan éta katitén yén sutradara
atawa pamaén bisa ngaganti béladiri éta ku karate, boxer, taé kwon do, kung fu atawa
silat. Salian ti éta, kasampak Mardi, palayan anyar di éta imah anu ngajanteng di
lawang panto kamar Dora keur ningalikeun anu latihan. Leungeunna nanaggeuy baki
anu dieusi ku botol inuman sarta gelas. Sakabéh hal éta mangrupa kramagung murni
anu paréntahna diwangun dumasar narasi sarta maréntah sutradara atawa pamaén
pikeun nyiapkeun kaayaan panggung anu kawas kitu nalika ieu naskah dipagelarkeun.
Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA (NYAMPEURKEUN MARDI) Tanggeuy wé heula. (NYICIKEUN CAI KANA GELAS, REGOT DIINUM, TERUS NYIMPEN DEUI GELASNA DINA BAKI) Omat, tong waka indit heula, Mardi. Aya nu rék ditanyakeun.
(kaca 4)
130
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina cutatan diluhur, katitén aya huruf anu ditulis maké huruf gedé sarta
dicétak miring anu perenahna di jero kurung. Tulisan éta kaasup kana kramagung
préntah anu ayana dina jero dialog atawa disisipkeun dina dialog. tina cutatan di luhur
katitén yén paréntah anu aya téh mangrupa paréntah anu kudu dilaksanakeun ku aktor
atawa pamaén. Dina cutatan éta, pangarang maréntah pamaén atawa tokoh pikeun
ngalakyukeun hal nyampeurkeun Mardi anu satuluyna tokoh éta kudu ngalakukeun
hal nyicikeun cai kana gelas anu satuluyna diinum ku tokoh Dora sarta gelasna
disimpen deui kana baki. Kramagung paréntah nya éta kramangung anu ngatur pari
polah aktor sangkan merankeun karakter atawa adegan kalayan bener tur mérénah.
(2) Kramagung Perasaan
MAMIH (HERAN) Aya naon ieu téh? Naon nu dimaksud uncal, soang, beurit, jeung maung téh? (kaca 16)
Tina cutatan di luhur katitén aya huruf anu dicétak miring sarta ditulis make
huruf gedé anu tulisanna “Heran’, hal éta kaasup kana kramagung perasaan.
Kramagung perasaan nya éta kramagung anu maréntah aktor atawa pamaén sangkan
miboga perasaan heran anu satuluyna ditambahan ku ékprési anun némbongkeun
éksprési keur héran atawa bingung. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
BIBI (ARAPAP-AREUPEUP) Eu… kieu, Ibu… aduh, kumaha, nya? Kieu… eu… uncal téh kerang, soang kentang, beurit mah… éta… (kaca 16)
Cutatan di luhur katitén aya huruf anu maké huruf géde tur maké tanda
kurung. Anu tulisanna “Arapap-eureupeup”, éta téh disebutna kramagung perasaan.
Kramagung perasaan nya éta paréntah pikeun aktor ngeunaan perasaan anu kaalaman
atawa anu kudu dilakukeun, anu aya pakaitna jeung haté atawa batin. Sabada
ditalungtik, kramagung perasaan anu aya dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
ayana ngahiji jeung dialog tokoh, panalungtik teu manggihan kramagung perasaan
anu disimpen diluar dialog tokoh. Cindekna, ilaharna kramagung perasaan ayana
131
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
ngahiji jeung dialog tokoh, jarang aya kramagung perasaan anu disimpen di luareun
dialog tokoh.
3) Solilokui
Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol” kapanggih aya
salapan solilokui. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
MARDI (KA DIRINA SORANGAN) astagfirulloh al’adziem… Ku aya-aya baé. (kaca 10)
Cuatatan di luhur katitén yén ayana huruf anu ditulis maké huruf gedé sarta
dicétak miring anu tulisanna “Ka Dirina Sorangan” anu dituturkeun ku kalimah
istigfar ti Mardi, hal éta kaasup kana solilokui, sabab tokoh Mardi ngedalkeun
dialogna keur dirina sorangan lain keur batur anu otomatis ngan ukur kadéngé ku
dirina sorangan. Eusi dialog Mardi nya éta kalimah istigfar waktu manéhna nyaho
kana kabiasaan Dora anu remen nyébor kembang maké getih. Salian ti éta, katitén
ogé tina cutatan di handap.
DORA (KA DIRINA SORANGAN) Enya, siga kuring. Dikerem baé diimah mah lila-lila bakal buruk. Jadi bangké! (kaca 18)
Tina cutatan di luhur, katitén yén aya kecap anu ditulis make huruf gedé sarta
ditulis di jero kurung anu tulisanna “Ka Dirina Sorangan” anu dituturkeun ku dialog
satuluyna, hal éta kaasup kana solilokui. Kacaritakeun waktu indung Dora manggihan
kembang di kamar Dora anu warnana beureum sarta bauna bau pisan. Mamih nitah
Bibi sangkan miceun kembang anu aya di kamar Dora, Dora teu satuju sabab
kembang éta téh mangrupa babaturanna, tapi Mamih keukeuh pikeun Bibi miceun éta
kembang sabab éta téh Bibit panyakit. Lamun saupamana disimpen tuluy di jero
kamar, kembang éta bakal buruk sarta jadi bangke. Tina kajadian éta, Dora
ngedalkeun kekecapan yén Dora ogé bakal kitu saupama manéhna cicing di jero
kamar baé sarta teu ngarasakeun panonpoé disaluareun imahna. Kalimah éta
dikedalkeun ku Dora keur dirina sorangan, teu dipikanyaho ku Mamih anu kaasup
132
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kana solilokui anu mangrupa dialog keur dirina sorangan. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
MARDI (TULUY KA DIRINA SORANGAN) Aduh. Téang téh téang ka mana, nya?! (BARI NGALÉOS TI DINYA) (kaca 26)
Cutatan di luhur kapanggih kekecapan anu ditulis make huruf gedé sarta dituis
dina tanda kurung anu tulisanna “Tuluy Ka Dirina Sorangan” anu dituturkeun ku
dialog satuluyna, kalimah éta kaasup kana solilokui sabab mangrupa dialog pribadi
anu dikedalkeun ku tokoh Mardi. Kacaritakeun yén Mardi dititah néangan Dora sabab
Dora geus kabur ti imah. Mardi anu bingung kudu néangan Dora kamara, ngedalkeun
kekecapan kabingung anu saacanna katambahan ku kramagung paréntah yén dialog
éta ditujukeun keur diri Mardi sorangan. Hal éta kaasup kana solilukui sabab dialog
anu dikedalkeun ku Mardi mangrupa dialog anu tujuanna pikeun dirina sorangan.
Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
ASGOL (NGALAGU) Gusti tingali ieu diri awak ngan tiasa ngalungsar ‘na amparan kekebul jalan jeung batu-batu keusik saawak-awak ngan dIbulen leutak dihatéupan méga di awing-awang
(kaca 19)
Cutatan di luhur kaasup kana solilokui, sabab tina dialog anu dihaleuangkeun
ku Asgol mangrupa dialog anu tujuanna keur dirina sorangan. Asgol ngedalkeun
kapasrah jeung sumerah diri ka Alloh pikeun nyanghareupa hirup di dunya. Tokoh
Asgol ogé ngarumasakeun dirina anu pinuh ku dosa sarta taya nanaonna batan
kakawasaan Alloh. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MAMIH Ya, Gusti tangtayungan pun anak. Tong dugi katirisan. Mugi-mugi pun anak mendakan tempat nguihan. Sakeclak ogé ulah dugi ka aya cai anu maseuhan awakna. Dimana atuh hidep téh, Geulis? Di mana? Ya, Gusti mugi-mugi sing geura raat, ya Gusti. Hawatos ka pun anak, bilih kabulusan. (kaca 27)
133
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Cutatan di luhur kacaritakeun kaayaan batin Mamih anu keur hariwang
lantaran Dora kabur ti imahna, katambah waktu di luar hujan ngagebrét sarta kadéngé
sora séahna angin. Salila nungguan Dora balik, Mamih teu eureun-eureun ngadua ka
Gusti Alloh pikeun kasalametan Dora. Mamih ngadua supaya Dora ditangtayunan ku
Alloh sarta dibéré tempat ngiuhan sangkan dijauhkeun tin acai hujan. Cutatan di
luhur kaasup kana solilokui, waktu Mamih ngedalkeun kekecapanna keur dirina
sorangan anu mangrupa kereteg haténa ngeunaan kaayaan Dora anu teu dipikanyaho
keur aya dimana. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
MAMIH Ya Alloh, na nasib téh kieu-kieu teuing?! Bapa anu teu kungsi diwanohkeun ku Ema, duka kumaha nasibna, duka jumeneng kénéh duka geus teu aya. Mugi salira salawasna aya dina kabagjaan, Bapa. Mugi katingtriman hirup nyarengan Bapa. Kitu deui anjeun, Kang Hérman, salaki nu teu weléh mikahéman, mugi anjeun dipaparin kanimatan di alam kubur. Aki, Nini, mugi Aki saréng Nini gé… Oh ya Alloh, naha ayeuna-ayeuna jisim abdi bet janten emut baé ka aranjeunna? Naha pun anak gé ayeuna nuju émut ka sim abdi, ya Alloh? (TOROJOL BIBI BARI TEU KANYAHOAN KU MAMIH) Dora, Mamih nyaah pisan ka Dora téh. Kaasih kadeudeuh Mamih ka Dora teu bisa diukur ku naon baé. Mamih teu pisan-pisan nganggap Dora anak batur atawa anak deungéun-deungéun. Mamih geus anggap Dora téh anak sorangan, anak tegés. (kaca 35)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén Mamih keur ngararasakeun takdir anu
ditibankeun ka manéhna. Dina mangsa harita Mamih can kunsi diwanohkeun ka
bapana, nepi ka ayeuna Mamih teu apal kana nasib bapana. Satuluyna Mamih inget
kana salakina, Kang Hérman anu geus taya dikieuna. Mamih ngaduakeun kang
Hérman sangkan dipaparin kanimatan di alam kubur. Tina cutatan di luhur,
kacaritakeun yén Mamih ujug-ujug inget kana jalma-jalma anu geus taya dikieuna
kaasup inget ka Dora, anakna anu kabur teuing kamana. Dina cutatan di luhur,
Mamih ngedalkeun kanyaahna ka Dora anu teu bisa diukur ku naon waé sarta Mamih
teu pisan-pisan nganggap Dora anak batur atawa anak deungeun-deungeun. Tina
cutatan di luhur ogé katitén yén Mamih ngedalkeun kanyaahna ka Dora sanajan Dora
lain anak tandesna. Waktu Mamih ngedalkeun kanyaahna, Bibi datang ka kamar Dora
bari teu kanyahoan ku Mamih. cutatan di luhur kaasup kana solilokui sabab dialog
134
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu dikedalkeun ku Mamih mangrupa dialog anu dikedalkeun keur dirina sorangan,
dialog anu teu ditujukeun keur sasaha iwal ti dirina sorangan sanajan aya Bibi asup ka
kamarna Dora, tapi kajadian éta teu dipikanyaho ku Mamih. Salian ti éta, katitén ogé
tina cutatan di handap.
TINGGAL DORA NYORANGAN DI PANGGUNG, KATILU LAYON…. DORA Ayeuna kuring geus nyorangan. Bébas naker ayeuna mah. Kuring bisa ngaléngkah ka mana baé anu dipisuka. Kuring gé bébas pikeun némbak diri sorangan. (TULUY NODONGKEUN PÉSTOL KANA PALIPISNA SORANGAN. NGAN WAKTU DIBEKASKEUN, ÉTA PÉSTOL TEU NYOARA) Hanjakal geus euweuh péloran. (TULUY MELONG KA BOTOL-BOTOL) Wayahna, kuring geus teu butuh deui ku maranéh. Malah cua nempona gé. Maranéh kudu nyingkah tina kahirupan kuring. Dora nu salila ieu ngibaratkeun manusa jero botol, geus waktuna hirup kalawan normal. (NYOROWOK) Halik, nyaringkah siah ka ituh! Nyingkah! Nyingkaaaah! (kaca 40)
Cutatan di luhur katitén yén ayana keterangan anu nyebutkeun yén Dora
nyorangan di panggung jeung katilu layon. Cutatan éta mangrupa hiji katerangan yén
Dora téh didinya keur sorangan anu satuluyna manéhna ngedalkeun dialog anu
ditujukeun keur dirina sorangan. Dina cutatan di luhur kacaritakeun yén Dora geus
maténi indung jeung pembantuna, satuluyna manéhna geus ngarasa bébas sabab taya
deui anu kungkung dirina tur geus bébas rék indit kamana waé kaasup bébas keur
némbang dirina sorangan. Dina cutatan di luhur, kacaritakeun yén Dora rék némbak
dirina sorangan tapi péstol anu dipaké ku Dora geus taya péloran, anu satuluyna Dora
geus ngarasa cua kana botol-botol anu salila ieu jadi babaturan manéhna. Dialog di
luhur kaasup kana solilokui sabab Dora ngedalkeun sagala eusining haténa kalawan
keur dirina sorangan, taya jalma anu dituju keur ngedalkeun dialog manéhna.
Tina sakabéh cutatan di luhur, bisa dicindekkeun yén solilokui anu aya dina
dina naskah drama umumna miboga katérangan keur didina sorangan atawa
katerangan anu nyebutkeun yén si tokoh nyorangan di tempatna. Salian ti éta lolobana
solilokui mah ngandung perasaan anu patali jeung batin atawa haté, ngedalkeun hiji
hal anu geus jadi ketereg haténa.
135
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Aside
Aside nya éta cara palaku ngedalkeun dialogna jeung pantongton tapi aktor
séjén api-api teu apal. Sabada ditalungtik, dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
aya 11 aside anu kapanggih. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
DORA Getih naon, Bibi? BIBI Sapi, Néng Dora. getih kuda mah tos séép. DORA
Énjing mah hoyong getih monyét, Bibi. BIBI Mangga, diusahakeun, manawi aya. MARDI
(KA NU LALAJO) lila-lila getih jelema, geura. (kaca 11)
Dina paguneman di luhur, kacaritakeun yén Dora jeung Bibi keur ngobrol
ngeunaan getih anu dipaké keur nyébor kembang di kamarna. Dina dialog di luhur
katitén yén Bibi maké getih sapi pikeun nyébor kembang éta, anusatuluyna di jawab
ku Dora yén manéhna hayang nyébor kembang ku getih monyet keur poé isuk anu
dijawab ku Bibi yén Bibi rék ngusahakeun getih monyét keur isukan. Salila Dora
ngobrol jeung Bibi, Mardi anu titatadi keur aya dikamar Dora mairan obrolan Dora
jeung Bibi anu ditujukeun keur panongton. Dina dialog Mardi, katitén kramagung
paréntah pikeun Mardi anu kudu ngedalkeun dialog éta ka panongton. Hal éta kaasup
kana aside sabab dialog anu dikedalkeun ku Mardi mangrupa dialog pribadi anu
ditujukeun keur panongton sarta tokoh Bibi jeung Dora teu ngadéngé kana obrolan
Mardi éta. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
KOBOY Ngaran uing téh Koboy. Peuting ieu uing aya jangji mancangkrama jeung hiji wanoja, anak randa beunghar. Ku uing rék diolo jeung dirayu bébéakan supaya bisa méakkeun harta biangna, terus dibikeun ka uing. Ku cara kitu, uing bisa ngabéayakeun sakabéh pamajikan uing anu réana teu kabilang. Okéh. Uing moal rék papanjangan. Permios. (kaca 29)
136
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Cutatan di luhur kaasup kana aside sabab mangrupa interaksi aktor jeung
panongton sarta taya sasaha anu cicing di panggung. Cutatan di luhur eusina
mangrupa eusining haté Koboy sarta kaayaan kahirupan tokoh Koboy. Tina cutatan di
luhur katitén yén peuting éta Koboy rék papanggihan jeung Dora, kabogohna. Tapi
dina dialog éta, Koboy ngedalkeun pamaksudan manéhna sangkan bobogohan jeung
Dora, nya éta rék ngolo sarta ngarayu Dora sangkan harta biangna beak dibikeun ka
Koboy anu satuluyna ku Koboy rék dibikeun deui kapamajikanna anu réa pisan.
sabenerna dialog di luhur bisa kaasup kana solilokui sabab lamun ditilik saulas mah
dialog éta bisa asup kana dialog pribadi anu ditujukeun keur dirina sorangan, tapi
dina tungtung dialog, Koboy nyebutkeun kekecapan “Permios” anu hartina Koboy
pamitan. Ku sabab di panggung taya sasaha atawa taya tokoh lian, bisa dicindekkeun
yén dialog Koboy anu éta téh mangrupa dialog Koboy jeung panongton anu kaasup
kana aside. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
KOBOY Keur jaga-jaga wé atuh.
DORA Jaga-jaga tina naon?
KOBOY Ieu péstol mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngawatesan gerak Dora. (KA NU LALAJO) Hartina, Koboy nitah Dora pikeun maténi jalma anu salila ieu ngurung dirina di jero imah. (kaca 31)
Dina cutatan di luhur, kacaritakeun yén Koboy méré péstol ka Dora. Éta
péstol dibikeun ka Dora sangkan Dora bisa jaga-jaga anu satuluyna Koboy
nyebutkeun yén éta péstol téh diibaratkeun konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu
salila ieu ngawatesan gerak Dora. Tina dialog Koboy di luhur, katitén aya hiji
kramagung anu tulisanna “Ka Nu Lalajo” anu ditulis make huruf gedé sarta ditulis
dina jero kurung anu satuluyna aya kalimah anu kaasup dialog. Dialog anu
dikedalkeun sanggeus katerangan éta, kaasup kana dialog aside, nya éta dialog anu
dikedalkeun ku hiji tokoh ka panongton tapi tokoh lian teu ngadéngé dialog éta.
Dialog éta dikedalkeun ku Koboy pikeun jalma-jalma anu nongton sarta teu
kadéngéeun ku tokoh Dora. Salian ti éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
137
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
DORA Mamih… kumaha, mih? Ngawidian teu lamun ayeuna Dora mios ka mana waé sosoranganan? Ngawidian henteu, mih?... Mamih, naha bet teu ngawaler? Waler atuh, mih! (KA NU LALAJO) Oh kuring geus maténi indung sorangan. Tempo, getihna uleweran maseuhan baju sutrana. Mamih geus jadi layon. Mamih geus taya di kieuna. Kuring mungguh teu nyaho, naha kudu ngarasa kaduhung atawa kudu bungah pédah geus bisa bébas tina karangken?! (kaca 39)
Dina dialog di luhur, kacaritakeun yén Dora geus maténi indung jeung
pembantuna anu satuluyna Dora ngajak ngobrol layon indungna pikeun ménta ijin
sangkan Dora bisa kaluar bébas tiimahna sarta gaul jeung saha waé. Sababaraha kali
Dora ngobrol jeung Mamih tapi Mamih teu ngawaler sabab geus taya nyawaan.
Satuluyna Dora sadar yén manéhna geus maténa indung sorangan. Dina cutatan di
luhur katitén aya katerangan anu nitah tokoh Dora pikeun ngedalkeun dialog ka nu
lalajo, eusi dialogna nya éta mangrupa kasadaran Dora yén indungna geus maot sabab
dipaténi ku manéhna. Anu satuluyna Dora ngarasa bingung kudu kumaha, naha kudu
bagja atawa kudu sedih lantaran indungna geus tilar. Dialog éta kaasup kana aside,
sabab Dora ngedalkeun kasadaranna sarta rasa ka bingungna ka panongton anu teu
dipikanyaho ku tokoh lian.
Salian ti tokoh-tokoh di luhur, sakabéh dialog tokoh Asgol asup kana aside
sabab dina dialogna ngalaman interaksi jeung anu nongton, iwal ti tilu dialog Asgol
basa manéhna ngedalkeun perasaanna ngaliwatan lagu, dialog éta asup kana solilokui
sabab tokoh Asgol ibarat ngobrol pikeun dirina sorangan, ngedalkeun sagala rupa anu
kaalaman jeung karasa ku dirina. Hal ieu bisa katitén dina cutatan di handap.
ASGOL Hadirin anu dipihormat, asa bingung ieu téh, naha uing téh saré kénéh atawa geus
nyaring, nya? Keur ngalindur atawa keur éling? Keur ngimpi atawa henteu keur ngimpi, kitu? Ngan mun seug henteu keur ngimpi atawa bener-bener geus nyaring, widian nya, uing rék saré deui, rék nyampeur deui impian-impian anu can kasampeur. Ngan saméméh nuluykeun impian, nepangkeun… uing téh Asgol atawa Asép Golér. Ngaran Asgol téh paparin hiji pangarang anu cénah pangarang ieu sandiwara, si tukang ngimpi anu hayang ngawujudkeun sagala impianana …. (kaca 2)
Cutatan di luhur nyaritakeun mimiti ngawanohkeun tokoh Asgol ka
panongton. Dina cutatan di luhur katitén yén tokoh asgiol kakara hudang sarta masih
138
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kénéh baringung sabab panonna cepel kénéh. Tokoh Asgol ngalaman rasa kabingung
sabab manéhna teu apal yén hal anu kaalaman ku manéhna téh kaasup ngimpi atawa
henteu sarta manéhna mimiti ngawanohkeun diri ka panongton yén manéhna aya dina
ieu sandiwara salaku narator atawa panganteur carita. Sabada ditalungtik, katitén dina
mimiti dialog aya kecap “Hadirin anu Dipihormat”, anu nuduhkeun yén tokoh Asgol
keur interaksi jeung panongton, moal mungkin kecap éta ditujukeun keur para tokoh
mah sabab dina naskah ieu tokoh-tokohna taya pakaitna jeung tokoh Asgol anu
salaku narator. Tokoh Asgol ngan saukur jadi panganter carita mangrupa impianna
sorangan. Jadi bisa dicindekkeun yén kecap “Hadirin Nu Dipihormat” ditujukeun
keur panongton anu keur nongton ieu sandiwara, kitu deui jeung tilu dialog anu
dikedalkeun ku tokoh Asgol anu dina dialogna kapanggih kecap “Hadirin anu
Dipihormat” atawa kecap “Hadirin” wungkul, éta dialog kaasup kana aside sabab
ditujukeun keur panongton. Salian ti éta, katitén ogé dialog tokoh Asgol anu taya
kecap “hadirin” tapi nuduhkeun kekecapan anu lian sangkan jadi ciri yén dialog éta
kaasup kana aside. Hal ieu katitén tina cutatan di handap.
DUANANA TABLO DI HIJI TEMPAT SAMÉMÉH ANJOG DI PANGGUNG NALIKA ASGOL CACARITA. ASGOL Lila ti lila, Néng Dora mingkin kakungkung, kakurung lir ibarat di jero pangbuian. Munasabah mun dirina mingkin loba sosobatan jeung lamunan. Dua makhluk nu bieu téh mangrupa wujud tina buah lamunanna sorangan. Sedengkeun Andar-Andar atawa para galandangan anu ngadu’a tadi, nya éta hiji kahirupan anu mibanda kanimatan sorangan anu teu bisa dicangking ku Néng Dora…. (kaca 21)
Cutatan di luhur taya katerangan yén tokoh Asgol keur interaksi jeung
panongton. Tapi sabada ditalungtik kalawan gemetm kapanggih dina narasa yén aya
katerangan anu nuduhkeun tokoh Asgol cacarita. Upama ditilik tina dialog-dialog
Asgol anu bagian dialogna pasti interaksi jeung panongton, kitu deui jeung dialog anu
ieu, sanajan taya katerangan yén Asgol cacarita jeung saha dina dialog di luhur, tapi
bisa katitén tina bagiasaan tokoh Asgol anu saméméhna mindeng ngobrol jeung
panongton. Katambah waktu dialog Asgol di luhur nyaritakeun ngeunaan kahirupan
sarta kaayaan Dora anu ti unggal poé ngalaman parobahan, nya éta tambah ka
139
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kungkung sarta ngarasa teu bébas. Salian ti éta, Asgol ogé nyaritakeun ngeunaan
tokoh andar-andar anu dina adegan saacanna asup ka panggung anu dijadikeun
simbol ku tokoh Asgol. jadi, bisa dicindekkeun yén cutatan di luhur kaasup kana
aside sabada ditingali tina katerangan anu nyebutkeun yén Asgol cacarita. Salian ti
éta, katitén ogé tina cutatan di handap.
ASGOL Ahirna, sanggeus meunang pangolo botol-botol hayalanana sorangan, Dora geus wani-wani ngakal jeung nékad. Méh saban peuting, malah saban waktu Dora nyelendep kaluar ti kamarna anu ku dirina diibaratkeun Alcatras, Nusakambangan, Palu Buru, atawa Kebon Waru. Teu kacipta kumaha mun seug biangna nyahoeun naon anu dipilampah ku anakna. Pikeun ngabuktikeun naha éta bisa dicipta-cipta atawa henteu, yu ah urang pada nyipta-nyipta. (kaca 25)
Cutatan di luhur kaasup kana aside, sabab dina pamustungan kalimah aya
kecap “Yu ah urang pada nyipta-nyipta” anu bisa dicindekkeun yén kalimah éta
ditujukeun pikeun panongton anu satuluyna asup kana aside. Upama ditilik deui tina
dialogna, dialog di luhur nyaritakeun kaayaan Dora sabada meunang pangolo ti botol-
botol hayalanna anu satuluyna Dora wani kabur ninggalkeun imahna pikeun
nyeuseup dunya saluareun imahna. kacaritakeun ogé yén Dora kabur ti imahna lain
sakali dua kali, tapi remen pisan malah mah unggal peuting mindeng kaluar. Di
panungtungan kalimah, tokoh Asgol hayang ngabuktikeun ka panongton yén hal anu
dipilahmpah ku Dora téh bisa dicipta-cipta atawa henteu. ku kitu, Asgol ngajak ka
para panongton pikeun ngabuktikeun hal anu jadi sawangan manéhna. Salian ti éta,
katitén ogé tina cutatan di handap.
ASGOL Hampang teuing hukuman panjara atawa dibui mah. Lantaran di imahna geus biasa di panjara, biasa dibui, dirina moal ngarasa kasiksa deui. Hukuman pasti gé geus pasti bakal nyénéngkeun dirina lantaran manéhna kungsi cacarita, leuwih hadé manggih pati batan hirup kudu kakungkung. Hiji-hijina hukuman anu cocog pikeun dirina, nya éta… kudu nangtung Saumur hirup di deukeut tihang gantungan! (kaca 40)
Upama ditilik dina naskahna sarta ditilik saulas, dialog di luhur kawas anu teu
kaasup kana aside sabab dialog Asgol aya sabada Dora ngedalkeun dialogna yén
manéhna ménta dihukum sakitu beuratna sabab manéhna geus maténi indung jeung
140
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
pembantuna. Tapi upama ditilik dialog di luhur kalawan gemet, katitén yén dialog di
luhur kaasup kana aside sabab dina dialog di luhur, tokoh Asgol nyebut tokoh Dora
ku kekecapan “dirina” jeung “manéhna” anu ditujukeun keur Dora. Saupama tokoh
Asgol ngedalkeun dialogna keur Dora pikeun ngajawab dialog Dora, pasti dina kecap
sesebutan pikeun Dora pasti kecap manéh atawa anjeun. Kecap “dirina” jeung
“manéhna” nuduhkeun yén Dora salaku objék anu keur dicaritakeun ku tokoh Asgol
sarta tokoh Asgol keur nyaritakeun pamustungan nasib Dora anu bakal ditibankeun
hukuman ka dirina sorangan.
Sabada dititénan, dina naskah drama “Manusa Jero Botol,” aside anu aya
ilaharna sok dibantuan ku kramagung atawa katerangan (téks paréntah pikeun aktor).
Salian ti éta, aya ogé anu dikedalkeun tina kekecapan tokoh anu nuduhkeun yén
dialog éta ditujukeun pikeun anu nongton, contona aya dina dialog tokoh Asgol. Dina
dialog tokoh Asgol taya kramagung atawa katerangan nanaon anu némbongkeun yén
dialog éta kaasup aside, tapi sabada dititénan eusi dialogna, kapanggih yén dialog
Asgol bisa asup kana aside.
5) Babak
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” teu kapanggih ayana babak, sabab
naskah drama ieu kaasup kana naskah drama sababak anu caritana diwangun ku
sababraha adegan. Kajadian-kajadian dina ieu naskah drama ogé saukur aya di hiji
tempat, nya éta ukur di kamar Dora. hal ieu ogé katitén tina sampul atawa lembar
mimiti naskah anu méré katerangan yén naskah drama “Manusa Jero Botol”
mangrupa drama anu diwangun ku sababaraha adegan.
6) Adegan
Naskah drama “Manusa Jero Botol” teu kapangih ayana adegan anu jéntré
dituliskeun dina naskah drama. Tapi, unggal adegan ditandaan ku asupna tokoh Asgol
salaku panganteur carita atawa narator sarta asupna tokoh séjén dina hiji adegan ogé
jadi tinimbangan yén éta kaasup kana hiji adegan. Sabana ditalungtik, dina naskah
141
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
drama “Manusa Jero Botol” téh kapanggih aya 28 adegan anu dibuktikeun tina kaluar
asupna tokoh anyar sarta kaluar asupna tokoh Asgol.
7) Épilog
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” katitén ayana épilog. Hal ieu bisa
katitén dina cutatan di handap.
ASGOL Hampang teuing hukuman panjara atawa dibui mah. Lantaran di imahna geus biasa di panjara, biasa dibui, dirina moal ngarasa kasiksa deui. Hukuman pati gé geus pasti bakal nyénéngkeun dirina lantaran manéhna kungsi cacarita, leuwih hadé manggih pati batan hirup kudu kakungkung. Hiji-hijina hukuman anu cocog pikeun dirina, nya éta… kudu nangtung saumur hirup di deukeut tihang gantungan! (NGÉTOKKEUN PALU TILU KALI) (kaca 40-41)
Cutatan di luihur nyaritakeun hukuman keur Dora anu geus maténi indung
jeung pembantuna. Dina dialog di luhur, katitén yén bui mangrupa hukuman anu
hampang teuing keur Dora sabab manéhna geus biasa hirup di pangbuian salila
manéhna hirup dikungkung ku indungan. Salian ti éta, hukuman pati gé geus pasti
moal karasaeun ku Dora sabab Dora leuwih bagja lamun manggih pati dibanding
kudu hirup dikungkung. Ku kituna, hukuman anu pantes keur Dora nya éta hukuman
nangtung Saumur hirup dina deukeut tihang gantungan. Hal éta kaasup epilog carita
anu mangrupa pamustungan hirup Dora anu pinanggih jeung hukuman anu
ditibankeun ka manéhna sabab Dora geus ngalakukeun hal anu ngalanggar hukum,
nya éta maténi mahluk anu nyawaan anu dina ieu carita mah nya éta indung jeung
pembantuna anu satia. Salian ti éta, epilog katitén tina cutatan di handap.
TI LUHUREUN PANGGUNG, LUR AYA TAMBANG ANU NGAMBAY, ANU NGABENTUK TALI KEUR NGAJIRET BEUHEUNG. UKURANNA BADAG NAKER. TULUY ASGOL NYÉNYÉRÉD RODA KA DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN. TI SAWATARA TEMPAT, TINGTOROJOL JALMA-JALMA ANU MARAKÉ KEDOK. TULUY NGAJALAJAR NGAWANGUN BARISAN, ARAJEG DEUKEUT TIHANG GANTUNGAN. DAK DUMADAK LAMPU PANGGUNG REYEM-REYEM. KABÉH STATIS. (kaca 41)
Cutatan di luhur ogé kaasup kana épilog, anu mangrupa pamustunganna hirup
Dora nu kudu dijalanan. Hukumanna mangrupa cicing di panjara atawa nangtung
142
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
saumur hirup di deukeut tiang gantungan. Éta hukuman téh ditibankeun keur
manéhna lantaran Dora geus wani-wani maténi indungna sorangan. Tina narasi di
luhur, katitén yén sabada Dora geus ditibankeun hukuman, asup sababaraha jalma anu
maraké kedok pikeun nyaksian hukuman anu ditibankeun ka Dora. Dora cicing di
handapeun tambang badag sabada geus diséséréd ku Asgol.
Sabada ditalungtik sacara gembleng, kapanggih unsur-unsur atawa struktur
naskah drama “Manusa Jero Botol” anu geus dibahas di luhur. Katitén yén sakabéh
unsur pangwangun naskah drama aya dina naskah ieu iwal ti babak jeung épisode.
Bisa dicindekkeun yén naskah drama “Manusa Jero Botol” saduran Rosyid É. Abby
miboga dalapan unsur naskah drama anu ngawéngku prolog, dialog, wawancang,
kramagung, solilokui, aside, adegan jeung épilog.
4.1.2 Psikoanalisis Tokoh dina Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Para tokoh anu dianalisis karakter jeung penokohan disawang tina
psikoanalisis Sigmund Freud dina naskah drama “Manusa Jero Botol” saduran
Rosyid É. Abby nya éta para palaku utama saperti: Dora jeung Mamih. Salian ti
palaku utama ogé nganalisis palaku tambahan nu nimbulkeun konflik saperti: Mardi,
jeung Koboy. Dina ieu analisis digambarkeun kumaha konsép id, ego, jeung
superego.
1) Kanyaan Mamih ka Dora
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” katitén yén tokoh Mamih kaasup
kana tokoh protagonis. Dina naskah éta kacaritakeun yén Mamih téh nyaah pisan ka
Dora salaku anakna anu geus diurus ti leuleutik. Kanyaah Mamih anu kaleuleuwihi
anu nyieun Dora ngarasa kakungkung atawa ngarasa aya di pangbuian. Padahal
Mamih ngalakukeun hal éta miboga hiji alesan nya éta embung anakna asup kana
pergaulan bébas anu matak ngaruksak diri Dora. Kanyaah Mamih anu taya wates
wangenna ngajadikeun Dora henteu bébas nyeuseup dunya diluareun imahna. Mamih
ogé geus ngadidik Dora kalawan hadé, Mamih nerapkeun norma-norma adat istiadat
jeung norma agama dina ngatik ngadidik Dora salaku anakna.
143
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MAMIH Tong kurang ajar, Dora! nu matak kitu téh, kabéh ge demi hidep. Ku lantaran naon? Ku lantaran nyaah! Nyaah pisan ka hidep téh! (SALILA MAMIH CACARITA, SUNGUT DORA MONYONG_MONYONG BAÉ, NYÉTA-NYÉTA ATAWA NIRON-NIRON KEKECAPAN ANU DIKEDALKEUN KU MAMIH, BANGUN ANU GEUS APAL PISAN KAMANA LEOKNA ÉTA KEKECAPAN) Mamih téh sieun pisan leungiteun ku hidep. Salawasna hayang baé padeukeut. Mamih téh hariwang. Terang teu, Dora? terang, henteu? Dunya téh kejem! Gangas! Hidep kudu ngarti. Kudu ngarti! Di luar téh kacida bahayana keur hidep mah. Mun Mamih tepi ka leungiteun hidep, jeung saha deui atuh Mamih hirup di alam dunya? Jeung saha?! Nu matak Mamih teu hayang leungiteun hidep najan… (kaca 15)
Cutatan di luhur dijelaskeun yén Mamih miboga rasa nyaah ka Dora salaku
anakna anu kaasup kana id. Id mangrupa lapisan dasar manusa anu pangjerona,
sistem kapribadian kodrati anu geus dibabawa ti lahir. Id ogé mangrupa kabutuhan
dasar manusa anu aya di alam bawah sadar tur miboga instintif jeung dorongan-
dorongan anu ngawujud libido. Dina hal ieu, kajelaskeun yén rasa kanyaah Mamih ka
Dora kaasup id anu mangrupa rasa nyaah indung ka anak. Id anu dipiboga ku Mamih,
nya éta sedeng atawa biasa waé.
Salian ti éta, satuluyna aya anu disebut ego. Ego mangrupa pengendali supaya
manusa miboga tindakan ku cara bener saluyu jeung réalita. Dina hal ieu Mamih
miboga ego anu kuat. Hal ieu katitén waktu Mamih ngatik ngadidik kalawan gemet
sabab sieun anakna asup kana pergaulan bébas anu dina réalitana hal éta mangrupa
hal anu mindeng kaalaman ku rumaja jaman ayeuna utamana dina milih calon salaki.
MAMIH …. Mamih sieun Dora salah dina milih pisalakieun. Sing émut, Dora, pameget mah di mana-mana gé jahat. Réréana ngan saukur ngumbar-ngumbar napsu tinimang cinta. prinsip maranéhna mah, kaom istri mah kabéh gé resep dibohongan. Nya ku éta prinsip, réa pameget nu pindah-pindah pasangan, mindeng gunta-ganti istri. Piraku Mamih kedah ngantep anak sorangan gaul jeung pameget model kitu. Mamih kedah terang karakter pameget anu engkena jadi pisalakieun hidep. Teu kedah beunghar, teu kedah kasép, nu penting mah bisa satia, jujur, getol, jeung rada pinter. Cohagna, pameget anu mikanyaah Dora kedah tiasa ogé mmikanyaah ka Mamih. teurs, pameget anu dipisuka ku Dora, ogé kedah kalandep ku Mamih. (kaca 16)
Dina cutatan di luhur kacaritakeun yén Mamih keur cacarita jeung Dora
ngeunaan bahayana lalaki. Mamih ngedalkeun sawangan manéhna ka Dora yén
144
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dimana-mana lalaki téh jahat sarta nganggap kaom istri téh resep dibohongan sarta
Mamih ogé ngedalkeun kanyaahna ka Dora sangkan Dora teu sambarangan dina
milih calon pisalakieun. Tina cutatan di luhur ogé katitén yén Mamih bener-bener
selektif pikeun néangan calon pisalakieun keur Dora. Mamih teu ngidinan Dora
pikeun milih calon pisalakieunna sorangan kaasup kana milih batur ulin. Kungkungan
Mamih ka Dora anu teu dilakukeun sacara sadar dilantaran ku sabab Mamih hariwang
ka Dora. Dumasar réalitas anu aya, loba pisan wanoja anu tigebrus kana pergaulan
bébas, tong boroning rumaja, dalah wanoja anu geus umuran ogé teu saeutik anu
ahirna kudu nikah lantaran kapaksa. Hal éta anu ngalantarankeun Mamih ngatik Dora
ku cara kitu.
Satuluyna aya superego. Superego mangrupa ajén moral anu lumaku di
masarakat. Sacara umum superego dimanifestasikeun dina wangun parentah jeung
larangan. Dina hal ieu, superego anu dipiboga ku Mamih kacida kuatna. Hal ieu
katitén tina cara Mamih nagdidik Dora salaku anakna.
DORA …. Nyaho teu, Mardi, Mamih tangtu bakal bendu mun seug ningali kuring dangdan samobel kieu. (DORA MAKÉ KAOS/T-SHIRT SINGLÉT JEUNG CALANA PONDOK TINA KULIT) (kaca 10)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mamih ngadidik Dora dina cara papakéan.
Dina cutatan di luhur katitén yén Mamih bakal bendu lamun Dora maké papakéan
samodél singlét jeung calana pondok. Hal éta ngabuktikeun yén salila ngadidik Dora,
Mamih bener-bener merhatikeun norma jeung aturan anu lumaku di masarakat
ngeunaan cara papakéan anu sopan sarta pantes dipaké ku hiji mojang. Salian ti éta,
katitén ogé tina cutatan di handap.
DORA DAGDAG-DÉGDÉG KA LOMARI, CEG KANA BAJU NU BENER, RAP DIPAKÉ. RAP DEUI JILBABNA…. SANGGEUS DANDGDAN KALAWAN RAPIH, GEUWAT BAÉ DORA MAKAKEUN PANTO KAMAR ANU MÉMANG DIKONCI TI JERO. TOROJOL INDUNGNA, DIJILBAB, CELENGOK, CELENGOK BAÉ DUANANA SILIAMBUNG PIPI.
Tina cutatan di luhur, katitén yén Mamih ogé ngadidik Dora ku cara teu jauh
tina agama jeung norma kasopanan utamana tina cara papakéan sabab Mamih ogé
145
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
nerapkeun cara didikan éta ka dirina sorangan. Bisa katingali tina cara papakéan
Mamih jeung cara papakéan Dora anu geus diajarkeun ka Dora. Tina segi agama,
memang geus sakuduna wanoja maké pakéan anu nutup aorta kaasup rambut
sorangan, hal ieu ogé saluyu jeung norma kasopanan anu aya di masarakat. Geus
sakuduna wanoja maké baju anu nyopan, anu nutup sabagéan awak anu sakuduna
ditutupan. Salian ti éta, didikan keur Dora ogé katitén waktu Mamih nyarékan ka
Dora sabab geus kuluyuran peuting-peuting. Hal éta saluyu jeung norma jeung tata
adat sunda anu nyebutkeun yén sakuduna wanoja teu kaluar ti peuting atawa balik
peuting. Superego ogé aya waktu Mamih teu ngidinan Dora kaluar ti imah iwal ti
barengan ku Mamih. Superego éta mangrupa wujud tina kahariwang kolot anu lahirna
tina kanyaah kolot ka anakna.
Katilu unsur éta raket pisan patalina, id anu mangrupa pangabutuh manusa
anu satuluyna ayana ego anu ngawasa diri, superego aya kulantaran buah tina ego.
Dina hal éta superego Mamih aya sabab ayana ego Mamih anu hariwang ka anakna
lantaran sieun asup kana pergaulan bébas lamun Mamih ngabébaskeun anakna gaul
jeung saha waé. Bisa dicindekkeun yén dina analisis ieu, tokoh Mamih miboga id anu
sedeng, ego anu kuat jeung superego anu kuat.
2) Dora anu Kakungkung
Dina naskah drama “Manusa Jero Botol” Dora ngalaman konflik batin nya éta
manéhna hayang bébas tina pangungkung didikan indungna. Dora ngalaman rasa
bosen waktu manéhna terus-terus dikungkung di jero kamar, teu meunang ulih ka luar
iwal ti barengan ku indungna, kaasup miboga kabogoh. Hiji waktu, waktu rasa
kakeuheul Dora geus muncak, Dora ngadenge haréwos botol-botol anu salila ieu jadi
babaturan ngobrolna pikeun kabur ti jero kamar tur nyeuseup dunya anyar.
Ngaliwatan sababaraha tinimbangan, ahirna Dora daék kabur anu satuluyna
kanyahoan ku Mamih, indungna. Hiji mangsa, Dora kabur ngaduakalian ti kamarna
tur kanyahoan ku Mamih, katambah basa kanyahoan doara kabur, Dora balik dina
kaayaan mabok. Tangtu waé hal éta nyababkeun Mamih ambek anu satuluyna
duanana ribut. Dina pamustungan carita, Dora maténi indungna ku cara nembak
146
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
indungna nepi ka maot. Hukuman ditibankeun ka Dora anu satuluyna Dora ngarasa
salah.
DORA Tuluyna pan ngarasa kakungkung nya? (SUMANGET) tangtu we, Mardi, nya tangtu we! Éta pisan anu karasa mangtaun-taun ku kuring téh. Kakungkung di imah sorangan. Ieu imah teu béda ti pangbuian. Kakeuheul kuring leuwih-leuwih ti kakeuheul anu dirasakeun ku anjeun ayeuna. Kanyaah Mamih nu kaleuleuwihi, kacida ngiketna kana diri. Tapi sanggeus papih maot mah…. Tapi kétah papih ge sarua we. Sok tara ngidinan mun kuring rék ulin jeung babaturan téh. Hariwang, cenah. Sakalina bisa kaluar, kudu baé dibarengan ku Mamih. Basa acara tepungtaunna Sulastri ge kapan kudu ditalingakeun ku Mamih. Ka model-model baju nu rék dipaké, kudu baé luyu jeung karesep Mamih.…. (kaca 10)
Cutatan di luhur, kacaritakeun yén Dora keur cacarita jeung Mardi, palayanna
ngeunaan kaayaan manéhna anu hirup teu bébas. Dora ngarasa bosen sabab
mangtaun-taun geus ngalaman hirup kawan kitu anu teu bisa bébas indit kamana-
mana. Dora ogé ngedalkeun yén kanyaah Mamih anu kaleuleuwihi téh kacida nyiksa
sarta ngiket kana diri Dora anu antukna Dora teu bisa ngarasakeun hal-hal di
saluareun imahna anu sakuduna dirasakeun ku manéhna. Dora hayang bébas, hayang
bisa nagtukeun jalan hirupna sorangan kaasup milih calon pisalakieun. Sabada
ditalungtik, tina cutatan di luhur katitén yén Dora miboga aspék kabutuhan manusa,
nya éta kabébasan. Kabébasan kaasup kana id, sabab unggal manusa mikabutuh
kabébasan pikeun sosialisasi. Dina kasus Dora di luhur, manéhna teu ngalaman
prosés sosialisasi sabab indungna geus ngungkung dirina kaasup gaul jeung saha waé.
Hal ieu anu nyababkeun kamungkinan pikeun Dora barontak sarta nungtut kabébas ka
indungna. Upama ha lieu diantep, bakal aya kajadian anu leuwih-leuwih nyilakakeun
Dora jeung Mamih.
DORA Hayang kaluar ti ieu pangbuian. BOTOL Sing yakin, ayeuna keneh gé anjeun bisa kaluar ti ieu bui. DORA Piraku? Kumaha carana? BOTOL Cobaan geura kaluar liwat jandela itu tuh. DORA
147
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bari teu kanyahoan ku Mamih? BOTOL Bari teu kanyahoan ku ibu. DORA Éta mah geus asup kana kajahatan atuh. Teu ah, teu bisa. Teu mungkin Dora kikituan. (kaca 22-23)
Tina cutatan di luhur, kacaritakeun waktu rasa kakeuheul jeung rasa kabosen
Dora geus aya dina puncakna. Dora bener-bener hayang kaluar ti kamarna anu
diibaratkeun pangbuian. Manéhna ngedalkeun kahayang haténa ka botol-botol anu
salila ieu jadi batur ngobrolna. Botol-botol ngadukung Dora sangkan kabur ti imah
liwat jandéla kamarna. Hal éta tangtu waé ditolak ku Dora sabab Dora apal yén hal
éta kaasup hal anu teu hadé. Tapi waktu Dora keur nimbang-nimbang antara kudu
kabur atawa henteu, botol-botol anu aya didekeut manéhna terus-terusan méré
tinimbangan sangkan Dora wani kabur ti imahna peuting éta kénéh. Hal ieu tangtu
jadi dilemma keur Dora dina nangtukeun jalan hirupna. Disisi lian, Dora hayang
kabur sabab hayang ngarasaan dunya saluareun imahna anu tacan kungsi dirasakeun
ku manéhna. Dora hayang nyaho kana hal-hal anu aya disaluareun imahna anu tacan
kungsi dipikanyaho ku manéhna. Tapi disisi lian, Dora ngarasa yén manéhna teu bisa
indit ka luar ti imahna iwal ti diijinan ku indungna, sabab saupamana Dora kabur,
Dora sadar yén hal éta téh kaasup kana hal anu teu hadé.
LÉOS BAÉ DORA MURU KA JANDÉLA. KALACAT KANA JANDELA NU GEUS MUKA, JLENG BAE NGAJLENG KANA DAHAN GEDE ANU AMPIR ANTEL KANA KACA JANDELA TÉA. (kaca 24)
Sabada meunang haréwos botol-botol anu aya dina kamarna, cutatan di luhur
ngajelaskeun yén ahirna Dora wani kabur ti imahna sangkan nyeuseup dunya
saluareun imahna. Ahirna Dora nurut kana haréwos botol-botol anu aya di kamarna
sarta haréwos-haréwos tokoh sirah-sirah jalma anu ngiluan ngahasud Dora sangkan
Dora indit ti imah. Hal éta ngabuktikeun yén kahayang Dora leuwih kuat ti batan
norma-norma anu aya dina dirina. Hal ieu kaasup kana aspék ego. Aspék ego muncul
waktu Dora ngadenge botol-botol dikamarna ngahasud Dora sangkan kaluar ti ieu
imah, Dora sempet nolak haréwos botol ku lantaran manéhna apal yén éta kaasup hal
148
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu teu hadé, kaasup hal anu geus ngalanggar aturan jeung norma anu salila ieu geus
diturunkeun ka manéhna. Manéhna teu wani sabab éta kaasup kahajatan tapi ahirna
Dora wani kabur sabab manéhna hayang bébas tur ngarasakeun dunya di saluareun
imahna sorangan. Tina kasus di luhur, katitén yén id leuwih ngawasa Dora tibatan
ego. Dora wani kaluar imah sangkan kabutuhan id na kalaksanakeun ti batan kudu
mikiran nilai jeung norma anu geus dibikeun dileuleutik ku indungna.
DORA Mangga Pa Hakim, nyanggakeun beuheung teukteukeun. Jisim abdi rumaos geus maténi dua jalmi. Anu hiji pun biang, indung tandes sorangan, anu hiji deui mah babu pun biang anu satia, pangasuh jisim abdi ti orok kénéh. Jisim abdi maténi téh sanés pedah hoyong dibui, sanés hoyong dipanjarakeun. Sanaos dina maténi téh jisim abdi keur mabok, tapi anggap baé ku Pa hakim yén jisim abdi téh henteu keur mabok. Ayeuna jisim abdi rido nampi hukuman naon baé. Mangga, pa hakim, hukum baé sabot-abotna. Hukum baé lantaran jisim abdi rumaos lepat. Hukum baé jisim abdi demi kaasilan jeung kateuadilan! Jisim abdi moal rék mindingan kalepatan sorangan. Margi jalmi nu milampah hiji kalepatan tur ngabohong kanggo mindinganana, saestuna gaduh dua kalepatan. (kaca 40)
Cutatan di luhur kacaritakeun yén Dora pasrah kana nasib hirupna dina
pamustungan carita. Dora rumasa miboga salah sabab geus ngalawan ka kolot anu
antukna wani maténi indung jeung pembantuna anu satia. Dora ménta sangkan
manéhna ditibankeun hukuman sabab manéhna hayang hakim bisa adil dina
nibankeun hukuman ka jalma-jalma anu miboga kasalahan. Tina cutatan di luhur,
katitén ayana aspék superego, nya éta waktu Dora ngarasa rumasa miboga salah sarta
handeueul lantaran geus maténi indungna. Cutatan éta kaasup superego lantara Dora
geus sadar yén hal anu geus dilakukeun ku manéhna téh salah kaasup geus ngalawan
jeung maténi indungna pikeun kabébasan anu slila ieu dicipta-cipta ku manéhna. Bisa
dicindekkeun yén tokoh Dora miboga aspék id anu kuat, aspék ego anu lemah jeung
superego anu lemah anu nyababkeun Dora wani barontak ka indungna sorangan.
3) Mardi anu Bageur sarta Narimakéun Nasib
Tokoh Mardi mangrupa tokoh tambahan anu asupna kana confidant atawa
kapercayaan. Mardi salaku tokoh anu jadi baturan cacarita Dora ngeunaan rasa
149
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kajenuh jeung kabosenna lantaran hirup dikungkung ku indungna. Dina hal ieu,
Mardi saeutik nyekel konci carita lantaran Mardi nyimpen rusiah Dora anu salila ieu
teu bisa dikedalkeun ka indungna. Mardi miboga watek bageur. Manéhna ijid waktu
nyaho yén Dora boga kabiasaan nyébor kembang ku getih tur sering ngobrol jeung
botol-botol urut anu aya dikamarna. Mardi ngahaja mangnyieunkeun karya seni
mangrupa kurung manuk anu dijerona aya botol anu digambaran ku cét. Hal éta
némbongkeun yén Mardi ngarti kana kaayan Dora anu salila ieu hirup kalawan jenuh
jeung bosen. Hiji mangsa, Mardi cacarita ka Dora yén manéhna hayang miboga
barang-barang kawas Dora, hayang hirup bagja siga Dora anu pangabutuhna teu
weléh sayagi kaasup nalingakeun Dora.
MARDI Resep nya Néng Dora mah. Ku ibu teu weléh diaping dijaring, ka mana-mana teu weléh ditalingakeun. Barang naon baé nu dipikahoyong teu weléh sayagi. Sedengkeun Mardi? Sabalikna! Sagala rupi nu dipikahoyong mung sadia dina ciciptaan wungkul… (kaca 12)
Tina cutatan di luhur katitén yén Mardi miboga aspék id anu sedeng. Dina hal
éta Mardi miboga hayang pikeun hirup siga Dora anu hirupna teu weléh diaping
dijaring jeung hirup anu sagala pangabutuhna cumpon. Pangabutuh atawa kahayang
anu dialaman ku Mardi kaasup kana id nya éta kabutuhan pikeun nyumponan
kahirupan anu satuluyna bakal lahir rasa bagja jeung kapuasan. Tapi dina réalitasna,
Mardi teu bisa hirup siga kitu anu antukna asup kana aspék ego. Dina hal ieu Mardi
narimakéun kaayaan manéhna anu hirup cukup, teu miboga niat sangkan ngalakukeun
hal jahat atawa kriminal. Mardi pasrah tur narimakéun hirupna anu sakitu ayana.
Satuluyna asup kana aspék superego, nya éta waktu Mardi teu milampah kajahatan
sangkan pangabutuhna cumpon. Mardi kalah ka gawé di imah Dora sangkan
nyumponan pangabutuh dirina sangkan bisa hirup kalawan tenang. Dina hal ieu, bisa
dicindekkeun yén Mardi miboga aspék psikologis anu saimbang, nya éta id na
sedeng, ego na sedeng jeung superego na sedeng. Taya aspék anu leuwih dominan
anu ngawasa diri Mardi.
150
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Koboy anu Licik
Tokoh Koboy mangrupa tokoh tambahan antagonis anu miboga hubungan
jeung tokoh utama. Dina hal ieu tokoh Koboy anu ngahasud Dora sangkan bisa hirup
bébas tur bisa kaluar tina kungkungan indungna. Koboy ogé anu mawa hirup Dora
jadi teu bener jeung jadi ruksak. Sering mawa ulin Dora peuting-peuting anu antukna
Dora nyaho kana dunya gemerlap tur nyaho kana alkohol. Sakabéh hal anu
dilakukeunn ka Dora teu lian ti hayang harta indungna Dora anu satuluyna rék dipaké
pikeun ngahirupan pamajikanana anu sakitu lobana. Koboy ngarayu jeung ngolo Dora
sangkan bisa milampah kapuasan moril.
KOBOY Ngaran uing téh Koboy. Peuting ieu uing aya jangji mancangkrama jeung hiji wanoja, anak randa beunghar. Ku uing rék diolo jeung dirayu bébéakan supaya bisa méakkeun harta biangna, terus dibikeun ka uing. Ku cara kitu, uing bisa ngabeayakeun sakabéh pamajikan uing anu réana teu kabilang. Okeh. Uing moal rék papanjangan. Permios. (kaca 29)
Tina cutatan di luhur, katién yén Koboy miboga maksud rék mancakrama
jeung hiji wanoja anu ngarana Dora. manéhna miboga pamaksudan rék ngolo sarta
ngarayu Dora sangkan bisa méakkeun harta biangna. Tina cutatan di luhur bisa
dicindekkeun yén Koboy miboga pangabutuh sangkan bisa nyumponan kahirupanna.
Pangabutuh anu dimaksud nya éta duit. Manéhna miboga kahayang pikeun jadi jalma
beunghar. Hayang loba duit pikeun muaskeun batinna. Hal éta kaasup kana id sabab
kabutuhan saperti kitu mangrupa kabutuhan dasar anu dipiboga unggal manusa. Id
anu dipiboga ku Koboy mangrupa id anu kuat.
KOBOY Ieu péstol mangrupa konci pikeun ngaleupaskeun borgol anu salila ieu ngawatesan gerak Dora. (KA NU LALAJO) Hartina, Koboy nitah Dora pikeun maténi jalma anu salila ieu ngurung dirina di jero imah. (kaca 31)
Cutatan di luhur kitten yén Koboy méré péstol ka Dora. Koboy ogé
ngibaratkeun éta péstol téh mangrupa konci anu bisa ngaleupaskeun Dora tina
kungkungan anu satuluyna Dora bisa ngarasakeun dunya saluareun imahna. Hal éta
kaasup kana aspék ego. Ego anu dipiboga ku Koboy lemah pisan, sabab manéhna teu
151
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
mikirkeun yén hal éta mangrupa hal anu salah atawa hal teu hadé, anu antukna Koboy
ngalakukeun hal éta, morotan duitna Dora jeung ngahasud Dora sangkan wani
ngaleupaskeun diri tina hal anu salila ieu ngungkung dirina ku cara méré pestol. Hal
éta geus asup kana superego, waktu tindakan Koboy teu miduli norma jeung adat
sitiadat. Jadi tina hasil panalungtikan di luhur, bisa dicindekkeun, yén Koboy miboga
id anu kuat, ego anu lemah jeung superego anu lemah.
Sabada ditalungtik, katitén aya opat tokoh anu miboga aspék psikologi anu
jelas. Tokoh éta nya éta Mamih, Dora, Mardi jeung Koboy. Papada tokoh geus
miboga babagian aspék sewang-sewangan anu hasilna diadarkeun dina tabél
dihandap.
4.2 Tabél Analisis Tokoh
No Ngaran tokoh Aspék psikoanalisis Sigmund Freud
Id Ego superego
1. Mamih Sedeng Kuat Kuat
2. Dora Kuat Lemah Lemah
3. Mardi Sedeng Sedeng Sedeng
4. Koboy Kuat Lemah Kuat
4.2 Pedaran
Dumasar kana analisis struktural jeung analisis psikologi sastra kana naskah
drama “Manusa Jero Botol”, bisa kapaluruh unsur-unsur naon waé anu ngawangun
éta naskah. Lian ti éta, kapanggih ogé aspék-aspék anu rélevan jeung kahirupan
sapopoé. Unsur-unsur naskah drama ditalungtik kalayan dipisah-pisahkeun dumasar
kana papasinganana, hal ieu tujuanana pikeun mikanyaho unsur-unsurna sacara rinci.
4.2.1 Hasil Struktural
Pedaran hasil struktural di dieu kabagi jadi dua nya éta struktur carita drama
anu ngawéngku téma fakta carita jeung sarana sastra sarta struktur naskah dramana
152
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
anu ngawéngku prolog, dialog, wawancang, kramagung, aside, solilokui, babak,
adegan, episode jeung epilog.
4.2.1.1 Struktur Carita Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Struktur carita dina naskah drama “Manusa Jero Botol” katitén sababaraha
aspék anu jadi bahan pedaran panalungtik. Anu kahiji nya éta téma. Téma dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” téh nya éta pergaulan bébas anu diakibatkeun ku
salah didikan ti kolot. Upama ditilik sacara saulas mah ieu téma téh basajan pisan,
sabab loba karya sastra lian saperti novel atawa carpon anu ngagunakeun téma
pergaulan bébas. Lain saukur karya sastra, boh film boh sinétron gé mindeng pisan
kapanggih anu ngagunakeun téma pergaulan bébas pikeun nyontokeun ka aprésiator
yén jaman ayeuna kudu pipilih dina urusan pergaulan sangkan teu tigebrus kana
pergaulan bébas. Tapi sabada ditilik kalawan gemet, aya hiji hal anu ahéng dina
naskah drama ieu ngeunaan téma. Pergaulan bébas anu diangkat jadi téma téh
saéstuna diakibatkeun ku kolot. Mémang kungsi aya téma samodél kieu dina karya
sastra séjén anu tokoh utamana kapaksa kudu tigebrus dina pergaulan bébas lantaran
didikan ti kolotna. Tapi dina hal éta, si kolot dicaritakeun mémang lain jalma bageur
anu saéstuna mikanyaah ka nu jadi anak. Dina naskah drama “Manusa Jero Botol”
mah pamaca diajak mikir ngeunaan hal anu ngalantarankeun indungna tokoh utama
bisa ngagebruskeun anakna kana pergaulan bébas padahal dina adegan mimiti katitén
pisan yén indungna si tokoh utama téh kacida nyaahna ka nu jadi anak. Ahirna
muncul sababaraha patalékan yén naha bisa pergaulan bébas diakibatkeun ku kolot
padahal urang sakabéhna apal yén kolot mah saéstuna moal matak ngagebruskeun
anakna kana hal anu teu bener. Komo kanyaah anu jadi kolot mah taya wates
wangenna anu salawasna nyaah, ngaping ngajaring, ngatik ngadidik sarta ngahirup
huripan ka nu jadi anak. Tapi, dina naskah drama ieu dibahas yén kanyaah kolot anu
taya wates wangenna téh bisa ngagebruskeun urang kana pergaulan anu teu hadé.
Dina naskah drama ieu sakabéh hal anu teu mungkin dibahas jadi mungkin.
Sakabéhna dipedar yén téma anu aya dina ieu naskah drama téh dina kanyataanna
mémang aya. Kacaritakeun yén tokoh utama anu ngarana Dora meunang didikan ti
153
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
kolotna anu nyababkeun manéhna hirup teu bébas, manéhna ngarasa kakungkung
sabab teu bisa ngarasakeun dunya saluareun imahna. Dora miboga kahayang sangkan
bisa nyeuseup dunya bébas anu teu dibarengan ku Mamih, indungna. Indungna
ngalakukeun hal kitu lain teu nyaah ka Dora, tapi sabalikna. Mamih nyaah pisan ka
Dora nepi keun ka embung lamun anakna kudu ngarasaan hirup peurih komo tigebrus
kana pergaulan bébas sarta kabawa ku sakaba-kaba. Tapi, hal anu dipikasieun ku
tokoh Mamih kalah ka jadi kanyaataan sabab Dora barontak pikeun kaluar ti imah
anu satuluyna asup kana pergaulan bébas.
Didikan ti Mamih bisa kaciri salah lamun ditilik tina puseur implengan Dora.
cara Mamih ngadidik Dora téh salah, sabab anu jadi anak miboga hak pikeun gaul
sarta sosialisasi jeung jalma luar. Miboga hak pikeun mancakrama jeung jalma-jalma
sabudeureun imahna kaasup tatanggana, sabab manusa diciptakeun ku Gusti Alloh
kalawan teu bisa hirup nyorangan anu disebutna mahluk sosial. Manusa saéstuna
ngabutuhkeun jalma lian pikeun ngajalanan kahirupanna. Moal aya jalma anu bisa
hirup nyorangan ti mimiti gubrag ka alam dunya nepi ka tilar. Ku kituna urang salaku
umat manusa kudu bisa nitipkeun diri. Hal éta némbongkeun yén papada manusa
kudu wanoh sarta ngajalin silaturahmi ka papada jalma komo ka sakabéh umat
muslim. Salian ti éta, didikan Mamih katingali salah sabab dina kanyataanna unggal
budak kudu ngarasakeun sosialisasi sangkan manéhna bisa apal kana hal anu bener
jeung kana hal anu salah. Kolot sakuduna ngatik ngadidik, ngaping ngajaring
budakna pikeun gaul jeung jalma lian sangkan teu tigebrus kana hal négatif. Upama
kolot miboga cara ngadidik siga Mamih, para anak pasti miboga kereteg pikeun
barontak sarta teu mikanyaho mana hal anu salah jeung mana hal anu bener sabab
saacanna teu miboga pangalaman. Hal ieu anu jadi cukang lantaran hiji anak bisa
tigebrus kana pergaulan bébas padahal didikan ti kolotna kalawan bener sarta tandes.
Unggal kolot sakuduna ngadidik ku cara ngabébaskeun anakna kalawan aturan-aturan
anu tandes sarta batasan-batasan antara hal négatif jeung hal positif anu satuluyna
angger aya bimbingan sarta titénan ti kolot ka anak.
Tapi upama ditilik tina puseur sawangan Mamih, hal ieu kaasup hal anu
bener, sabab unggal kolot pasti miboga kanyaah anu béda-béda pikeun ngatik anakna
154
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
sangkan teu tigebrus kana hal anu teu hadé. Unggal kolot pasti miboga alesan pangna
ngadidik anak saperti kitu. Hal ieu bisa kacontoan ku cara didikan Mamih. Mamih
ngadidik Dora siga kitu sabab manéhna sieun pisan lamun Dora asup kana pergaulan
anu teu balég. Bisa ditilik pergaulan budak jaman ayeuna anu lolobana asup kana hal
négatif. Hal éta anu ngajadikeun Mamih alesan pikeun teu ngabébaskeun Dora gaul
jeung sagawayah jalma komo bobogohan mah. Jaman ayeuna loba pisan wanoja-
wanoja anu hirupna teu bener, anu sakolana teu lulus sabab kapaksa kudu nikah
akibat tina pergaulan anu bébas sabébas-bébasna. Hal ieu anu ngalantarankeun
kahariwang ka nu jadi kolot pikeun anakna. Unggal kolot pasti mikahayang hal anu
hadé pikeun budakna, hayang ningali anakna suksés di dunya sarta ngahontal cita-
citana. Tapi anu jadi masalah dina ieu carita téh nya éta ka Dora anu embung ngarti
kana kanyaah indungna sangkan ngatik Dora jadi jalma anu bener. Tina dua puseur
sawangan di luhur, pangarang hayang ngajak pamaca sangkan mikir yén didikan ti
kolot mah saéstuna taya anu salah, anu salah mah nya éta upama ditingali tina puseur
implengan si budak sabab dina umur 20 taunan, hiji manusa upamana wanoja pasti
mikabutuh anu ngarana sosialisasi, sabab dina umur sakitu, para wanoja mimiti
mangkat ka dunya anu sabenerna. Hartina hiji manusa bener-bener ngarasaan hirup
dina umur 20 taunan sabab umur sakitu téh mangrupa umur anu produktif sangkan
pawa wanoja néangan gawé tur ngajalanan hirup kumbuh di masarakat.
Sabada dipedar di luhur, bisa dicindekkeun yén didikan Mamih ka Dora téh
mangrupa hal anu aya benerna tapi aya ogé salahna. Didikan éta miboga hal positif
jeung négatif upama ditilik tina puseur sawangan sewang-sewangan. Hal anu benerna
nya éta sabab pergaulan jaman ayeuna anu geus teu maliré deui étika jeung sopan
santun tapi salahna ku cara ngadidik Dora saperti kitu anu antukna bakal jadi mamala
keur Mamih. Kitu deui kana hal anu dilakukeun ku Dora. Hal anu dilakukeun ku
Dora aya benerna tapi ogé aya salahna. Hal benerna nya éta sabab Dora mikabutuh
kabébasan sarta sosialisasi. Salahna Dora, Dora teu bisa ningali kana kanyaah Mamih
anu embung leungiteun Dora. Dora saukur ngagulkeun émosi sangkan ngahontal anu
jadi kahayangna, padahal upama ditilik kalawan gemet, did'ikan Mamih anu sakitu
155
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
tandesna ka Dora téh ku lantaran Mamih nyaah ka nu jadi anak tur embung lamun
anakna tigebrus kana hal-hal anu teu hadé.
Hal anu satuluyna dipedar nya éta ngeunaan ngaran tokoh-tokoh anu aya dina
naskah drama “Manusa Jero Botol”. Tokoh anu aya dina ieu naskah nya éta Dora,
Mamih, Mardi, Bibi, Koboy, Sirah-Sirah Jalma, Botol-Botol, Jalma-Jalma anu
Maraké kedok, Andar-Andar jeung Asép Golér atawa Asgol. Unggal tokoh miboga
karakter atawa harti sewang-sewangan ngeunaan ngaranna. Saperti tokoh Dora. dina
LBSS (2007, kc. 113) kecap Dora miboga harti lawang dina pager kampung atawa
pager kebon. Hal ieu aya patalina jeung watek Dora anu loba kagorénganna.
Pangarang mungkin miboga sawangan yén tokoh utama dingaranan Dora téh lantaran
watek Dora anu kaasup kana antagonis sarta mangrupa lawang pikeun ngalakukeun
kajahatan. Katitén tina adegan waktu Dora rék kabur ti imahna, Dora ngarasa
bingbang antara kudu kabur tapi sieun, hal ieu némbongkeun yén Dora téh mangrupa
lawang pikeun hal-hal anu dilakukeun ku tokoh utama anu lolobana kaluar tina jalur
anu samestina. Tapi bisa ogé tokoh utama dingaranan Dora téh sabab miharep
kahadéan pikeun ngajalanan hirup. Hayang ngajadikeun Dora salaku jalma anu
miboga lawang kahadéan keur jalma-jalma disabudeureunna.
Kitu deui jeung tokoh Mamih. Tokoh Mamih asalna tina basa Walanda an
uhartina Mamah atawa indung. Tokoh Mamih miboga simbol kabeungharan harta
sarta jalma-jalma anu kaasup kana lapisan sosial di tingkat luhur. Hal éta
némbongkeun yén kekecapan Mamih biasana dipaké ku jalma-jalma beunghar pikeun
nyebut ka nu jadi indung. Hal ieu bisa dipatalikeun antara setting atawa latar jeung
penokohan, sabab dina hal ieu, dua hal éta miboga hubungan anu raket patalina. Dora
nyebut ka indungna Mamih mangrupa simbol yén manéhna téh jalma beunghar anu
hirup cukup. Dina kanyataanna memang bener yén Dora jeung Mamih téh kaasup
jalma beunghar anu bisa ditingali tina adegan prolog anu némbongkeun kaayaan latar
tempat anu bakal jadi puseur carita.
Satuluyna aya tokoh Bibi anu dina carita salaku pembantu. Kecap Bibi
miboga harti adi indung, tapi dina naskah drama “Manusa Jero Botol” mah ngaran
Bibi téh dipaké pikeun sesebutan keur pembantu. Sarua kawas tokoh Mamih, tokoh
156
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Bibi ogé mangrupa simbol anu ngajelaskeun yén dina carita ieu téh kahirupan
sapopoé Dora jeung Mamih kaasup kana jalma anu aya hirupna cukup atawa jalma
beunghar. Satuluyna aya tokoh Koboy. Tokoh Koboy didieu miboga harti budak
lalaki tanggung anu baragajul. Hal ieu saluyu jeung watek tokoh Koboy anu salila
hirupna miboga watek licik sarta antagonis. Pangarang méré ngaran Koboy sabab
ngaran éta mangrupa simbol pikeun ngagambarkeun pasipatan manéhna anu teu hadé.
Satuluyna aya tokoh Sirah-Sirah Jalma anu mangrupa simbol pikeun
ngalambangkeun pikiran manusa. Unggal manusa pasti ngagunakeun sirahna pikeun
ngawangun imajinasi anu sakitu lega sarta liar, kitu deui anu kaalaman tokoh sirah,
tokoh sirah didieu mangrupa imajinasi anu diwangun ku Dora sangkan manéhna bisa
ngobrol jeung botol-botol hayalanna, sakabéh panghasud sarta omongan-omongan
anu dikedalkeun ku Sirah-Sirah Jalma mangrup sagala hal anu aya dina pikiran Dora.
Upama urang mikir goréng, tangtu hal anu dipilampah ogé bakal goréng kitu deui
sabalikna. Satuluyna aya tokoh botol-botol anu mangrupa simbol keur kahirupan
Dora anu dikungkung ku indungna. Kacaritakeun yén Dora bisa ningali dunya
saluareun imahna tapi teu bisa bébas. Manéhna ibarat cicing di jero botol anu sakitu
leutikna, ngan saukur bisa ningali tina kaca tapi teu bisa ngarasakeun dunya luar.
Dora ngan saukur bisa ningali tapi teu bisa ngarasakeun sabab indungna ngan
ngawatesan Dora nepi ka dinya. Hal ieu saluyu jeung tokoh botol-botol anu
ngalambangkeun kahirupan Dora. Botol dijieunna tina beling sarta bentukna leutik
tur sempit. Hal ieu écés pisan ngalambangkeun kahirupan Dora anu kasiksa kawas
cicing di jero botol.
Satuluyna aya tokoh Asgol anu salila adegan, manéhna teu weléh saré sabab
carita anu dipidangkeun téh mangrupa impian manéhna. Hal éta saluyu jeung ngarana
anu dingaranan Asép Golér anu ngalambangkeun yén manéhna tukang ngagoler
atawa bisa disebut saré. Tokoh Jalma-Jalma anu Maraké kedok ogé mangrupa simbol
anu ngalambangkeun yén saéstuna kahirupan jalma-jalma anu aya dipangadilan
sakabéhna maraké kedok. Sakabéhna hal anu dilakukeun ku manéhna lain kahayang
sarta kereteg haténa tapi mangrupa kawajiban anu kudu dipilampah.
157
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tina sababaraha pedaran tokoh di luhur, bisa dicindekkeun yén pangarang
matalikeun antara ngaran tokoh jeung pasipatanna sarta kaayaan kahirupanna.
Pangarang teu sagawayah méré ngaran tokoh-tokoh anu sakitu unikna lamun asal
méré ngaran. Sakabéhna miboga simbol séwang-séwangan iwal ti tokoh Mardi anu
dingaranan basajan. Tapi tina ngaran tokoh di luhur bisa katitén yén sagala hal anu
dipikasieun, dipikahayang atawa dipikabagja téh ayana tina diri urang sorangan sarta
tina batin jeung pikiran urang. Upamana pikiran urang goréng, tangtu laku lampah
urang ogé bakal goréng, kitu deui lamun pikiran urang hadé, tangtu waé laku lampah
urang ogé bakal hadé.
Tina hasil pedaran di luhur, katitén yén unggal unsur miboga hubungan anu
silih pakait jeung unsur séjén. Anu kahiji nya éta patalina téma jeung tokoh. Patalina
téma jeung tokoh nya éta, tokoh utama dibahas kudu ngarasakeun lara tunggara jeung
rasa kabosen ku pangarang sangkan bisa nepi ka anu maca atawa anu nongton.
Pangarang ogé hayang némbongkeun yén sagala hal anu kacirina hadé, can tangtu
dina kanyataanna bakal hadé kitu deui sabalikna, sagala hal anu kacirina goréng can
tangtu dina kanyataanna goréng. Dina naskah ieu, tokoh anu miboga pancen sangkan
ngabudalkeun sagala hal anu nyamuni nya éta kaantagonisan tur kaprotagonisan
tokoh anu dimimiti kacaritakeun sabalikna tina kanyataan. Urang salaku pamaca
jeung anu nongton diajak asup kana réalita jaman ayeuna waktu anak jaman ayeuna
tigebrus kana pergaulan bébas. Unggal-unggal kolot kudu nalingakeun anakna
sangkan anakna teu ruksak akibat pergaulan bébas anu mindeng karandapan, tapi
sakuduna unggal kolot ogé teu ngadidik atawa méré aturan sacara kaleuleuwihi anu
balukarna si anak bakal sagala panasarn anu antukna bakal aya sifat barontak ka nu
jadi indung.
Patalina téma jeung latar nya éta katembong tina latar nu dipaké ku pangarang
boh latar waktu, boh latar tempat boh latar sosial. Latar tempat nu aya dominanna aya
di kamar. Latar ieu cocok pisan pikeun jadi background anu mangrupa simbol
kateubébasan. Dina awal carita pangarang nyuguhkeun kaayaan tempat hiji kamar
mojang umur dua puluh taunan anu pinuh ku barang-barang mahal, boneka-boneka
gedé jeung buku-buku sarta video-video silat. Dina kaayaan ieu katitén yén si tokoh
158
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
téh mangrupa jalma beunghar, beunghar sual harta tapi miskin sual kabébasan jeung
batinna. Anu antukna si tokoh teu bisa ngarasakeun kabagjaan sanajan disakuriling
manéhna aya barang-barang mahal sarta pangabutuh anu teu weléh dicumponan ku
indungna. Latar tempat jeung téma didieu kacida kontrasna pikeun ngabarkeun
suasana anu karandapan ku tokoh utama.
Patalina alur jeung latar dina ieu naskah drama mangrupa sabab-akibat nu aya
hubunganana dina carita sedengkeun latar nya éta kajadian sababaraha kajadian anu
ahirna jadi hiji alur. Ku kituna alur nu aya dina carita bisa dinamis ngaliwatan latar.
Patalina latar jeung tokoh nya éta katembong tina karakter tokoh. Latar didieu
mah taya latar anu jéntré anu ngajelaskeun ngaran patempatanna iwal ti kamar Dora.
latar didieu raket patalina jeung tokoh, sabab latar ieu anu nyababkeun ayana
kahayang si tokoh pikeun kabur atawa nyieun konflik. Kamar anu salila ieu geus
ngungkung Dora anu nyababkeun tokoh utama mibanda konflik. Sacara geografis
kamar mangrupa tempat anu eungap anu taya oksigén pikeun nyeuseup dunya luar.
4.2.1.2 Stuktur Naskah Drama “Manusa Jero Botol”
Naskah drama “Manusa Jero Botol” miboga sababara unsur anu geus dibahas
dina hasil panalungtikan. Ditilik tina struktur naskah dramana, naskah drama ieu
miboga sababarah catétan ngeunaan adegan. Taya pisan adegan anu katitén sacara
jelas anu jadi pangwangun ieu naskah, sedengkeun sakuduna unggal naskah drama
miboga unsur-unsur naskah anu jelas sangkan gampang ditalungtik. Salian ti éta
prolog anu teu pati katitén anu jadi cukang lantaran dina ieu naskah, sakuduna dina
prolog kagambarkeun sacara jelas kaayaan tokoh, ngaran tokohna sarta kabiasaan-
kabiasaan tokoh. Tapi hal ieu salah lantaran pangarang miboga hak pikeun nyieun
pamaca atawa panongton ngilu mikir sangkan bisa manggih maksud sarta pamadegan
ngeunaan adegan dina unggal kajadianna.
Sacara gembleng naskah ieu miboga unsur-unsur naskah drama anu lengkep
sabab ampir sakabéh unsur aya dina naskah ieu iwal ti babak jeung episode. Naskah
drama ieu ngan saukur miboga hiji babak, sabab ti adegan mimiti nepi ka
pamustungan carita, setting anu aya ngan saukur di hiji tempat nya éta kamar Dora.
159
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Dina stuktur tulisanna teu dibéré katerangan ngeunaan babak. Biasana, tandaning hiji
adegan mangrupa pindahna babak, lain waé ditandaan ku robahna setting tempat, tapi
ogé bisa setting waktu. Dina hal ieu, setting waktu memang ngalaman pergantian,
tapi hal éta teu dijelaskeun ku adegan tapi dijelaskeun ku tokoh Asgol salaku narator
atawa panganteur dina ieu carita.
4.2.2 Psikologi Sastra
Tokoh anu miboga aspek psikologi sastra aya opat. Opat tokoh éta miboga
aspék anu rupa-rupa tapi tangtu miboga katilu aspék psikoanalisis nya éta id, ego
jeung superego sabab dina hakékatna, papada jalma pasti miboga tilu aspék éta dina
dirina. Anu ngabédakeunna nya éta unggal jalma miboga aspék anu leuwih dominan
boh aspék id na boh aspék ego na boh aspék superego na. Dina pedaran ieu, opat
tokoh anu geus ditalungtik miboga unsur psikologi nya éta Dora, Mamih, Mardi
jeung Koboy. Tokoh sésana teu dibahas miboga aspék psikologi sabab teu katitén
ayana watek anu némbongkeun yén hiji tokoh miboga aspék psikologi iwal ti opat
tokoh di luhur. Pangarang bisa ngawangun tokoh anu kacida kuatna tina segi id, ego
atawa superego anu satuluyna papada tokoh éta miboga hal anu béda dina
penokohanana. Kahayang Dora anu kuat digambarkeun kalawan jelas dina watek
jeung kaayaan manéhna, kitu deui jeung Mamih. Mamih anu miboga pasipatan nyaah
pisan ka anakna digambarkeun kalawan jelas dina aspék ego jeung superego na.
Tapi dina ngajabarkeun tokoh Koboy jeung Mardi, pangarang teu pati
némboongkeun aspék psikologi tokohna sabab tokoh Mardi jeung Koboy mah lain
tokoh utama. Watek anu némbongkeun aspék psikologina ngan dibahas saeutik.
Aspék psikologi sastra tangtu waé miboga hubungan anu raket patalina jeung
struktur carita naskah drama “Manusa Jero Botol”. Ditilim tina segi tokoh jeung
penokohan, patalina antara watek jeung aspék psikologi sastra kacida kuatna. Dina
naskah drama “Manusa Jero Botol” pangarang ngadadarkeun watek tokoh anu sabada
ditalungtik asup kana aspék psikologi tokoh. Kitu deui hubungan antara latar jeung
psikologi tokoh, hal ieu jelas pisan yén pangarang ngahubungkeun antara latar jeung
160
Tina Warsih, 2017 NASKAH DRAMA “MANUSA JERO BOTOL” SADURAN ROSYID É. ABBY (ULIKAN STRUKTURAL JEUNG PSIKOLOGI SASTRA) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
psikologis. Latar didieu anu nyieun tokoh utama ngarasa bosen anu satuluyna miboga
kahayang anu asup kana aspék id.
Sacara gembleng hubungan antara struktur carita naskah drama jeung
psikologi sastra kacida kuatna sabab aspék psikologi moal aya lamun struktur carita
teu kuat. Sedengkeun pangarang ngadadarkeun unggal strukturna kacida kuatna anu
mangaruhan kana aspék psikologi sastrana ogé jadi kuat. Jadi bisa dicindekkeun yén
aspék psikologi sastra kabantuan ku struktur carita drama, sabab aspék psikologi
moal kaciri kuat lamun penokohan, latar, alur, jeung gaya basa teu kuat. Aspék
psikologi anu aya bakalan hambar atawa manggihan kateumungkinan upamana
struktur naskahna lemah.